Latest Post

Showing posts with label Kang Oni. Show all posts
Showing posts with label Kang Oni. Show all posts

Kang Oni : Ambon Sorangan

Written By Garut Express on Wednesday, May 1, 2013 | 2:20 AM


Ambon Sorangan

"TAH gening. Ari Akang ti mana wae atuh? Minggu kamari teh hanas ditutungguan ku uing. Ehhh... Akangna teu embol-embol!" ceuk Kabayan daria.
"Enya Kang. Euweuh Akang teh asa gimana gituh! Nu puguh mah euweuh nu mere pencerahan. Da ari ngawangkong jeung jalma ieu mah, ukur hambur catur euweuh bukur!" Lamsijan ngembohan, bari ngareret ka Kabayan.

Nu direret langsung molotot.
"Nyeta..., minggu kamari teh loba gawe euy! Palebah geus rada nyalse, ngadadak aya telepun ti Kuwu Asham nitah nepungan. Atuh bius we indit, da bisi aya urusan penting. Numatak uing teu bisa ka dieu!" ceuk Kang Oni bari gek diuk dina bangbarung, gigireun Kabayan.
"Tah..., sok opset Akang mah. Naha teu ngajak uing?" Lamsijan protes.
"Bongan ilaing atuh! Naha waktu ku uing ditelepun, hp ilaing paeh wae!" tembal Kang Oni.
"Leuh aing mah. Gara-gara angeun kacang eta teh!" Lamsijan ngahelas.
"Ke... ke... ke..., naon hubunganna hp jeung angeun kacang, euy?" tanya Kabayan bari kerung.
"Heueuh, apan gara-gara si Itok ngadat rongkah hayang dahar jeung angeun kacang, antukna kapaksa hp teh dijual ka jang Pudin!" Lamsijan ngeceskeun.
"Kacian de lo!" ceuk Kabayan bari nyeukeukeuk.
Kang Oni ukur nyerengeh.

"Aya piobroleun naon cenah Kang, Kuwu Asham teh?" Kabayan panasaran.
"Sagala rupa we. Utamana mah anu aya patalina jeung widang pangajaran," walon Kang Oni.
"Nanyakeun uing teu, Kang?" Lamsijan motongan.
"Asana mah henteu! Ngadon ilaing anu ditanyakeun teh euy, Yan!" ceuk Kang Oni bari ngareret ka Kabayan.
"Naha nya?" Lamsijan semu gondok.
"Ka uing tea atuh..., Kuwu Asham mah tangtu moal mopohokeun. Nanyakeun naon Kang?" ceuk Kabayan bangun nu bungah.
"Heueuh kitu tea we. Ari Kabayan geus cageur ayeuna mah? Kitu cenah!" tembal Kang Oni bari nyerengeh.
"Ha... ha... hah. Parah euy! Mending tong ditanyakeun we ari kitu mah!" Lamsijan mupuas.
Kabayan jamotrot.
"Eta euy, nanyakeun ngaran dulur ilaing anu hayang pindah ngajar tea. Kuwu Asham pohoeun deui ngaranna. Na ari ilaing mihapekeun saha kitu? tanya Kang Oni ka Kabayan.
"Ohhh..., heueuh. Uing teh mihapekeun jang Kardi, salakina nyi Uti. Hayang pindah cenah ngajarna ka dayeuh! Kumaha Kang, Kuwu Asham bisa mangngusahakeun cenah?" Kabayan malik nanya bari nyerengeh deui.

"Rek dititipkeun cenah ka Kang Amud, sugan aya formasina," Kang Oni ngajentrekeun.
Sajongjongan obrolan kapegat ku raungna sora knalpot motor nu ngaliwat ka hareupeun imah Kabayan.
"Info naon Kang nu rada aheng ti Kuwu Asham teh?" tanya Kabayan deui.
"Biasa..., soal rotasi pajabat widang pangajaran," tembal Kang Oni.
"Na kumaha kitu? Bakal diburak?" Lamsijan panasaran.
"Aya cenah nu kudu diganti mah. Ngan wae teu perlu nepi ka ngaburak sagala!" ceuk Kang Oni deui.
"Saha wae cenah, Kang?" Kabayan nyedek.
"Ah..., eta mah urusan Kuwu Asham jeung baperjakat atuh euy! Uing ge teu kungsi maluruh leuwih jauh," ceuk Kang Oni bari ngarenghap sakedapan.

"Ngan edas we, di urang mah teu weleh kitu ngening nya euy...," Kang Oni teu kebat.
"Kitu kumaha, Kang?" Lamsijan motong omongan.
"Heueuh..., teu kaur ngadenge rek aya rotasi, dumadakan loba lauk buruk milu mijah. Arambon sorangan deuih. Malah warani miheulaan baperjakat. Hayoh nyarusun kabinet sewang-sewangan. Meni parede. Asa pang heueuhna we. Jiga nu rek digugu ku Kuwu Asham! tandes Kang Oni.
"Ari sikep Kuwu Asham kumaha?" tanya Kabayan.

"Kuwu Asham mah teu ngahaminan!" ceuk Kang Oni.
"Alus atuh ari kitu mah nya Kang!" Lamsijan ngembohan.
"Enya ku kituna mah. Ngan edas we, jadi uing nu bingung," ceuk Kang Oni bari kerung.
"Naha?" tanya Kabayan deui.

"Nyeta euy. Waktu dina lawang panto uing rek mulang, Kuwu Asham kungsi nyarita. Kieu cenah, 'Cik ari ceuk Akang, kira-kira saha anu payus nempatan jabatan ieu... ieu... jeung ieu?'. Tah kitu pananyana teh euy!" Kang Oni ngebrehkeun.
"Diwalon kumaha ku Akang?" Lamsijan panasaran.

"Urusan eta mah kawenangan Bapa. Uing mah teu perlu dibabawa. Bisi salah, sabab lain ahlina. Pan aya baperjakat, pasrahkeun we ka dinya. Kitu ceuk uing teh," ceuk Kang Oni lempeng.
"Lah... Akang mah. Dibukakeun panto teh lain terus asup. Omongkeun we jang Kardi kitu anu payus teh!" Kabayan manghanjakalkeun.

"Hus! Porno atuh euy eta mah. Kudu sailen atuh ari urusan nu kieu mah!" ceuk Kang Oni.
"Naon sailen teh Kang?" tanya Lamsijan.

"Diterangkeun ge moal ngarti ilaing mah. Geus beurang ah, rek mulang heula," tembal Kang Oni bari cengkat.
"Teuh..., angger. Sok gantung areuyeun ah!" Lamsijan protes.
Kang Oni terus ngabiur. Kabayan anteng sorangan. Kawas keur uleng mikir. Jigana rek milu nyusun kabinet.***

Kang Oni : Samida

Written By Garut Express on Sunday, March 31, 2013 | 5:53 AM


Samida

REUREUH cape tas ngomekeun kenteng imah nu nyarorosod, Kang Oni nyangsaya deukeut lawang panto. Lamsijan nu gadag-gidig mantuan, gancang nunda deui taraje ka pipir imah. Kabayan anteng ngalintingan daun kawung bari sila tutug. Gek Lamsijan diuk gigireun Kabayan.

“Mokaha Garut mah, euy! Di sakuliah nagri urang mah, ngan Kabupaten Garut nu kungsi nyieun sajarah anyar. Milu mieling Hari Film Nasional! Hanjakal we ngabuntu laku. Kakara sakali-kalina, basa taun 2010,” omong Kabayan muka carita.

“Ah eta mah, urusan para selebritis jeung inohong perfilman atuh. Naha urang bet kudu pipilueun sagala…?” walon Lamsijan lempeng.

“Tah pamanggih ilaing model kitu, nu nyaliara keneh di sawatara pejabat kabupaten oge, euy!  Teu malire kana sajarah. Apriori nu kitu teh, euy!” tempas Kabayan panceg.

“Heueuh naon urusanana urang daerah mieling Hari Film Nasional? Keun we eta mah urusan insan selebritis. Urusan bentang film, jeung artis sinetron!” walon Lamsijan ngabedasan.

“Sidik keur Garut mah sejen deui, euy! Apan Garut mah mibanda historis panjang dina widang film nasional,” ceuk Kabayan beuki tandes.

“Kutan…! Kanyaho uing mah, Hari Film Nasional teh mieling ngadegna perfilman ku yasana almarhum H Usmar Ismail saparakanca. Titimangsana tina ngamimitian suting film ‘Darah Dan Doa’. 30 Maret 1950,”  Lamsijan teger.

“Taaah.., keur hade sinyalna, Kang!” Kabayan gancang nyempalan, muji kana pamanggih Lamsijan.
“Mokaha boga kanyaho sakitu ge, euy!. Bener kitu pisan dumasar kana sajarahna mah, tapi sajeroning eta Garut geus ngembangan riwayatna,” Kang Oni mairan. Lamsijan saharita ngahuleng.

“Uing mah sok inget ka jenatna Pa Haji Arman Effendy, euy! Dina jaman hesena jadi bentang film, Garut kaceluk ku ayana Pa Arman makalangan dina film ‘Anak-Anak Revolusi’ taun 1964,” ceuk Kabayan nganteur panyawangna.

“Aeh heueuh, euy Urang teh kungsi mibanda aktor film legendaris, nya! Tina biduan orkes ‘Dendang Kelana’, ngajaul jadi bentang film kawentar,” ceuk Lamsijan reueus.

“Puguh dina widang kaartisan film mah, Garut teh euyeub nepi ka kiwari. Meh taya surudna. Merul makalangan dina televisi. Tapi balarea mah taya nu nyaho, yen urang Garut ge aya nu makalangan jadi juru kamera film.kawentar!” tempas Kang Oni.
“Saha kitu, Kang?” Lamsijan curinghak.

“Almarhum Raden Husein! Kameraman ti mangsa kajayaan NV ‘Perfini’ nu dikokolakeun ku Usmar Ismail tea. Eta teh pituin urang Cimasuk!” omong Kang Oni tandes.
“Kawasna moal kaitung kaartisan terah Garut, nu makalangan nepi ka kiwari, nya euy?” ceuk Lamsijan malik ka Kabayan.

“Heueuh, ngaberesetna mah, euy! Tapi nu panceg mah entragan jaman katukang we, sabab eta profesina geus permanen. Lain nu midang ti jaman sinetron ‘streaping’…Kakara nengtet ge dina sinetron, geus disebut aktor jeung aktris!” Kabayan seuri koneng.

“Mistina mah Saptu kamari teh urang ka Selaawi, euy!” omong Kang Oni.
“Aya naon ka Selaawi, Kang?” Lamsijan olohok.

“Apan Hari Film Nasional di Garut mah, dipuseurkeun di Selaawi! Komo mun dihadiran ku para inohong katut bentang film kawentar mah, tinangtu Garut baris nguatan kana sajarah anyarna,” omong Kang Oni.
Lamsijan nyeuleukeuteuk seuri.

“Naha ilaing bet seuri, euy?” Kabayan nyorongot.

“Teu salah eta teh? Apan nu kariaan teh insan perfilman ti puseur dayeuh, tapi naha diayakeunana bet di pakampungan!”  Lamsijan ngahuleng. Teu lila, pok deui nanya  “Kumaha sajarahna…?”
“Taun 1947 basa Selaawi masih jadi bawahan Kacamatan Limbangan, aya wanita nu milu bajoang marengan Kapten Edi Endang carogena. Eta kumendan pasukan gerilya nu kaceluk ganteng teh, nemahan pati. Perlaya ditawan ku gorombolan pangacow kaamanan,“ omong Kang Oni.

“Tangtu jasadna di Makam Pahlawan atuh, Kang!” Lamsijan nempasan.
“Nu matak nepi ka kiwari, jasad Kapen Edi teh teu kapaluruh. Teuing di mana! Bejana mah diasupkeun kana karanjang awi, dicehcer ku congo bedil, terus dialungkeun ka walungan Cimanuk nu keur meujeuhna ngagulidag” Kang Oni ngaguar pamanggihna deui. 

“Astagfirullohal adzim…! Emh aya ku telenges kitu nya, Kang?” Sora Lamsijan meh teu kadenge. “Ke.., ari bojona teh urang Selaawi?” pokna deui.

“Urang Bandung! Ilaing ge apal ka almarhumah Sofia WD tea!” tempas Kabayan.
“Eta mah bentang film kakoncara, euy!” Lamsijan curinghak.    

“Heueuh..! Heuleut sataun ti basa gerilya di Limbangan, Sofia makalangan maen film. Judulna, ‘Air Mata Mengalir di Tjitaroem’! Saur jenatna Pa Rustama nu kungsi jeneng Ketua DPRD Garut, eta lalakon filmna badis nu kaalaman ku Sofia di Limbangan,” Kabayan ngajentrekeun.
“Naha bet nyambung ka Pa Rustama sagala, Kang?” Lamsijan olohok.

“Apan Pa Rustama kungsi jadi anak buah Kapten Edi. Babarengan gerilya di Limbangan” walon Kang Oni. Lamsijan manggut-manggut. 

“Matak uing mah dek usul ka Kang Aham, nu pituin urang Limbangan. Cing atuh tarekahan ngawangun monument juang di Samida, euy! Minangka pangajen keur para pajoang, nu perlaya di Garut Kaler,” omong Kabayan.

“Lain aya Monuman Juang di Selaawi, tea!” ceuk Lamsijan.
“Eta teh tacan nyumponan kana kahayang Bu Sofia! Basa jumeneng keneh, Bu Sofi midangdam pisan kana ayana monumen juang di Kampung Cibungur, Desa Samida. Tempat nu jadi saksi perlayana Kapten Edi,” ceuk Kabayan.

“Enya geura usulkeun ka Kang Aham atuh! Uing siap jadi pemborongna. Lumayan we!” Lamsijan haripeut naker.

“Ih baku ilaing mah! Jadi hoream neruskeunana,” Kabayan ngabalieur. Kang Oni ukur keom. ***

Kang Oni : Agus Katilu

Written By Garut Express on Saturday, March 16, 2013 | 8:29 PM


Agus Katilu

SABRAYNA tina lawang panto imah. Kang Oni diuk ngangunjar. Reureuh meupeuskeun kacape tas napak tilas, ti puseur Limbangan ka Garut. Lamsijan ngagelendut cumarita, bari mencetan suku Kang Oni. Kabayan anteng neuteup lalangit. Nangkarak bengkang. Ngabugigag.
“Uing mah asa lieur ngabandunganana, euy!” omong Lamsijan.
“Puguh hoream ku jaman kiwari mah. Lalampahan ka Bandung teh, teu weleh macet jeung banjir. Teu tumaninah di jalanna. Hayang geura nepi we!” Kabayan gancang nempas. Kang Oni nyerengeh.
“Saha nu rek nyaba ka Bandung? Salah kabel atuh ilaing mah. Lain sual lalampahan ka Bandung, tapi bab ngabandungan,” ceuk KangOni
“Ngahaja meh teu bosen, Kang! Ulah ngabandungan wae, matak naon mun ngabogoran, atawa ngabantenan? Naha ilaing lieur kunaon?” Kabayan ngareret ka Lamsijan.
“Ti mana atuh sabenerna ngitung runtuyan Bupati Kabupaten Garut teh? Nepi ka kiwari uing mah sok pasalia wae jeung batur! Uing hayang nu akurat!” walon Lamsijan saregep.
“Ari ilaing mun milang sok ti angka opat?” Kang Oni nyempalan.
“Nya galib we jeung batur! Ti angka hiji, Kang,” Lamsijan keom.
“Heueuh sarua we. Runtuyan Bupati Garut ge ti nu kahiji heula,” Kang Oni negeskeun. Gep leungeunna ngarawel pisin, nu dieusi balur beas kencur. Rap dibalurkeun kana kadua buah bitisna.
“Puguh eta nu matak jangar teh,” Lamsijan wangun humandeuar.
“Jangar kunaon, euy?” tempas Kabayan.
“Balarea urang Garut ge papada nyaho, yen Bupati Garut munggaran teh R Aria Adipati Adiwidjaya. Tapi naha ngaran RAA Soeria Kartalegawa oge, sok disebut Bupati Garut munggaran? Jadi nu munggaran bet aya dua?” Lamsijan ngahuleng. Ret ka Kang Oni, terus ka Kabayan.
“Heueuh RAA Soeria Kartalegawa eyangna aktor film kawentar almarhum Dicky Zulkarnaen teh, Bupati Garut munggaran saprak Kabupaten Limbangan dilebur jadi Kabupaten Garut. Ari RAA Adiwijaya mah diitung ti jaman Garut masih jadi Kabupaten Limbangan keneh,” Kabayan ngajentrekeun.
“Oooh.., ari kitu mah, teu salah mun uing nyebut Bupati Garut munggaran teh RAA Soeria Kartalegawa!” Lamsijan manggut-manggut.
“Enya napak kana sajarah mimiti dina pamarentahan Kabupaten Garut mah, sabenerna nu munggaran teh Soeria Kartalegawa. Tapi nu ilahar diitung mah, ti mimiti Kabupaten Garut nelah Kabupaten Limbangan keneh,” Kang Oni milu nguatan.
“Kaharti mun remen gejlog dina runtuyan sajarah Bupati Garut, sabab gumantung ti mana mimiti ngitungna. Teu kudu lieur!” ceuk Kang Oni deui.
“Ngan mun karasa lieur keneh, kudu gancang muntang…Gek heula diuk! Ulah maksakeun terus leumpang. Sabab bakal titotolonjong. Antukna tikusruk!” Kabayan nyempalan bari nyerengeh.
 “Uing mah muji ka ilaing,” ceuk Kang Oni.
“Naon pujieunana, Kang?” Lamsijan curinghak. Irungna rada kembung.
”Enya ge bodo, tapi alewoh! Ilaing mah daek tetelepek. Tatanya. Keun ari ‘ko-be’ kokolot begog mah, hampuraeun! Anggap tukang maen bal, nu hayoh we kasenteg opset,” walon Kang Oni seuri koneng. Lamsijan kalah ngahuleng. Bulak-balik ngitungan ramona. 
“Ngitung naon, euy..? Mani uleng kitu?” Kabayan heraneun.
“Jadi Agus Hamdani teh Bupati Garut ka-26, nya?” omong Lamsijan.
“Heueuh, diitung ti jaman Kabupaten Limbangan keneh,” ceuk Kabayan.
“Mun ti ngadegna Kabupaten Garut?” Lamsijan nyedek.
“Ah.. ukur kacek opat! Itung we sorangan,” Kabayan ngabalieus.
“Kawasna kuat ku sajarah. Behna mah kiwari nyorang deui kana sajarah Garut baheula. Garut dibupatian ku terah Limbangan,” omong Lamsijan.
“Baheula oge kungsi aya! Ir Hasan Wirahadikusumah, terah Limbangan,” tempas Kang Oni paceg.
“Enya, ngan nu ayeuna minangka urang Limbangan pituin, euy!” Kabayan gancang mairan. “Cukang lantaranana mah kumaha we! Saha nu nyangka atuh Dicky Chandra mundur tina Wakil Bupati Garut. Horeng, eta jalanna keur Agus Hamdani jadi gagantina. Ger deuih Aceng HM Fikry lengser! Bray we panto karir Agus Hamdani mesat! Makalangan jadi Bupati Garut, sanajan nyerepan sajero 10 bulan oge,” omongna deui.
“Sidik pisan Garut mah sejen ti nu lian. Kiwari ngalaman deui dipingpin ku ngaran Agus. Dua Agus samemehna, papada sarua teu cacap tugasna. Kaburu lengser tina jabatanana. Nu katilu ukur 10 bulan, tapi sejen deui caritana. Lain lengser,  tapi ngeusian sesa masa jabatan Aceng Fikri,” omong Kang Oni.
“Tah ilaing mah saksi sajarah! Tangtu nyaho, naon pangna Tumenggung Agus Padmanagara ngan sataun mancen Bupati Garut?” ceuk Lamsijan ka Kabayan.
“Kasus Agus Padmanagara mah patula-patalina jeung sual harkat menak. Bubuhan dina jaman feodal, gelar menak teh luhur harkatna. Teuing kumaha mimitina, cenah pamarentah Walanda cangcaya kana gelar menak eta bupati,” Kabayan saregep naker.
“Tah rada caang sakitu ge, euy!” Kang Oni mesem.
“Eta nu kapanggih ku almarhum RS Affandie Djayadiningrat, nu leuwih nelah Aom Emon tea! Seniman Sunda teureuh menak, nu kungsi jadi Kepala DPUK Garut. Uing nimu raratan Agus Padmanagara teh, ti Kang Iyus Suhata, wartawan ‘Antara’ manten di Garut! Sakitu-kituna we,” Kabayan wakca.
“Cindekna mah rek diitung ti mimiti Kabupaten Limbangan, atawa geus jadi Kabupaten Garut ge, Agus Hamdani mah tetep Agus katilu dina runtuyan Bupati Garut,” Kang Oni mungkas carita.
“Nya heueuh atuh, Kang…!” Lamsijan jeung Kabayan seuri koneng.***

Kang Oni : Sawelas

Written By Garut Express on Thursday, March 14, 2013 | 6:24 PM


S a w e l a s

TALI bandera beureum bodas dicangreudkeun kana awi saleunjeur. Ised handap saeutik tina congona. Ceb awina ditanclebkeun di buruan imah. Rengse masang bandera, ‘Kang Oni naksir kuat ka dungdak-dengdek. Hiliwir angin siga nyapuan dapuran awi. Bandera ge nyawaan. Oyag gegeleberan, badis lambak sagara pakidulan. ‘Kang Oni mesem bari manggut. Kabayan jeung Lamsijan nu nyerangkeun ti kajauhan, ngadadak ringah-ringeuh.
“Moal Si Akang teh ngalindur mah? Kakara ge bulan Maret…! Lila keneh Agustusan mah” Kabayan ngareret ka Lamsijan, nu sarua olohok. Tapi sobatna teu malire. Ngabetem kebek ku pananya. Kabayan gancang muru ‘Kang Oni.
“Naha masang bandera, ‘Kang? Mieling naon?” Kabayan langsung nanya, ‘Kang Oni ukur mesem. Teu gancang ngawalon.
“Tanggal sabaraha ayeuna teh, euy?” ‘Kang Oni malik nanya.
“Sawelas Maret, ‘Kang!” tembal Kabayan.
“Ooooh… mieling ’Supersemar’! Peristiwa ‘Surat Perintah Sebelas Maret’ tea” Lamsijan nu nuturkeun sobatna curinghak. ‘Kang Oni kalahka seuri.
“Eta mah di jaman Orde Baru atuh, euy! Sabenerna bulan Maret euyeub ku peristiwa kasajarahan” omong ‘Kang Oni. Kabayan ngahuleng.
“Uing jadi inget ka ngaran Komarudin, ‘Kang!” ceuk Kabayan.
“Serdadu urang Korea tea? Disangka urang Jepang, nu ngagabung jeung pasukan pejoang di Garut, nya?” omong Lamsijan panceg.
“Lain Komarudin eta …!” Kabayan nempas.
“Ih.., naha uing bet numbuk di salah we!” Lamsijan semu kuraweud.
“Uing mah Komarudin pejoang, nu salah ngitung waktu! Miheulaan mere komando nyerang musuh basa ‘Serangan Umum’! Ger pertempuran rongkah di Jogyakarta…” Kabayan ngungkab sajarah revolusi.
“Heueuh lalakon dina film ‘Janur’!” ‘Kang Oni nempasan.
“Film ‘Janur’..? Euleuh, pelatih Persib maen film, ‘Kang?” Lamsijan olohok deui. ‘Kang Oni gogodeg bari seuri.
“Geus salah deui wae ilaing mah! Janur eta mah singgetan ngaran Jajang Nurjaman. Bentang sepakbola mangsa katukang. Maksud uing mah, film ‘Janur Kuning’..” tandes ‘Kang Oni semu keom.
“Salah Akang atuh! Mere informasi sapotong-sapotong, jadi uing nyasab kana Persib!” Lamsijan seuri koneng.
“Panyana uing mah ilaing geus surti! Teuing saha nu jadi ‘Komarudin’ teh! Lain bentang kawentar, tapi sieup pisan maenna..” ceuk ‘Kang Oni.
“Amak Baljun ngaranna teh, ‘Kang! Tina film eta, manehna pinilih ‘Aktor Harapan’ di Festival Film Indonesia taun 1980 di Semarang” walon Kabayan. “Tapi nu ngaguar peristiwa di Jogya teh, lain ‘Janur Kuning’ wungkul. Baheula oge, kungsi aya film ‘Serangan Oemoem’..” pokna deui.
“Tuh geuning.., ilaing apal nepi ka lebah dinya! Dumasar kana sajarah mah, pas 11 Maret pisan kajadian Serangan Umum teh. Nu matak uing masang bandera, keur mieling kana jasa para pahlawan..” omong ‘Kang Oni.
“Eta mah peristiwa nasional, ‘Kang! Ari di urang, aya peristiwa gede nu kajadianana sarua bulan Maret..?” Lamsijan panasaran.
“Puguh we…! Apan bareto mah saban 17 Maret, urang mieling milangkala Garut teh. Ti taun 1982 nepi ka taun 2011” tembal ‘Kang Oni.
“Aeh heueuh nya! Ayeuna mah saban 16 Pebruari. Naha bet gunta-ganti pananggalan milangkala teh, ‘Kang..?” Lamsijan ngahuleng.
“Cenah mah hasil panalungtikan nu leuwih akurat, ti para ahli sajarah. Teu nanaon, satungtung bener ngalempengkeun sajarah. Samemeh 17 Maret oge, apan kungsi dipieling saban 15 September!” ‘Kang Oni ngajentrekeun.
“Tah uing inget keneh, basa 15 September mah! Harita teh rea nu nuding, pajarkeun sarua hartina mieling ngadegna Jambatan Cimanuk di Leuwidaun” Lamsijan nyerengeh.
“Sidik teu gampang nangtukeun pananggalan dina kasajarahan teh. Matak teu kudu heran, mun gunta-ganti teh. Tinangtu kabeh oge, hasil panalungtikan para ahlina” omong Kang Oni.
“Aya deui peristiwa bulan Maret nu matak geunjleung, ‘Kang” Kabayan nyempalan. Saharita ‘Kang Oni kerung.
“Bupati Garut lengser..?” tempas Lamsijan.
“Heueuh numbuk di salah ilaing mah, euy!” Kabayan seuri.
“Peristiwa naon kitu..?” Lamsijan gancang nyureng.
“Moal kahontal ku ilaing mah, sabab patula-patalina jeung dunia selebritis” ceuk Kabayan rada legeg. ’Kang Oni katinggali saregep.
“Nyaho uing ge! Moal salah ieu mah. Hari Film Nasional, nya? 30 Maret.?” Lamsijan panceg naker. Kabayan gideug. Ngadadak Lamsijan ngahuleng deui.
“Geus we cicing ilaing mah. Sinyalna keur surem, euy!” ceuk Kabayan.
“Peristiwa geunjleung..? Naon tea, nya..?” ‘Kang Oni panasaran.
 “Geunjleung lain dikieuna! Jero taun 1995, sawelas artis Indonesia tilar dunya!” Kabayan tandes. ‘Kang Oni jeung Lamsijan curinghak.
“Aeh heueuh, euy…! Sawelas artis.! Poho deui uing mah” ceuk ‘Kang Oni.
“Mimitina ge bulan Maret, aktor film Dicky Zulkarnaen tilar dunya. Geletuk teh ‘Si Eneng’ Nike Ardilla, ditema ku Tarida Gloria, Hans Panbers, Louis Nicky Zullu; sutradara Arifien C Noer, Djadjat Paramor, Andy Liani, Abiem Ngesti, terus Poppy Mercury, dipungkas ku H Benyamin S” omong Kabayan marengan ngitung ramona. ‘Kang Oni ngabetem. Lalaunan manggut-manggut.
“Kunaon ngahuleng, ‘Kang.? Turunkeun we atuh banderana jadi satengah tihang. Tanda belasungkawa...!” Lamsijan ngareret ka ‘Kang Oni.
“Heueuh mun keur pahlawan nasional mah!” walon Kang Oni bari ngareret ka lebah bandera pusaka, nu anteng ngageleber katebak angin.
“Kumaha mun tiluparapat tihang..?” Lamsijan ngolongan.
“Ih..., mending turunkeun kabeh sakalian!” ‘Kang Oni teu kireum-kireum.
“Naha bet kabeh...?” Lamsijan olohok.
“Pras-pris, euy...! Hujan.. Lebar bandera weuteuh kahujanan...!” ‘Kang Oni gancang nyabut deui tihang banderana. Kabayan ngusek seuri. Wangun suka, ninggali sobatna kacemes. Hujan nambah kerep. Kang Oni jongjon nilepan deui kaen bandera beureum bodasna ***

Nyekar

Written By Garut Express on Wednesday, February 20, 2013 | 7:21 PM

Nyekar

BALIK nyekar ti Cipeujeuh. Poe moreret. Langit bengras. Lenglang taya aling-aling. Tapi Kang Oni leumpang bangun rusuh. Ngagedig. Kabayan jeung Lamsijan oge kapaksa gura-giru. Lengkahna marengan Kang Oni. Miheulaan aleutan jalma, nu papada milu ngahadiran acara tradisi taunan. Ngalaksanakeun budaya nyekar ka makam (alm) R Aria Adipati Adiwijaya. Dalem Cipeujeuh tea. Eta minangka pangajen ka Bupati Garut, dina mieling milangkala Garut ka dua abad.

“Naha bet kudu rurusuhan, Kang?” Lamsijan ngudag lengkah Kang Oni.

“Dug-cur ayeuna mah, euy! Mangkaning moe pare!” tembal Kang Oni.

“Ah.. poe sakieu hadena! Peupeuriheun keur ngecrek hujan, urang teu bisa ingkah ti imah,” omong Lamsijan murukusunu.

“Meh gancang bisa reureuh di Alun-Alun we atuh!” Kang Oni ngareret. Lamsijan jeung Kabayan bati nyerengeh. Teu puruneun deui nembal. Barang srog nepi ka tujuan, Kang Oni ngajak nyendol di juru Alun-alun. Gek tiluanana ngadon reureuh di handapeun sorodoy tukang cendol. Teu nunggu dikomando deui, leguk Lamsijan nguyup cendol, kuat ka ledisna.

“Kakara ayeuna uing mah milu nyekar teh, euy!” Lamsijan marahmay bari nyusutan biwirna, nu rambay ku kalapa meunang marud.

“Mokaha we ilaing mah,” Kabayan ngengklokan.

“Wah, naha make mokaha sagala?” tempas Lamsijan.

“Tacan karuhan kabeh warga nyaho, euy! Pagawe Desa Jeruk Purut wae, biheung teuing,” tandes Kabayan.

“Enya ilaing mah mokaha! Nu sejen mah karereanana lebeng teu nyaho. Tong boro kungsi milu nadran, teu apaleun ka lebah makamna acan..” Kang Oni nguatan deui.

“Teu kaharti uing mah! Naha nyekar teh ukur ka Cipeujeuh wungkul, apan rea dalem sejenna nu kungsi mingpin Garut”  Lamsijan ngahuleng.

“Lain maksud nadran ka makam bupati manten ieu mah, tapi pangajen dina mieling sajarah ngadegna Kabupaten Garut, nu dumasar kana momentum” omong Kabayan teger.

“Momentum? Lain kabeh dalem baheula teh geus papada ‘momentum’, euy?” Lamsijan ngahuleng deui.

“Tah.., bola geus mimiti kusut deui, Kang!” Kabayan nyerengeh. Lamsijan masih olohok keneh.

“Aya-aya wae ilaing mah! Tong disaruakeun atuh ‘momentum’ jeung ‘in-memoriam’,” ceuk Kang Oni semu keom.

“Tah enya ‘in-memoriam’! Puguh uing mah sok saru wae, euy!” Lamsijan seuri koneng.

“’Momentum’ mah titimangsa kasajarahan… Mun ‘in-memoriam’, ngaguar katineung ka nu geus taya dikieuna” Kang Oni gancang nempas.

“Dumasar kana sajarahna, basa ngabaladah lapak anyar nu kiwari jadi dayeuh Garut teh, dipingpin ku RAA Adiwijaya. Harita mah Bupati Limbangan keneh,” Kabayan ngaguar riwayat.

“Oooh.., panyana teh pedah makam Bupati Garut, nu aya di Cipeujeuh”

ceuk Lamsijan bari terus ngahuleng.

“Sidik euy.! Nu ngaran jasa mah manjang tur baris dipieling ku balarea. Saha wae pejabat nu neundeun jasa monumental, tinangtu baris meunang pangajen. Nadran teh pangajen. Mieling kana jasana,” omong Kang Oni, rengse babayar cendol.

“Heueuh nya..! Saban nalungtik kaaslian wangunan Babancong wae, teu weleh kasabit ngaran Bupati Garut nu ngaruksak kaaslian wangunanana,” ceuk Lamsijan, bari nuturkeun Kang Oni ngadeukeutan Babancong.

“Asa teu nyambung lebah dinya mah, euy!” Kabayan rada kerung.

“Maksud teh, hade goreng oge sarua papada manjangkeun carita,” sora Lamsijan ngadadak ngabedasan. Keuheul, dianggap teu nyambung.

“Tah air kitu onaman merenah, euy! Uing mah ngalaman motret, basa Babancong dipugar teh,” ceuk Kang Oni wangun reueus.

“Taun sabaraha, Kang?” Kabayan curinghak.

“Asa cik keneh, euy! Taun 1984. Bulan Nopember kapareumnakeun,” tembal Kang Oni.

“Akang kungsi nyarek?” Lamsijan nempas.

“Ih teu wasa atuh, da uing mah sakadar rahayat. Tapi harita oge kungsi saheng, ngaliarkeun pacengkadan dina koran-koran. Malah cenah, rek digugat ku bagian kapurbakalaan. Behna mah jempling nepi ka kiwari oge,” Kang Oni mulangkeun katineung. Neuteup wangunan Babancong wanda sejen.

“Eta teh niat hade, teu salawasna jadi kahadean,” Kabayan mairan.

“Naon maksudna?” Lamsijan gancang nembal.

“Cenah mah ngahaja wangunan Babancong nu jangkung teh dihandapan! Maksud juragan bupati mah, sangkan eta wangunan kuno ulah titinggal sajarah taya purieunana. Nya dipendekkan, malar bisa jadi mimbar pidato dina upacara kanagaraan atawa pamarentahan.. Enya oge mangpaat, tapi dina sual kaaslian sajarah mah, moal weleh goreng kasebutna,” Kabayan medar pamanggihna.

“Ari puguh mangpaatna mah, urang kudu mieling atuh ka eta bupati teh,” Lamsijan rada kokolot begog.

“Kumaha pamanggih ilaing, euy?” Kang Oni mesem, malik ka Kabayan.

“Puguh we dipieling mah,” walon Kabayan.

“Iraha mimitina?” Lamsijan haripeut.

“Jaga…! Mun aya acara mieling Babancong,” Kabayan ngabalieus. Kang Oni nyalakatak seuri. Lamsijan bati jamedud ***

Kang Oni : Wartawan

Written By Garut Express on Sunday, February 3, 2013 | 7:49 PM



Wartawan

     Teu kalis ku sakali. Gep deui leungeun ‘Kang Oni kana pulpen. Karepna nyoretan konsep sambutan, nu dianggapna kurang merenah keneh. Sakedapan ‘Kang Oni ngahuleng. Kabayan jeung Lamsijan ukur silireret. Ngantep ‘Kang Oni nu uleng mikir. Ngope sambutan minangka wawakil ti balarea, dina raraga mieling milangkala Hari Pers Nasional. Kitu ge bane we diperedih ku panitiana.
     “Paingan ceuk Si Samid. Sakeudeung deui bakal riweuh ku pagawean. Kudu ngasruk ka saban desa, nu baris narima bantuan dana ti propinsi” omong Lamsijan daria naker. ‘Kang Oni kabengbat. Cul ninggalkeun kopeanana.
     “Naha cekel gawe naon Samid teh, euy?” ceuk ‘Kang Oni helokeun. 
     “Apan ayeuna mah gaya, ‘Kang! Manehna jadi wartawan.” walon Lamsijan bari metakeun rigig sobatna. Pepedengklengan. Kabayan ngadadak curinghak. tapi ‘Kang Oni mah bati mesem.
     “Naon urusanana wartawan kudu ngasruk ka saban desa sagala? Naha bet pipilueun riweuh kana pembagian bantuan proprinsi?” tempas Kabayan rada nyureng. Teu panuju kana lampah model kitu.
     “Samistina ari dek nalungtik mah. Bisi aya desa nu ngalarapkeun bantuan, nu teu loyog jeung aturan ti pamarentah. Tapi mun maksudna pasalia tina tugas mah, hartina ngarumpak kana aturan propesi. Nu kitu, nu dilarang teh..” ‘Kang Oni ngalempengkeun pasualan.
     “Ah teuing dek nalungtik, teuing dek naon, ngan ceuk Si Samid mah bakal panen we.. Nu matak sabenerna ti baheula uing mah hayang jadi wartawan teh” tembal Lamsijan. Teu kiceup, teu peureudeuy. Saharita Kabayan nyerengeh.
     “Ilaing geus boga modal naon..?” ceuk Kabayan.
     “Naha kawas nu rek dagang, make kudu boga modal sagala…?” Lamsijan gancang nempas.
     “Nya heueuh atuh..! Naon rupa gawe ge kudu ngabogaan modal, nu bisa nyumponan kana widangna” walon Kabayan. ‘Kang Oni manggut-manggut.
     “Ah.., imposibel, euy! Geuning Si Samid bisa ujug-ujug jeneng wartawan. Manehna ge ngajakan uing, urang jadi wartawan, cenah. Gawe enteng. Gajihna ngalir saban poe. Cur-cor ti ditu, ti dieu…!” Lamsijan gede hate.
     “Ngimpi nu kitu mah, euy! Eta oge nu kasebut informasi sesat teh… “ sora Kabayan rada ngabedasan.
     “Teuing uing mah…! Behna ge Si Samid bisa hirup sugih. Padahal tadina luntang-lantung teu puguh pakasaban… Ayeuna mah gaya! Pakaian gandang, dikacamata, mawa kamera, make motor.. Lah geus we, teu kasilih ku pangkat pagawe kantoran” Lamsjian ngagulkeun sobatna.
     “Cekel gawena ti media naon, euy…?” ceuk ‘Kang Oni.
     “Nya ti media massa we, ‘Kang….!” tembal Lamsijan.
     “Kudu puguh atuh. Ti media cetak atawa media elektronik? Mun ti media cetak, ti koran atawa majalah naon? Ti media elektronik, ti radio mana atawa televisi mana…?” ‘Kang Oni nandeskeun.
     “Ke atuh urang tanyakeun heula nya.. Wayah kieu mah manehna tacan aya di imahna. Cenah, biasana keur sibuk keneh di lapangan” ceuk Lamsijan.
     “Jadi ilaing teu nyaho mediana?” Kabayan nyempalan.
     “Uing mah nyaho soteh wartawan we..” Lamsijan semu keuheul.
     “Naon buktina…?” Kabayan teu eleh nyureng.
     “Apan nyakuan kartu wartawan, euy!” Lamsijan semu nyegag.
     “Heueuh.., ti media mana…?” ‘Kang Oni nyedek deui.
     “Ah teuing atuh lebah media mah!” Lamsijan ngahuleng.
     “Apan ditulis dina kartu wartawanna…” ‘Kang Oni nyerengeh.
     “Puguh teu kungsi ditengetan, ‘Kang! Nenjo teh ukur sajorelat we. Sidik aya potret manehna. Make dasi… Pokona mah gaya!” tembal Lamsijan.
     “Tanyakeun deuih ku ilaing, ti organisasi naon? Ayeuna mah wartawan teh rea organisasina. Aya beungkeutanana nu resmi. Lain PWI wungkul!” Kabayan milu nandeskeun.
     “Naon gunana uing kudu nyaho sagala?” Lamsijan nyorongot.
     “Ih ulah lalawora…! Mun akon-akon wungkul ngaku wartawan, bari teu kacatet dina organisasina, bisa kajiret ku hukum. Komo mun codeka kana profesina mah. Ulah pedah ngarasa wartawan, terus bisa milampah sakarepna” omong ‘Kang Oni leuwih tandes.
     “Ceuk uing ge, ulah haripeut ku teuteureuyeun…Kudu puguh heula sagala rupana. Matak uing nanya, ilaing geus boga modal naon?” ceuk Kabayan.
     “Lebah modal mah, rumasa uing teh jalmi nyondong. Nyampak we saban poe di imah. Teu boga harta pakaya…Naha kudu sabaraha waragadna, euy?” Lamsijan wangun leuleuy.
     “Uing teu nanya gedena, tapi naon modalna, euy? Cohagna, boga kabisa naon? Ilaing ukur bisa maca jeung nulis, lain?” omong Kabayan sajeplakna.
     “Nyaaa.., taram-taram mah bisa. Ngan sakapeung kapaksa kudu ngejah heula…” Lamsijan balaham-belehem.
     “Hampuran, euy..! Pangkat ilaing masih keneh di bawah garis kebodohan keneh atuh..! Kudu ngelmuan heula propesina. Tah eta modal utama mah” ceuk Kabayan panceg. Sakedapan Lamsijan ngahuleng.
     “Uing teu boga hak jadi wartawan atuh?” Lamsijan ngaheruk.
      “Ih eta mah hak semua orang! Tapi kudu jeung elmuna” omong Kabayan meperan karep sobatna. “Mun teu dibarengan ku elmuna, tinangtu balukarna talag-tolog. Teu wawuh jeung aturan samistina…” pokna deui.
     “Heup heula, euy! Tah eta hade keur bahan konsep uing. Merenah.” ‘Kang Oni gancang ngajengkat. Ngadeluk deui neruskeun kopean sambutan. Puguh, Kabayan jeung Lamsjian olohok. ***

Kang Oni : Tibalik

Written By Garut Express on Tuesday, January 22, 2013 | 5:26 PM






Tibalik

Wanci Ashar, hujan kakara raat. Kabayan lunga-lengo di hareupeun imah ‘Kang Oni. Kurunyung Lamsijan ti handapeun dapuran awi. Buukna kulimis, balas kahujanan. Maranehna boga karep dek nanyakeun kaayaan kota Jakarta, nu kabejakeun kairig caah nepi ka sabudeureun pakotaan.

“Palangsiang Kang Oni kahujanan, euy!” ceuk Lamsijan ngemu kamelang.
“Si Akang mah moal kahujanan atuh…!” tempas Kabayan tandes.
“Moal kumaha ari ilaing? Apan ti tatadi hujan sakitu gedena” Lamsijan ngawalonna rada nyorongot. Kabayan kalahka nyenghel.
“Heueuh hujan soteh mun di luar! Nu leumpang atawa make motor, tangtu rancucut. Apan ‘Kang Oni mah make mobil… Teu bocor-bocor acan dina mobil mah..” Kabayan nyerengeh. Sakedapan Lamsijan jamotrot.
“Siga bener, tapi salah ilaing teh…” ceuk Lamsijan.
“Lebah mana salahna…?” Kabayan gancang nyegag.

“Nu leumpang atawa kana motor oge, sarua we moal kahujanan..” tembal Lamsijan teu euleum-euleum.
“Ngaco ilaing mah…! Naha bet sarua sagala? Asa ku mararodel teuing…” Kabayan ngadadak kerung.
“Apan maranehna ngariuhan heula dina emper” Lamsijan males omongan sobatna bari seuri. Tapi Kabayan teu beakeun akal. Manehna masih bisa keneh nempas.

“Leuheung mun aya keneh emper nu kosong..! Di Pengkolan wae sakitu gegekna ku padagang.. Teu bisa deui hayang leumpang tumaninah teh. Heurin usik-usik acan. Teu weleh duk-dek we.. Kalan-kalan gudir jeung wanoja!” walon Kabayan.

“Ah naha make teu bisa.. ? Ari ukur kahayang mah, ayeuna oge bisa. Pek we ngalamun...” Lamsijan tanagaan. Kabayan seuri koneng.

“Heueuh bener, euy! Keur hade sinyalna otak ilaing yeuh..” Kabayan muji kana pamanggih sobatna.
“Lamsijan gitu loh…!” ceuk Lamsijan rada legeg.

“Emh.., pilakadar sakitu wae mani sombong! Enya ngalarapkeun basa teh kudu tarapti, uey. Mun asal ngangah, balukarna bakal kawas pasualan hukum di urang. Nu bener bisa salah. Nu salah bisa jadi meunang…” omong Kabayan. Karepna mareuman panempas Lamsijan. Teu wudu we Kabayan curinghakna, horeng Lamsijan nimu keneh bahan omonganana.

“Nu salah bisa meunang soteh, mun kuat waragadna! Narajang nu ripuh mah, kapaksa we ngaringkuk di pangberokan..” omong Lamsijan. Calakatak teh Kabayan seuri ngagakgak.
“Lah asa lalajo Persib ngalawan Persipura kieu mah, euy! Papada sarua wawanenna. Gedeg. Sama kuat..” ceuk Kabayan. Awahing uplek ngawangkong mah, teu kanyahoan nu boga imah geus campego di lawang panto.

“Uing mah resep keneh basa Persib ngalawan Persiwa…! Ampir-ampiran bobor karahayuan tah ‘maung Bandung’ teh..” omong ‘Kang Oni.

“Aeh geuning…! Iraha ti Jakarta, ‘Kang?” Kabayan wangun ngarenjag.
“Shubuh…! Samemeh Lohor ge geus aya di imah. Bieu tas ti kebon heula, nempo pepelakan bisi kacaahan…” walon ‘Kang Oni.

“Ti isuk-isuk hujan ngecrek, ‘Kang! Kumaha di Jakarta?” Lamsijan milu ngabageakeun ku pananya.
“Puguh parat sajajalan oge. Ih beuki hoream we ka Jakarta teh. Euweuh mendingna. Mangsa halodo, keur macet teh bayeungbang. Usum ngijih, macet nambah mengpetan jalan. Banjir ngagulidag nepi ka sabudeureun pakotaan …” tembal ‘Kang Oni saregep.

“Tapi upama warga Jakarta daek ngamumule, tur nanjeurkeun kaimanan mah, Insya Alloh moal nepi ka kajadian banjir model kitu, ‘Kang!” ceuk Kabayan

“Naha di Jakarta kurang ariman kitu..?” ‘Kang Oni helokeun.
“Tuuuh.., gorong-gorong jeung walungan buktina!” walon Kabayan tandes.
Lamsijan pipilueun olohok.

“Kabersihan teh sabagean tina iman. Tah nu sabagean eta kawasana rea dimomorekeun. Teu dipalire. Rea nu kajongjonan teuing ngudag-ngudag dunya. Gorong-gorong jeung walungan mendet diarantep. Waktuna hujan gede, kitu balukarna. Nepi ka aya caah dengdeng ngubeng padayeuhan sagala” Kabayan ngomongna bari gogodeg.

“Dipikir-pikir mah ukur eleh gengsi wungkul, euy! Dumuk di lembur di Desa Juruk Puruk teh sok disapirakeun ku urang kotaan. Tapi di urang mah aman. Tara kabejakeun caah ka Pendopo, atau ka parumahan elit” tempas Kang Oni.

“Rajeun kungsi caah oge, ukur caah ku nu demo…!” Lamsijan seuri.
“Enya alam geus ngelingan deui, euy! Ngamumule sarakan leuwih hade batan kabongroy hirup di kota gede, nu tacan karuhan pisugemaeun..” omong ‘Kang Oni semu ngarahuh.
“Puguh geus tibalik dunya teh, ‘Kang” ceuk Kabayan tandes deui.

“Ti balik kumaha? Geuning urang masih bisa keneh nangtung. Bisa keneh leumpang sabatae. Mun tibalik mah, kabeh jalungkir atuh..” tempas Lamsijan.

“Beu…, ilaing geus mimiti miis deui yeuh!” Kabayan rada baketut. ‘Kang Oni mesem.
“Tibalik teh babasan siloka. Lain harti saenyana. Mun ilaing meunang kawirang ge, sok disebut beureum beungeut. Padahal beungeut ilaing mah teu rubah rupana. Nu beureum mah, ukur beungeut Si Cepot..” ceuk Kabayan bari nyerengeh.

“Heueuh nya..! Leuwih sieup deui mun nu meunang kawirang teh, disebut kabeungeutan Si Cepot we atuh..” walon Lamsijan sangeunahna. 

“Tah.., sinyalna hade deui, ‘Kang! Si Lamsijan aya kreasi…” tempas Kabayan.
“Geus tos dimekarkeun, euy! Teruskeun deui dunya nu tibalik teh” omong Lamsijan semu nyedek.
“Enya geus tibalik! Buktina mah tah Si Akang.. Baheula mah mun usum hujan, urang kota salempang ka dulurna nu aya di pilemburan…Rempan bisi kabanjiran. Kiwari mah, urang desa melangeun ka urang dayeuh..“ tandes Kabayan bari ngareret ka ‘Kang Oni. Nu direret bati seuri koneng. Lamsijan nyerengeh seuri. ***

Kang Oni : Revisi

Written By Garut Express on Wednesday, January 16, 2013 | 8:08 PM

Revisi

REBUN-REBUN keneh Lamsijan hariweusweus. Mawa beja nu ngahudang pikiraneun ‘Kang Oni jeung Kabayan. Sidik teu kahontal ku akal maranehanana. Teu gugur teu angin, bet kabejakeun yen Desa Jeruk Purut baris meunang pangajen ti pamarentah. Malah mah dek dijadikeun desa percontohan sagala, alatan dianggap geus mampuh nembongkeun pretasi pamujian. Jero sataun, bisa nurunkeun jumlah warga miskin.  Tina 1850 KK (Kepala Keluarga), kiwari kacatet ngan ukur 302 KK.

“Geuning aya kamajuan desa urang teh, Kang! Tinangtu moal ngan ukur dibere piagam wungkul atuh. Baris meunang uang kadeudeuh nya..! Urang oge kudu kabagean atuh nya, euy!” ceuk Lamsijan ngemu harepan gede.

“Komo atuh! Tapi bagean uing mah, pek keur ilaing we,” walon Kabayan semu kuraweud.
“Geuning, sisinarieun yeuh! Ilaing teu butuh kitu?” Lamsijan mani haripeut.

“Daek soteh narima, mun enya uang kadeudeuh atawa tilam katineung keur kabeh warga,” omong Kabayan deui.

“Apan eta ge tilam katineung keur urang,” tempas Lamsijan haget.
“Laiiiin.., paling meunang ge tilam ompol! Matak ceuk uing ge, pek we keur ilaing,” sora Kabayan ngabedasan bari nyerengeh. Lamsijan ngahuleng. Ret ka Kang Oni. Nu direret ukur mesem.
“Naha ilaing mani yakin bakal nampa sesuatu?” Kang Oni seuri koneng.
“Uing mah maca kana kailaharan we, Kang! Meunang pangajen teh sok dikalemkeun ku bonus,” tembal Lamsijan.

“Tong salah, euy! Desa Jeruk Purut teh narima pangajen, atawa kaurugan bangbaluh? Asa teu pupuguh meunang pamujian sagala,” omong Kang Oni.

“Moal kitu salah adres mah, Kang?” tempas Kabayan. Saheulaanan Lamsijan ngahuleng. Palahak-polohok teu puguh.

“Puguh uing ge curiga, euy! Pokona mah pamohalan narima pamujian sagala.. Naha aya prestasi punjul tina widang naon?” omong Kang Oni.

“Apan dina widang nurunkeun jumlah warga miskin tea, Kang! Eta mah minangka prestasi dina program nasional atuh… Jero sataun, bisa nyesakeun ukur 302 KK. Hebat atuh. Hartina, mampuh mengentaskan kemiskinan,” ceuk Lamsijan.

“Taaah kaharti mun bener kitu onaman!” Kabayan nempas deui.
“Ari kitu.., kumaha?” Lamsijan nyorongot. Manehna ngareret ka Kang Oni.
“Nu bener mah, geus ampir sataun campleng, warga miskin di Desa Jeruk Purut teu narima jatah raskin,” omong Kang Oni.

“Heueuh.., eta teh bukti, Kang! Yen warga miskin di desa urang geus teu butuheun deui bantuan raskin,” Lamsijan ngomongna mani giak. Tapi saharita kagiakna dipareuman deui ku Kabayan.
“Dengekeun heula nepi ka jentre! Ulah dibiasakeun narima penjelasan teh ukur sapotong-sapotong, sabab kadituna bisa mengpar tina maksud nu samistina” ceuk Kabayan semu keuheuleun. Jadi teu narima jatah raskin teh, lain harti geus mampuh, euy! Sidik itu mah wujud protes warga ka pamarentah kabupaten. Tegesna, rayat teh guyub nolak kana bantuan raskin,” ceuk Kang Oni.

“Naha bet make nolak sagala? Naha alatan beasna goreng, jeung campur keusik?” Lamsijan gancang pisan megatan kalimah.

“Gara-gara revisi tea, euy!” walon Kang Oni tandes.
“Repisi? Kumaha maksudna, ‘Kang? Tarima beresih we uing mah. Teu ngarti urusan rupasa-repisi,” ceuk Lamsijan semu era.

“Heueuh…, ditalungtik deui jumlah warga nu boga hak raskin, alatan rea kabejakeun teu parok jeung jumlah nu samistina. Aya nu leuwih loba, aya deui nu tekor.. Pareng bagean Desa Juruk Purut mah minangka tekor kabina-bina. Tina jumlah 1.850 KK jadi 302 KK. Puguh jatah raskin nyirorot. Teu satengah-tengahna cacan,” Kang Oni milu keuheul.

“Gampang atuh…, kari menta deui sakurangna, Kang!” ceuk Lamsijan ngagampangkeun pisan.
“Puguh we gampang ngomong mah,” Kang Oni rada nyureng. Lamsijan era parada.

“Uing teh geus remen gadag-gidig ka kantor desa. Milu nguruskeun. Menta sangkan hasil repisi warga miskin teh direpisi deui, sabab kabuktian siga sakarepna wae. Teu umbang jeung kanyataan. Tapi weleh taya perobahan nepi ka kiwari.   Antukna, warga miskin mupakat ngantep eta jatah nu aya, minangka protes ka pamarentah…Lain teu butuheun!” omong Kabayan jentre.
Lamsijan ngahuleng. Terus gogodeg.

“Ah ku teungteuingeun eta nu ngarepisi teh! Moal boal, jatah saleuwihna dijual ka pasar, euy,” ceuk Lamsijan.

“Ih ulah gancang suudzon! Nambah-nambah dosa. Enya remen kasus kitu teh kapanggih, tapi urang serenkeun we ka nu boga kawenanganana. Mun enya aya nu wani balantik tina hak warga miskin, urang doakeun sing geura insaf. Sing karunya ka sasama. Ngaganggu hak batur mah, beurat resikona..” omong Kang Oni.

“Enya kacida! Eta mah korupsi nu nyamuni, Kang! Ari demo merangan korupsi saheng dimana-mana. Taya nu nalingakeun, palangsian sajeroeun program raskin ge mahabu nu balantik. Ngagadabah lapak hak batur,” omong Lamsijan baketut.

“Iraha atuh ‘Kang, dek nepungan Ceng Ali? Laporkeun we sagemblengna. Tuman kitu gawe kana raskin, sakitu geus rea pieunteungan. Rea inohong nu kajiret kasus raskin,” ceuk Kabayan.
“Heueuh.., sugan isukan atuh,” walon Kang Oni bari nyawang. ***

Kang Oni : Jurnal Taunan

Written By Garut Express on Saturday, January 5, 2013 | 6:09 PM





Jurnal Taunan

ROMAN Kang Oni marahmay. Ret ka Lamsijan, nu keur nyangheuy dina bangbarung. Anteng ngahuleng kawas nu jauh panineungan. Kabayan mah ngabaheuhay dina golodog imah Kang Oni teh. Sakedapan Kang Oni gogodeg bari mesem, barang ninggali polah kadua sobatna.
“Emh mani aya ku merdika kitu hirup teh, euy!  Ngeunah ngabebengkang nya dina golodog….” omong Kang Oni.

“Sidik ni’mat, ‘Kang! Beda ajenna jeung nu nyangheuy dina bangbarung” walon Kabayan semu humandeuar. Lalaunan manehna nguliat, terus gek diuk.  Lamsijan gancang lilir tina panglamunanana. Ret ka Kabayan bari rada merong.

“Naha bet beda ajen sagala, euy? Sarua we papada nganggur atuh” ceuk Lamsijan kuraweud. Kabayan nyerengeh seuri.
“Teu sarua, euy! Nu ngabugigag dina golodog mah, teu asup kana kriteria piomongeun…” tempas Kabayan teu kireum-kireum.
“Nyaho uing ge! Diulahkeun diuk dina bangbarung teh, pedah ceuk kolot baheula mah  bisi nongtot jodo.... Mun enya nongtot jodo, kari madut we atuh!” Lamsijan seuri koneng. Kojengkang muru ka lebah golodog.
“Ah dasar remaja tempo doeloe atuh, euy…!” omong Kabayan teu kebat, kaburu ditempas manten ku Lamsijan.

“Lain kolot baheula, euy…? Naha ilaing mah mahiwal ti batur, bet remaja tempo doeloe…?” Lamsijan kacida teu panujuna.
“Heueuh pek we pikiran ku ilaing….!:” tembal Kabayan singket. Lamsijan sakedapan ngahuleng. Nyeh ‘Kang Oni seuri.

“Lah  keur naon dipikiran sagala! Enya sieupna mah remaja tempo doeloe we.. Mun ti baheula geus kolot mah, kiwari geus areuweuh, meureun” Kang Oni mere bongbolongan.
“Heueuh nya, ‘Kang…! Terus, kumaha ceuk rumaja tempo doloe teh?” ceuk Lamsijan. Gancang nyanghareup deui ka Kabayan.

“Ulah diuk dina bangbarung soteh, ngaheurinan nu dek ngaliwat!” walon Kabayan bari nyenghel. Lamsijan teu nembal. Manehna ukur ngabalieur.  

“Hanas ditanyakeun deui…, sugan tea ngandung harti nu leuwih jero!. Aya kajian ilmiah, atawa kandungan filosofis…” Lamsijan bati kukulutus.

Kang Oni mesem. Sor. ngasongkeun buku catetan kandel ka Kabayan. Saheulaanan Kabayan jeung Lamsijan olohok.

“Buku naon ieu teh, ‘Kang…?” ceuk Kabayan.
“Jurnal peristiwa taunan…!” walon Kang Oni.

“Aeh enya geus tutup taun deui ayeuna teh, euy…! Puguh teu karasa waktu teh nyerelekna. Uing mah inggis defisit, euy…! Geus we eta mah cilaka” Kabayan ngadadak ngahuleng. Panonna mencrong kana jilid buku.
“Naha make defisit sagala..? Apan ilaing mah jagjag belejag keneh... Lain ari nu kudu di-defisit di rumah sakit teh, nu geus taya dikieuna…? Nu tilar dunya alatan dianiaya…?” Lamsijan olohok.

“Beu kacida ilaing mah, euy…! Nu kitu mah di-visum atuh..! Jauh-jauh bet mabal kana defisit sagala…! Defisit mah kawas ilaing, tekooor…” Kabayan meupeuskeun kakeselna. ‘Kang Oni nyeuleukeuteuk seuri.  
.”Usaha naon kitu ilaing teh, nepi ka tekor sagala? Jeung naha teu beja-beja ka uing… Pantes we atuh mun mere sabungkus roko-eun mah” omong Lamsijan semu bangkenu.

“Pok atuh geura jentrekeun we ku ilaing, ngarah teu salah tampa kanu ngadengena…! Ke heula, ari nu sieun tekor teh ilaing wungkul.?” ‘Kang Oni ngahaminan.

“Ih.., mistina mah sakabeh jalma kudu inggis tekor teh! Rempan meunang defisit…” omong Kabayan tandes. Lamsijan beuki olohok.

“Sakabeh jalma di alam dunia ini..? Atuh termasuk uing, meureun..!” ceuk Lamsijan ngolongan pamadegan sobatna.

“Mun enya rumasa jadi jalma mah, teu kudu make meureun atuh!” tempas Kabayan. Kang Oni seuri.
“Uing mah ngaragap diri, euy! Bisi teu kaasup golongan nu dibahas, da ilaing mah baku sok ngabedakeun eselon uing…” ceuk Lamsijan.

“Moal ieu mah, euy…! Semua insan sama... Dina saban tutup taun teh, kudu rempan tekor ku lampah kaalusan. Inggis surplus milampah kagorengan. Eta nu ngabalukarkeun defisit tea…” Kabayan saregep. Malah mah panonna katinggali rambisak. ‘Kang Oni jeung Lamsijan jarempe.

“Emh.., hampura atuh, euy! Panyana uing mah, ilaing teh geus muka lapak bisnis. Heueuh nya…, palangsiang uing tikosewad kana defisit.. Rumasa sok pipilueun milampah nu teu merenah, euy! Ngabeja-bejakeun aib batur nu dipahing ku agama. Ari amal-amalan hade, bet kamomorekeun…” Lamsijan ge teu wasa ngampeuh kangangresna, bari ngagalindeng ngomong sorangan.

“’Kang…, uing moal waka macaan buku ieu ayeuna! Engke we di imah..” ceuk Kabayan ka ‘Kang Oni.
“Enya iraha we..! Dina buku ‘Jurnal Taunan’ oge, intina mah kawas ceuk ilaing. Tutup taun lain kudu dipungkas ku pesta. Sumawonna awal taun oge, lain dipapag ku hura-hura.. Tapi nu leuwih hade mah, ngajurnal lampah diri…! Evaluasi tea…” omong ‘Kang Oni.

“Heueuh.., kumaha mun tekor teh, euy?” Lamsijan nanya ka Kabayan.
“Gancang tambalan ku istighfar…Nge-rem lampah goreng. Ulah kairid ku cikiih.., ceuk paribasa mah” walon Kabayan.

“Urang kudu papunjul-punjul milampah kahadean! Geus we nu katukang-tukang mah. Mun teu lilir-lilir, tinangtu defisit-na nambah gede…Balukarna diri nu matak katempuhan…” Kang Oni mungkas omonganana. Kabayan jeung Lamsijan unggut-unggutan ***

Cucuk Gelung

Written By Garut Express on Monday, December 31, 2012 | 7:15 AM






Cucuk Gelung

BUBAR Juma’ahan, breg hujan ngagebret. Jalma nu keur euyah-euyahan ngademo Kuwu Uceng, ngadadak paburisat. Basa kakara cluk-clak ge Lamsijan mah geus taki-taki. Rek balik ninggalkeun barisan balad-baladna nu milu demo. Orokaya, kaburu hujan manten. Estuning taya antare heula. Ngagebret saharita badis dibahekeun ti langit. Puguh, taya lahan keur ngiuhan. Antukna, Lamsijan ngantep awakna rancucut. Lumpat ngabrigbrig muru imah Kang Oni.

Di hareupeun imah Kang Oni, kasampak Kabayan keur cinutrung. Barang katempo Lamsijan ngarongheap, Kabayan gancang mapag bari seuri.
“Tas ti mana ari ilaing, euy?” ceuk Kabayan.

“Sugan tea moal hujan atuh, hanas miluan…” tembal Lamsijan teu kebat.
“Aeh heueuh nya, da ilaing mah aktivis…” Kabayan seuri koneng, bangun mupuas. Lamsijan ukur nyerengeh. Leungeunna pakupis nyusutan cihjuan, nu maseuhan buuk jeung beungeutna.
“Uing teh kawaranan we atuh. Ulah ceuk beja dina televisi we. Pajarkeun Garut mencekaaam…! “ walon Lamsijan. Jol ‘Kang Oni ngurunyung ti jero imah.
“Uing mah hayang ‘lipe’, euy..” pokna deui.

“Naon ‘lipe’ teh…?” Kabayan kerung. Kang Oni milu heran.
.”Geuning eta ari siaran langsung maen bal dina tivi, sok make tulisan ‘live’.. Langsung dari TKP, cenah” tembal Lamsijan, bari nembongkeun ramona, nurutan wangunan ketepel. Maksudna mah, aksara “V”.
“Oooh…, ‘laip’ atuh! Enya siaran langsung ti lokasi nu kitu mah…” omong ‘Kang Oni panceg. Lamsijan kalahka nyerengeh seuri.

“Naha bet seuri..? Salah kitu..?” Kabayan merong.
“Asa jadi pabeulit jeung jalma ‘laip’, euy! Apan urang oge minangka jalma laip, tapi tacan kungsi langsung aya di televisi nya….” ceuk Lamsijan.

“Moal miluan uing mah! Pek we ilaing nu seminar bahasa mah” ‘Kang Oni nyeuleukeuteuk seuri.
“Urang mah ‘laaa ip’…! Beda eung “laip” dina tivi…! Geus tong nanya deui nu kitu” Kabayan gancang nempas. Lamsjian ngahuleng. Teu cumarita deui. Anteng neuteup cihujan, nu nyurulung tina biwir sorodoy imah.

“Naha bet ngahuleng…? Teu kudu milu mikiran hasil Pansus, da geu geus puguh kitu  Cenah, nasib Kuwu Uceng teh geus dina tungtung tanduk” omong Kabayan.
“Aaah.., teu langkung nu dibarendo we uing mah! Para wakil rayat tangtu leuwih ngarti kana aturan samistina dina pamarentahan…” Lamsijan semu humandeuar. ‘Kang Oni mesem.
“Heueuh.., da teu ngantep! Mun para wakil rayatna api lain, kakara wajib digeuingna” omong ‘Kang Oni kalem.

“Uing mah jadi kagagas, ‘Kang! Sugan teh moal ngalaman deui kajadian kawas pamingpin nu ti heula. Horeng nu ayeuna mah bet leuwih rongkah. Geunjleung ka saalam dunya sagala…” ceuk Lamsijan ngaheruk.
“Bener ceuk kolot baheula. Kabeureuyan mah tara ku cucuk munding, euy! Tina perkara nu dianggap sepele, behna mah jadi mamala gede naker ka Kuwu Uceng. …” omong Kabayan.
“Ari Kuwu Uceng kabeureuyan ku cucuk naon atuh?” tempas Lamsijan. Gep leungeunna ngarawel teko. Cur nyician citeh haneut kana cangkir. Biwirna timonyong-monyong niupan citeh, suruput diinum, wangun nu ni’mat.

“Ceuk beja mah, ku cucuk… gelung, lain?” tembal Kabayan bari seuri. Lamsijan nyalakatak seuri. ‘Kang Oni oge nyerengeh. Sidik teu kasawang, pisakumahaeun gedena biwir, mun cucuk gelung nepi kateureuy.
“Ti iraha Kuwu Uceng resep dahar gelung, euy?” Lamsijan malik nanya.
“Heueuh.., ceuk paribasa!” Kabayan semu keuheul.
“Nu puguh mah geus aya pepeling dina kitabna, euy! Tilu perkara nu baris nyilakakeun ka manusa teh! Tahta, harta jeung wanita.. Pek we regepan ku ilaing” ‘Kang Oni meper nu silitempas.
 “Geus sapaket ‘nya, ‘Kang..?” ceuk Lamsijan.
“Ke heula, euy! Uing mah jadi inget ka Kyai Husrom ti Cibiuk…” omong Kabayan. Lamsijan nyalakatak seuri.

“Alhamdulillah…! Tah mimiti lilir, meureun, ‘Kang…” pokna teh.
 “Husss.., gagabah!“ Kabayan nempas.
“Naha bet inget ka ‘Kang Haji Husrom, euy?” ceuk ‘Kang Oni.
“Heueuh, Kyai Husrom kungsi mere pepeling. Pokna teh, ‘kuti’al ilmi bi fahdaiha’” walon Kabayan saregep.
“Euleuh.., gaya! Kawas santri wae, euy. Naon eta teh hartina..?” Lamsijan mencrong ka sobatna. Kang Oni oge ngaregepkeun.

“Hartina, pareumna elmu teh balukar tina dua pingping…” walon Kabayan bari nyenghel.
“Ah ilaing mah sok bari heuyeuy…!” ceuk Lamsijan.

“Aeh-aeh.. teu percaya? Tanya tuh ka si Akang…!” omong Kabayan.
Kang Oni surti. Manehna manggut-manggut. Lamsijan mah olohok keneh.
“Pingping naon, euy…?” Lamsijan pungak-pinguk.

“Ah pikiran we ku ilaing! Bisi dianggap porno” walon Kabayan. “Ku alatan dua pingping, nu pinter ge loba nu kabalinger! Poho kana kapinteranana, da elmuna ngadadak pareum…” Kabayan ngeceskeun.
“Kacida mun ilaing teu ngarti keneh mah…” ‘Kang Oni mesem.
“Ooooh heueuh.., sarua we atuh jeung nu kabeureuyan ku cucuk gelung tea eta mah…”  Lamsijan ngagakgak seuri.

“Taaah…, geuning ilaing nu kakara lilir mah!” Kabayan malikeun. ‘Kang Oni mesem. Lamsijan seuri koneng ***

Kang Oni : Warirang

Written By Garut Express on Monday, December 10, 2012 | 10:55 AM





Kang Oni : Warirang

LAIN ukur semet beja. Kuwu Uceng codeka. Kiwari mah sakabeh jalma di sakuliah dunya oge papada nyaho. Kuwu Uceng goreng lampah. Puguh warga Desa Jeruk Purut, bawirasa beureum beungeut. Kabawa wirang ku polah nu jadi pamingpinna. Kawantu saban waktu, berita dina televisi nembrakkeun beja ngeunaan Kuwu Uceng, nu matak getek kana ceuli. Ateul kana biwir. Horeng, Kuwu Uceng rerencepan ngawin wanoja ti hiji pasantren. Teu kungsi saminggu, geus pepegatan deui.

“Lain ngan sakali deuih, euy..! Samemehna, di luareun desa urang oge, kungsi kawin deui ka nu sejen. Sarua, diserahkeunana ge ukur ngaliwatan eS-eM-eS …” omong Kang Oni, ditungtungan ku kekecrek.
 “Astaghfirullohal adzim! Rek kumaha atuh Kuwu Uceng teh..? Apan kasus ngalonjakna kawin-cerai pagawe nagri di desa urang ge tacan rengse, ‘Kang…” Lamsijan olohok. Panonna rut-ret ka Kang Oni, jeung ka Kabayan.

“Ih naha ari ilaing…! Teu bisa kompromi heula urusan eta mah. Piraku rek pepegatan kudu nungguan rengse heula kasus mah…” tempas Kabayan. ‘Kang Oni seuri koneng. Sakedapan Lamsijan ngahuleng.
“Lain pamingpin mah kudu mentingkeun heula urusan balarea? Mun geus rengse, kakara meresan pasualan pribadina..” tempas Lamsijan.


“Puguh lieur ngabandunganana, euy! Pokona mah sulaya tina panyangka. Sugan tea mah Kuwu Uceng teh bakal sieup mingpin desa urang…” Kabayan garo-garo teu ateul.

“Nu lieur mah uing atuh, euy! Sabab pakuat-pakaitna jeung pakasaban…” tembal Lamsijan bari ngahuleng.
“Digawe naon ari ilaing..?” Kabayan nempas.

“Ih.., kieu-kieu oge uing teh aktivis, euy! Demonstrans…!” Lamsijan semu agul. Nepak dada, bari ngalejeg. Calakatak ‘Kang Oni jeung Kabayan sareuri.

“Euleuh…! Kutan teh aktivis..? Naha ilaing lieur kunaon?” ceuk ‘Kang Oni.
“Lieur ku bingung nangtukeun pamadegan! Kamari milu demo nurunkeun Kuwu Uceng.. Isukan kudu milu demo ngabela Kuwu Uceng! Lumayan ti ditu ti dieu oge ngahasilkeun. Tapi mun dua kubu bentrok, uing kudu milih nu mana?” walon Lamsijan saregep naker. ‘Kang Oni jeung Kabayan sareuri deui.
“Make bingung sagala, euy! Kari nanya we ka diri ilaing. Ari ilaing deudeuh ka lemah cai? Boga kahayang Desa Jeruk Purut maju…?”  tembal Kang Oni.

“Puguh we atuh, ‘Kang! Matak jadi aktivis oge, cirining uing deudeuh ka Desa Jeruk Purut! Uing teu tega warga jadi warirang ku lampah Kuwu Uceng…” omong Lamsijan asa pangbenerna.

“Salah, euy…! Sidik lampah ilaing nu teu puguh pamadegan teh, sarua jeung lauk buruk milu mijah. Antukna, ngahalangan kana tarekah pamingpin daerah, nu dek nanjeurkeun katengtreman jeung kamajuan desa urang. Mun kaayaan desa terus diririwaan ku demo mah, ancur atuh Desa Jeruk Purut teh.”  Kang Oni meper kabingung Lamsijan.

“Jan.., leuwih hade cicing! Ulah kairid ku gejolak massa. Perkara Kuwu Uceng serenkeun ka nu boga wewenangna. Euweuh Kuwu Uceng, apan aya Ceng Agus jeung Ceng Ali, nu baris ngokolakeun pamarentahan. Teu kudu gumantung ka Kuwu Uceng…” ceuk Kabayan.

“Heueuh nya.! Manjangkeun perkara kagorengan mah, leuwih ngaruksak ngaran desa sorangan,  euy! Uing jadi pipilueun ngabagi warirang ka sa-alam dunya…” walon Lamsijan bari unggut-unggutan.
“Alhamdulillahi Rabbil Alamin…! Nuhun Gusti.. Syukur geus lilir mah, euy” Kabayan nyerengeh. Lamsijan seuri koneng.

“Ana kitu mah, uing kudu pindah padumukan atuh…” Sora Lamsijan semu leuleuy. ‘Kang Oni jeung Kabayan olohok.

“Naha kudu pindah sagala? Naon hubunganana…?” ‘Kang Oni mencrong ka Lamsijan. Kabayan ngadadak kerung.

“Uing mah rumasa jalma bodo, ‘Kang! Tuna harta, tuna harti. Sakola oge ukur nepi ka PTB perguruan tingkat bawah…Palangsiang moal bisa kabadanan ku uing, mun tetep dumuk di Jeruk Purut mah” Lamsijan neuteup ka Kang Oni jeung Kabayan. Dua sobatna rungah-ringeuh.

“Teu kudu dicaritakeun deui ge,jalma sadunya geus nyaho kana kabodoan ilaing mah. Tapi naon maksudna kudu kabadanan sagala? Lebah ieu mah teu kaharti, euy..” ceuk Kabayan.

“Aeh-aeh…, naha ilaing jadi belet, euy? Ari hidup ilaing mau nurut sama siapa?” Lamsijan nanya mani bedas. Kang Oni keom.

“Nu samistina mah, nurut ka ulama jeung umaro!” walon Kabayan tandes.
“Taaaah... geuning! Ilaing mampuh nurut kana lampah Kuwu Uceng?” ceuk Lamsijan manggih lololongkrang. 

“Nurutan kawin siri tea..? Keheulaanan kudu cruk-crek kawin mah! Lain teu hayang, ngan……, teu boga APBD euy! Anggaran Pendapatan dan Belanja Dapur ge teu nyumponan keur Si Iteung…” Kabayan nyeuleuteuk seuri.

“Lain kudu nurut ka Umaro? Apan Kuwu Uceng teh Umaro? Terus terang, uing mah teu sanggup. Moal kabadanan, euy!” Pamadegan Lamsijan keukeuh.
‘Kang Oni nyalakatak seuri.

“Jan, nurut ka Umaro soteh, kudu nu sieup keur lampah urang! Lebah nu gorengna mah ulah diturutan….” Omong ‘Kang Oni.

“Moal matak dosa, ‘Kang..?”
“Dosa keneh nu ngaliarkeun kagorengan, euy! Apan nyimbutan aib mah leuwih hade, jeung meunang ganjaran…” tempas Kabayan.

“Ke atuh, uing kudu meuli pulsa heula, euy!” Lamsijan ngorejat.
“Rek nelepon ka saha…?”” Kang Oni curinghak.

“Dek ngirim eS-eM-eS ka manehna…..! Tadina mah dek maksakeun nurut ka Umaro….” Lamsijan ngomongna teu kebat.

“Emh…, kasempetan ilaing mah!” Kabayan miceun beungeut. ***
    

Kang Oni : Nyi Oneng

Written By Garut Express on Sunday, December 9, 2012 | 5:13 AM

Nyi Oneng

TARA-tara tisasari. Heuleut saminggu katukang, breg jalma ngagimbung di buruan imah Kang Oni. Kabeh papada milu reueus, alatan Nyi Oneng nu jadi inohong dina kancah pulitik nasional, daek keneh ngadongdon nepungan Kang Oni di padumukanana. Teu wudu Kang Oni guligahna. Kebek ku kabungah tur pangharepan, nu ngaluhuran kareueus sakabeh warga Desa Juruk Purut.

Sidik apan Nyi Oneng nu mibanda komara gede dina kancah pulitik, sarta kiwari makalangan dina Pilcagub Jawa Barat teh, minangka warga Jeruk Purut nu kungsi diasuh ku Kang Oni ti bubudak. Cohagna mah, ti mangsa manehna mangka rumaja pisan. 

“Duh mokaha Si Akang bakal sugih nya, euy! Omat ulah poho ka uing, ‘Kang! Bejakeun we uing oge tim sukses Nyi Oneng, sanajan teu kadaptar dina bukuna! Sugan we kabagean sapetak dua petak mah…” Lamsijan nyerengeh ka Kang Oni nu kakara rengse katatamuan. Puguh jalma-jalma nu ngagimbung teh, sareuri bar tinglaleos.

“Sapetak dua petak naon ari ilaing? Gupernuh mah da lain tukang babagi tanah, atawa sawah, euy…” walon Kang Oni rada nyureng.

“Ah sing ngarti we atuh, ‘Kang..! Uing mah lain butuh tanah atawa sawah, tapi butuh keur meulina…” ceuk Lamsijan seuri koneng.

“Moal salah deui ilaing mah! Geus kajudi... Buntutna pasti kana duit we..” tempas Kabayan bari miceun beungeut.

“Ari geus..! Naon deui atuh..?” Lamsijan wangun teu tumarima. “Uing mah apa-adanya saja-lah… Bruk-brak!” pokna deui.

“Keun ari sual duit mah, da moal aya watesna! Ti pangkat ilaing, nepi ka jalma nu lubak-libuk, teu weleh butuh ku duit! Ngan aya hiji pangajaran dina lampah kahirupan Nyi Oneng, nu kudu jadi conto keur kabeh jalma. Lampah Nyi Oneng estuning sieup jadi pieunteungeun balarea” omong Kang Oni tandes.
“Naha kumaha kitu, ‘Kang?” Lamsijan mani saregep.

“Ti baheula tug nepi ka kiwari, Nyi Oneng teu unggah pangadatan! Tetep ngamumule kana sajarah. Malahan mah, sakumaha kabejakeun pakusutna pamarentahah di Desa Jeruk Purut, Nyi Oneng teu weleh ngagulkeun ngaran lemburna. Tara era ngabasakaeun jinisna urang Jeruk Purut!” ceuk Kang Oni nyaritakeun deui, nu kungsi diomongkeun ku Nyi Oneng di imahna.

“Nu matak kacida teungteuingeunana, mun kabeh warga Jeruk Purut teu ngarojong kana tekad Nyi Oneng dina Pilcabug Jawa Barat. Sabab teuing iraha baris aya deui, urang Jeruk Purut papasangan kawas Nyi Oneng jeung Teten, dina Pilcagub/Pilcawagub Jabar. Urang kudu merjoangkeun sangkan pasangan Nyi Oneng unggul. Lain kitu intina mah ‘nya, ‘Kang?” omong Kabayan ngareret ka Kang Oni.
“Ceuk saha…?” Kang Oni nyelok.

“Apan tadi ceuk Nyi Oneng..” Kabayan gancang nembal.
“Heueuh bener…! Bisi we ceuk uing…” Kang Oni rada ngabelehem.
“Puguh uing mah kakara ngadenge teh ti palebah ngaguar katineung basa Nyi Oneng keur sakola, nepi ka naratas karir jadi bentang sinetron dina televisi.

Geuning Akang cenah, nu ngagubruskeun kana sinetron teh” Lamsijan olohok.
“Naha kunaon kitu, euy…?” ‘Kang Oni mesem.

“Heueuh.., naha atuh Akang bet tara cacarita ka uing. Jadi uing palahak-polohok. Teu nyaho kana sajarah karir manehna..” omong Lamsijan deui. Kang Oni ukur nyenghel. Ret Lamsijan ngareret ka Kabayan.
“Nu matak uing mah sok ngalandi Si Akang teh, pamaen ketepel nu jitu..!” ceuk Kabayan marengan ngacungkeun jempolna.

“Ah.., wadul eta mah! Geuning basa Akang dek ngetepel manuk, kalahka keuna kana sirah Babah Ahong nu norojol ti loteng…” tempas Lamsijan. ‘Kang Oni nyalakatak seuri. Ingeteun deui kana lalampahan baheula.
“Lain ngetepel manuk, euy..! Uing mah ukur siloka, Si Akang mah badis pamaen ketepel nu jitu. Sasaranna tepat, tapi teu rea jalma nu nyahoeun saha nu ngetepelna. Sabab nu ngatepel mah sok nyamuni. Ngarti?” omong Kabayan.

“Oooh… heueuh nya! Ngabekenkeun batur, bari jinisna mah tara kasebut-sebut. Naha bet nyumput wae, ‘Kang…? Moal beken-beken atuh...” Lamsijan mencrong ka Kang Oni.

“Teu hayang popiler uing mah! Popiler oge da moal matak ngahasilkeun..! Leuheung basa mun jinisna tumarima. Kumaha mun nampik? Uing nu wirang atuh.. Geus tangtu dianggap numpang beken tea..! Uing inggis deuih, sieun teu jadi amal hade. Keun we, sina kalapa bijil tina cungapna…” walon Kang Oni.
“Tuuuh uing jadi inget, euy! Lain Akang kungsi kabejakeun bakal meunang hadiah kandaraan ti hiji bentang popiler.. Saha tea, Kang?” Lamsijan ngadesek.

“Heueuh.. ti Astuti! Geus ulah diungkit-ungkit nu eta mah. Bae da jangjina lain ka uing wungkul, tapi ka jinisna jeung ka Gusti Alloh..” Kang Oni mareuman kapanasaran Lamsijan.

“Tadi uing ngahelas, ‘Kang! Nyi Oneng wakca, cenah manehna teh tacan karuhan bisa jadi kawas ayeuna, lamun lain karana Akang. Malah ngomongna nepi ka ragrag cimata sagala… Eta kumaha lalakonna, ‘Kang?” ceuk Lamsijan.

Kabayan gancang miheulaan nempas.“Tah lebah eta jembarna Nyi Oneng teh! Kabeh jalma nu kungsi ngabingbing manehna di lembur ditataan…Ti mimiti kolotna, guru-guruna di sakola, nepi ka nu muka karirna dina perfilman… Apan teu kabeh jalma daek inget kana purwadaksina. Kakara beunta seutik oge geus ngabalieur! Api-api teu wawuh, euy!”

“Enya, harita basa Nyi Oneng maen sinetron teh keur ujian SMA, euy!  Barang rek diteruskeun kuliah, hate manehna nogencang. Hayang neruskeun karirna, dina sinetron sambungan lalakonna. Rumasa.., uing nu ngahalangan! Ngarojong Nyi Oneng neruskeun kuliah, sabab maen deui sinetron mah iraha oge moal burung bisa.. Segruk manehna ceurik dina dada uing!”  Kang Oni ngaguar riwayat Nyi Oneng.

“Kutan teh kitu, ‘Kang? Paingan ngaran Si Akang teu weleh disabit-sabit. Nya heueuh atuh, mun harita teu dijurung kuliah mah, can karuhan Nyi Oneng bisa jadi ngabentang dina kancah pulitik” Lamsijan gogodeg.
“Alhamdulillah, euy..! Kahayang teh sing salawasna Nyi Oneng ulah nepi ka unggah adat. Tetep deudeuh ka lemburna. Tetep deudeuh ka warga Jawa Barat, euy..” ceuk Kang Oni kebek pangharepan.

“Ah palangsiang daek nepungan Akang teh, pulitik kampanye we, ‘Kang?” omong Lamsijan bari jebi.
“Ih.., lalawora! Sumpah uing mah, lain kompanye ieu mah. Ti baheula Nyi Oneng mah kayungyun euy…” sora Kang Oni tandes naker ***

Kang Oni : Pandu

Written By Garut Express on Tuesday, November 27, 2012 | 7:18 AM



Pandu

IRUNG Kuwu Uceng ngadadak kembung. Liangna kawas ngabeukahan. Sidik, seubeuh ku pamuji. Desa Jeruk Purut oge saheng. Bubuhan desana dek komaraan deui. Para inohong ti puseur kota pamarentahan milu reueus, alatan Desa Jeruk Purut mampuh ngahudang deui kagiatan Pandu. Organisasi siswa di sakolaan, nu geus kamomorekeun.

Antukna, Pandu badis gering nangtung ngalanglayung. Dimana-mana siga nu kasarung. Teu manggih lawang keur menyat deui. Puguh Desa Jeruk Purut jadi catur pamujian. Pandu bisa nguliat deui, mapag acara rongkah di Lapang Gugunungan, nu perenahna beh kiduleun puseur desa. Kabeh warga desa daria. Dek ngadeugdeug acara gede, nu dikembangan ku tulisan “Pandu Jati Diri Warga Jeruk Purut”.

Kabayan marahmay. Rut-ret ka sakuriling Lapang Gugunungan, nu aya di Kampung Terahintan. Sakapeung tatanggahan bari dungdak-dengdek. Macaan tulisan dina spanduk, nu sakitu barakbakna. Ret deui ka lebah balandongan, nu keur diwangun ku warga. Kabayan unggut-unggutan, bari lujag-lejeg.

Sejen deui jeung Lamsijan. Manehna mah bobolokot kesang. Mantuan masangkeun umbul-umbul di saparat jalan, liliwateun ka lapang. ‘Kang Oni ge teu cicingeun. Subrat-sibret menerkeun sound-system, sangkan sora nu pidato tina speaker, ulah aya cawadeunana. Kakalacatan we kana panggung.
“Kabayan…, ari ilaing naon gawe, euy?” Lamsijan ngagero, bari nyusutan kesang nu ngoprot. Kabayan nyirintil. Gancang napelkeun curuk kana biwirna.

“Ari ngomong teh ulah jangji ngangah atuh! Era ku batur… Sarua uing ge cape, euy.. !“ Kabayan nompokeun sorana kana ceuli Lamsijan.
“Geuning ilaing mah teu kaciri ngesang..!” Lamsijan ngareretan beungeut Kabayan. Terus, leguk-leguk nginum cai kalapa.

“Kesang mah lain ukuran gawe, Jan! Tuh tinggali Ki Ulis di kantor desa, nu ngagutrut beurang peuting nyusun laporan, teu nepi ka ngesang. Pek deui para wartawan ngadukduk ngetik dina komputer, kacirina mah kulimis we karasep. Padahal sarua carapena mah.. Teu kudu cipruk kesang kawas ilaing!” Kabayan bangun namplokkeun kakeuheul. Lamsijan jongjon ngopi. Cacamuilan.  
“Heueuh eta mah puguh propesina! Ari ilaing naon?” ceuk Lamsijan deui.
“Apan uing mah bagean evaluasi! Ti baheula oge kapake, jadi relawan mandor. Gawe enteng, tampa honor..” Kabayan seuri koneng.
“Lah…, ukur ngamandoran nu digarawe, bari ngaheroan ududna!” omong Lamsijan bari samutut. Kabayan teu nembalan. Kedewek miluan ngopi. Ret ka lebah ‘Kang Oni, nu norojol dek milu nyambungan.
“Kumaha hasil evaluasi ilaing teh, euy?” ceuk Kang Oni ka Kabayan. Nu ditanya rikat ngacungkeun jempolna. Bubuhan biwirna hese engab. Pinuh ku kadaharan. ‘Kang Oni seuri, ninggali Kabayan wangun ileg-ilegan.

“’Kang, ari Kuwu Uceng ka mana? Ti mimiti prung tatahar nepi ka kiwari.., can kungsi ngulampreng ka dieu? Nu cakah-cikih teh bet ‘Kang Amang Jupri saparakanca. Lain nu seungitna mah ngaran Kuwu Uceng.?” ceuk Kabayan.

“Puguh milik Kuwu Uceng mah! Boga Kang Amang Jupri daek dipancenan jadi pingpinan Pandu di Desa Jeruk Purut. Kawantu deuih, micinta pisan kana kagiatan Pandu. Bubuhan ‘Kang Amang Jupri mah Pandu pituin, euy..” omong Kang Oni.mani reueus.
“Ari Kuwu Uceng…?” tempas Lamsijan.

“Teuing…! Uing mah nyaho soteh ka ‘Kang Amang Jupri. Ti jaman sakola keneh, manehna mah icikibung dina Pandu teh. Sieup pisan jadi pupuhu Pandu di desa urang…” walon ‘Kang Oni.
“Akang kungsi jadi Pandu..?” ceuk Lamsijan.
“Puguh we atuh, apan baheula mah diwajibkeun! Ngan uing teu junun! Karunya ku kolot, teu bisa nyumponan waragadna. Hayang boga kacu wae, dibelaan teu meuli beas, euy..” ‘Kang Oni nyawang pangalamanana.

“Haaaar...! Sugan teh uing wungkul, ‘Kang! Uing mah kungsi hayang pisan  laksana make saragam Pandu. Orokaya.., teu kabedag” tempas Kabayan.

“Teu ngabibisani, euy! Baheula kabita jadi Pandu teh, pedah gagah. Make baret, baju saragam jeung atribut Pandu. Horeng lain keur gagayaan, tapi rea pangajaran elmu Pandu, keur pibekeleun hirup anggotana. Bisa jadi pamingpin organisasi, bisa jadi pajabat pamarentahan sagala” ceuk ‘Kang Oni tandes.
“Ah, asa teu nyambung bet bisa jadi pamingpin! Lain Pandu mah ngan ukur diajar baris. Diajar nyanyi babarengan. Mun teu kitu, kemping di gunung.” Lamsijan ngahuleng.

“Eta mah paradigma heubeul, euy! Nu matak ‘Kang Amang Jupri gancang singkil. Dek nanjeurkeun deui organisasi Pandu, nu saujratna. Waragadna oge moal ngabeuratkeun ka rahayat. Kabeh warga rek dikeprak, sangkan ngarojong kana komara Pandu nu geus nyirorot” tembal ‘Kang Oni norolang. Lamsijan ngabandungan saregep naker. Sabalikna, Kabayan kalahka sura-seuri. 
“Naha ilaing bet seuri, Kabayan?” Kang Oni heran.

“Moal salah uing mah! Eta riwayat ‘Kang Amang Jupri, nu baris dipedar dina buku “Sajeroeun Dada Pandu”…Betul?” Kabayan seuseurian.

“Geuning ilaing nyaho? Geus maca bukuna..?” Kang Oni panasaran.
“Apan uing teh tim evaluasi, ‘Kang! Nyaho kana kabeh konsep acara. Eta buku biografi ‘Kang Amang Jupri teh dek lounching dina momentum ‘Pandu Jati Diri Warga Jeruk Purut’!” omong Kabayan pegeskeun.
“Heueuh nya ilaing teh tim evaluasi…!” Kang Oni ngabelehem.   

 “Taaah Jan, uing mah ngabejaan we! Desa Jeruk Purut teh dek nyikalan deui hudangna Pandu. Desa urang minangka desa percontohan keur sakuliah nagri.. Hebat, nya, euy?” Kabayan milu legeg. Lamsjian olohok bari kekecrek.

“Paingan atuh ‘Kang Adi Ucup pamingpin Pandu ti puseur dayeuh, rek ngahadiran acarana! Bener we hajat gede ieu mah. Aya buku ‘Sajeroeun Dada … Iteung’ deuih….” Lamsijan teu kebat.
“Huss.., lalawora! ‘Sajeroeun Dada Pandu’.. Si ‘Iteung” mah teu pipilueun!” tempas Kabayan. Lamsijan nyerengeh.

“Aeh enya, naha nyebut dada bet los ka Iteung! Sabarahaeun waragadna eta acara teh, euy?” omong Lamsijan.

“Tong diwaro, Kang! Tuman..” Kabayan ngareret ka Kang Oni. Maranehna  tinglaleos. Arindit. Ngantep Lamsijan olohok ***

Kang Oni : Widadari

Written By Garut Express on Saturday, April 16, 2011 | 6:08 AM


Widadari

"UING mah asa araringgis ieu teh euy! Sabab, ayeuna mah beuki bruh-breh kajadian kawas kieu teh gening!" ceuk Kang Oni.
"Kajadian naon, Kang?" tanya Kabayan.
"Enya, urusah hukum di nagara urang!" tembal Kang Oni.
"Aya naon deui kitu Kang?" Lamsijan mauran.
"Naha ilaing teu nyaksian dina tv atawa maca koran?" ceuk Kang Oni.
"Apan loba acara tv teh atuh Kang! Ari Barca mah uing ge lalajo. Pan Jang Messi anu ngagolkeunna oge, meni sadua-dua," potong Kabayan.

"Lain. Soal sendal capit ieu mah," ceuk Kang Oni.
"Naha Akang meni sieun ku sendal capit?" Lamsijan panasaran.
"Ihhhh, lain sieun ku sendal capit uing mah. Nu dipkika inggis teh, kaadilan hukum di nagara urang leungit!" tandes Kang Oni.

"Na kumaha kitu?" Lamsijan beuki panasaran.
"Heueuh, apan Jang AAL teh najan enya ahirna diponis ku hakim dibalikkeun ka kolotna sangkan dibina, tapi tungtutan hukum anu dilakonan meni kacida teu adilna," beber Kang Oni.
"Ohhhh, marukan teh kitu!" ceuk Kabayan.

Derekdek Kang Oni nyaritakeun kasus hukum anu tumiba ka budak sakola, AAL. Manehna didakwa maling sendal capit bogana Briptu Ahmad Rusdi Harahap, anggota Brimob Polda Sulteng. Lian ti tungtutan jaksa asa kamalinaan, sabab disaruakeun jeung ka pajabat anu korupsi miliaran perak. Bukti sendal anu diasongkon di pangadilan beda jeung anu diakukeun ku Briptu Ahmad Rusdi Harahap.
Balukarna, rahayat protes. Keur nembongkeun rasa empati ka AAL, rahayat ti sababaraha kota gede ngumpulkeun sendal capit anu lobana nepika 1.200 pasang. Malah, sendal nu sakitu lobana teh geus dibikeun ka Kapolri. Keur ngagentian sendal Briptu Ahmad, cenah.

"Asa kasus Prita Mulyasari jeung RS Omni deui ieu mah. Harita oge pan sarua, rahayat marilu aub ngumpulkeun duit receh samiliar. Atawa kasus Ceu Minah urang Dusun Sidoharjo, Desa Darmakradenan, Kacamatan Ajibarang, Kabupaten Banyumas, anu dituduh maling buah coklat (kakao) tea," ceuk Kang Oni.
Aya deui kasus sarupa lianna anu tumiba ka Kuanto jeung Topan, urang Desa Kalisabuk, Kacamatan Kesugihan, Cilacap, Jawa Tengah. Cenah mah, duanana kacerek keur maling cau di kebon milik salah saurang warga Kalisabuk. Kuanto anu ceuk dulur-dulurna rada teu ajeg pipikiranna alias ideot, diancam kurungan panjara salila salapan taun. Antukna, lanceuk Kuanto, Teguh Sumarno, ngirim surat ka Presiden SBY menta kaadilan hukum sabab adina teh kurang pikir.

"Leuh, asa kamalinaan gening ari kitu mah. Cik atuh nya, ari geus kanyahoan jalma teu walagri pipikiranna mah teu kudu disogrogkeun ka meja hejo sagala," ceuk Lamsijan.
"Heueuh. Ari ka jalma leutik mah asa gampil ngahukuman teh. Beda jeung ka nu jegud. Sanajan geus bruh-breh buktina ge, kawas nu hese we nyerekna teh," emboh Kabayan.
"Numatak uing ngarasa inggis," tandes Kang Oni.
"Maksud Akang?" tanya Lamsijan.
"Nu dipikahariwang teh, lamun rahayat geus ambek alatan ngarasa hukum teu ajeg, bisa-bisa malah nyarieun aturan hukum sewang-sewangan! Bisa kacow atuh dunya teh," ceuk Kang Oni.
"Kudu kumaha atuh Kang?" Kabayan motong.

"Euweuh deui carana, hukum kudu ditanjeurkeun saajeg-ajegna. Hukum kudu dijadikeun panglima dina kahirupan urang sarerea. Dina prak-prakanna hukum kudu bisa mere mangfaat jeung kagunaan keur masarakat, sangkan ngawujud kahirupan anu tata tengtrem kerta raharja," tembal Kang Oni.
"Ku saha diajegkeunna Kang? Apan urang mah lain pulisi, lain jaksa, kitu oge hakim," ceuk Lamsijan.
"Ku urang sarerea, bangsa Indonesia. Rahayat, pajabat, komo anu jadi pangajeg hukum mah," ceuk Kang Oni.

"Ari urang salaku rahayat kudu kumaha?" Kabayan panasaran.
"Kudu taat kana aturan hukum. Sabab, hukum teh lain ukur hukum pidana jeung perdata. Apan aya oge hukum sosial atawa hukum adat, oge hukum agama," beber Kang Oni.
"Ohhh, enya nya!" ceuk Kabayan.
"Sabenerna lamun urang papada taat kana hukum agama we, hirup teh bakal betah, genah tumaninah," ceuk Kang Oni deui.

"Jentrena Kang?" Kabayan ngembohan.
"Nu sederhana we," ceuk Kang Oni
Derekdek Kang Oni ngadongeng. Kieu cenah : Urang apan sarua pernah ngadangu hikayat ti pa ustad, iwal hiji jalma soleh anu mulung buah apel ti walungan terus didahar ku manehna. Kulantaran sieun ku bebendu Alloh, eta jalma soleh teh ahirna nyukcruk-nyukcruk susukan neneangan saha nu ngabogaan tangkal apel. Da manehna yakin yen apel anu palid ka walungan teh aya nu bogana.

Singket carita, jalma soleh amprok jeung nu boga tangkal apel. Terus manehna sasadu da geus ngadahar apel tanpa idin ti nu boga. Nu boga tangkal apel rek ngahampura ka jalma soleh asal sanggup nyumponan saratna. Kahiji kudu daek digawekeun macul di sawah salila tilu taun tanpa diburuhan. Kadua, kudu daek dikawinkeun ka budakna anu torek, lolong, jeung pego.

Alatan leuwih sieun ku hukum jeung bebendu Alloh engke di aherat, jalma soleh narima kadua sarat anu diomongkeun ku nu boga tangkal apel. Ceuk fikirna, ari ukur macul tilu taun teu diburuhan mah cetek. Unggal poe ge lamun aya tatangga nu nitah gawe, manehna mah tara pernah ngarep buruh ti manusa. Sagala anu dipigawena diniatan ku ihlas lillahita'ala. Kawin jeung nu torek, pego, jeung lolong moal jadi siksaan. Sabab manehna leuwih sieun panto sawargana teu bisa dibuka alatan teu dihampura ku nu boga tangkal apel.
"Lamun ditengetan tina kasalahan, memang teu sapira. Ukur ngadahar buah apel pamulung. Pihargaeunna oge moal sabaraha. Tapi jalma soleh ihlas narima 'hukuman' nu sakitu beuratna. Sabab manehna taat kana hukum Alloh. Ngan, justru ku alatan kitu, hirupna jadi untung. Manahoreng gening anu disebut budak torek, lolong, jeung pego teh buktina mah geulis campernik lir ibarat widadari ti sawarga. Disebut torek, maksudna ceulina salilana tara dipake ngadengekeun kagorengan batur. Panonna tara pernah dipake melong anu lain pelongeunnana, jeung biwirna tara pernah dipake ngecapkeun kalimah-kalimah nu teu mangfaat ," ceuk Kang Oni.

"Memangna Akang pernah amprok jeung widadari ti sawarga kitu?" Kabayan panasaran.
"Lain kitu. Ieu mah keur ngibaratkeun kageulisan anu taya bandinganna. Tah, pan ari ku taat kana hukum Alloh mah, jalma soleh teh hirupna jadi bagja. Sabab, sawah anu dipacul dibikeun ka manehna, kitu oge budak nu boga tangkal apel jadi pamajikan anu salehah," Kang Oni ngajentrekeun.
"Alah asa ku kabeneran. Sip lah. Sugan we!..." ceuk Lamsijan bari teu talangke, berebet menehna lumpat teu nolih kanu duaan.

"Harrr..., rek kamana ilaing teh euy?" ceuk Kabayan.
"Ka Kang Tata! Kamari uing ngala buah hareupeun imahna can bebeja. Sugan we!" ceuk Lamsijan ngajorowok.

"Euleuh, si kasebelan. Hanyang meunang widadari meureun nya. Nepi ka teu malire ka babaturan," sindir Kabayan.

Kang Oni ukur nyerengeh.
"Sakedap nya Kang. Abdi ge bade ka Abah heula. Kamari bakona dicewol ku abdi. Bisi jadi matak," ceuk Kabayan deui bari semu nu era.
Kang Oni ukur unggeuk.***

Kang Oni : Big Screen

Written By Garut Express on Thursday, April 7, 2011 | 6:06 AM



Big Screen

"MENI geus haget euy. Rek ka mana?" tanya Lamsijan.
"Persiapan we atuh. Apan engke peuting rek tafakur di masigit," tembal Kabayan.
"Aeh, maruk gening. Geus cageur ayeuna mah, make jeung tafakur sagala. Tara-tara ti sasari euy," Lamsijan ngeled.

"Apan jalma mah lain setan. Sanajan hirup uing can bener, tapi hayang we sakali-kalima nyobaan sumerah ka Nu Kagungan," ceuk Kabayan anteb.
"Deuh,... ngeunah ngadenge na ge ayeuna mah. Geus manjing tah keur jadi pasapon di masigit mah. Sabenerna mah uing ge hayang euy milu tafakur teh. Ngan hanjakal Jang Didin ngajak ka dayeuh," ceuk Lamsijan deui.

"Rek naon cenah?" Kabayan malik nanya.
"Malem taun baruan di dayeuh. Ari di kota mah sok rame malem taun baru teh. Loba lalajoaneun cenah," terang Lamsijan.

"Teu lebar kitu?" tanya Kabayan.
"Lebar ku naon?" Lamsijan heran.
"Eta, pedah we ilaing ngadon rek ngahambur-hambur waktu keur pagawean nu mubah. Wal asri tea euy ceuk ustad Jenal mah," ceuk Kabayan deui.
"Lah, ilaing mah sok nyingsieunan wae. Keun we atuh sakali-kali mah uing teh menikmati kaendahan dunya," tempas Lamsijan.

"Enya jig we, da uing ge moal ngahalang-halang. Amaluna amalukum we," potong Kabayan.
"Jam sabaraha rek indit?" tanya Kabayan deui.
"Ngajakna mah bada asar, da make motor mah ngancang. Bisa cungcat-cingcet mun panggih jeung macet," tembal Lamsijan.

"Mangkade we euy, ari kakara nyobaan malem taun baruan di dayeuh mah kudu bari ngagelom batu," ceuk Kabayan serius.

"Ah,... sok aya-aya wae ilaing mah. Naon hubunganna?" Lamsijan motong omongan.
"Eh,... ari teu percaya mah tuh tanyakeun ka Kang Oni meungpeung ka dieu," omong Kabayan bari nyerengeh waktu ninggali Kang Oni nyampeurkeun.
"Aeh, damang Kang?" tanya Lamsijan bari nyolongkrongkeung leungeuna ngajak sasalaman.
"Alhamdulillah Jan, sawangsulna," ceuk Kang Oni.
"Sami-sami Kang, Alhamdulillah," tembal Lamsijan.

"Naha gening can persiapan ilaing mah. Moal milu jeung Kabayan kitu?" tanya Kang Oni.
"Nyeta Kang, kabitana mah kacida. Ngan hanjakal Jang Didin ngajak ka dayeuh," Lamsijan nyieun alesan.
"Duh, lebar temen nya Yan," ceuk Kang Oni ka Kabayan.
"Keun we ah Kang. Amaluna amalukum we. Da enggeus ari dielingan mah," ceuk Kabayan bari ngareret ka Lamsijan.

"Panasaran atuh da Kang. Uing teh hayang lalajo big krim," ceuk Lamsijan.
"Big krim. Maksudna naon big krim teh? Asa kakara ngadenge euy," ceuk Kang Oni panasaran.
"Eta gening ayeuna mah lamun lalajo mengbal di luareun stadion sok dipasang big krim keur panongton nu teu bisa asup," terang Lamsijan stil yakin.

"Oooh,... big screen meureun nu kitu mah. Layar lebar mun ceuk istilah urang mah," tempas Kang Oni bari nahan piseurieun.

"Tah, eta maksud uing mah Kang," Lamsijan buru-buru ngaenyakeun.
"Emhh, sugan teh panasaran hayang ninggali widadari euy ilaing teh," tempas Kabayan.
"Keukeuh, uing mah panasaran euy. Sabab ceuk Jang Didin mah dina layar teh sakapeung sok aya gambar urang disorot, cenah," ceuk Lamsijan deui.
"Nujadi kapanasaran?" tandes Kang Oni.

"Enya, hayang ninggali jiga kumaha dedeg pangadeg uing dina layar, mantes teu. Pan lamun keur disorot pas katenjoeun ku produser mah, susuganan we langsung diajak maen sinetron," terang Lamsijan.
"Emhh, kitu nya. Heueuh atuh, sakalian itung-itung latihan," ceuk Kang Oni deui.
"Latihan naon, Kang?" Kabayan ngembohan.
"Latihan nengetan kalakuan urang sewang-sewangan anu pasti bakal karandapan di aherat," tembal Kang Oni.

"Naha di aherat oge bakal aya big screen kitu?" ceuk Lamsijan.
"Kira-kira samodel kitu. Keur ngagambarkeun lalampahan urang ti miniti lahir nepi ka dirurub di liang kubur," terang Kang Oni.

"Euleuh, kutan! Kumaha atuh nya?" ceuk Kabayan deui.
"Kumaha naon? Naha ilaing pernah nyumputkeun bako nu Abah? Meni nepi ka sepa kitu," tanya Kang Oni bari nyerengeh.

"Is,...lain. Uing mah minantu pang solehna. Ieu mah mangkarunyakeun ka dulur urang nu ieu yeuh!" ceuk Kabayan bari nunjuk Lamsijan ku sikuna.
"Naha make mangkarunyakeun ka uing sagala. Memangna uing teh tukang ceceremed!" Lamsijan rada nyureng.

"Ih, lain kitu lur. Kieu yeuh maksud teh. Apan engke mah di aherat, meureun ditembongkeun oge lalampahan urang dina malem taun baru 2012. Tah, pas teng jam duawelas peuting teh, uing mah jeung Kang Oni katara keur tafakur di masigit. Ari ilaing mah meureun disorot digedekeun teh keur aweuh-aweuhan di kota bari niupan torompet," Kabayan meni adigung.
Lamsijan kawas bueuk meunang mabuk. Teu lemek, teu nyarek. Ngan beungeutna katara kawas nu bingung ku itu, bingung ku ieu.

"Mangkaning, engke di aherat mah moal aya anu kaliwat sadetik oge ngeunaan lalampahan urang salila di dunya teh. Rek nu hade atawa nu goreng, digambarkeun kabeh. Bujeng-bujeng lampah anu kasaksian ku jalma nu lian. Dalah ukur niat alus atawa goreng anu nyangkaruk dina hate urang oge, anu salila ieu mah teu bisa kanyahoan ku batur, bakal ditembrakkeun," beber Kang Oni.
"Kumaha cara nembrakkeunna Kang? Apan ari gerentes hate mah hanteu bisa kakobok ku batur," Kabayan rada bingung. 

"Memang, ari ayeuna mah di dunya, gerentes hate jalma anu sabenerna ukur bisa kanyahoan ku dirina, malaikat anu nyatetkeun amal hade atawa goreng, sareng Alloh Nu Maha Agung. Batur mah moal aya nu apaleun. Tapi ari engke mah di aherat, tangtu bakal ditembrakkeun ka sakabeh jalma anu aya patalina jeung paniatan urang," ceuk Kang Oni.

"Tapi, enya kumaha carana, Kang?" giliran Lamsijan nu panasaran.
"Urang mah teu kudu hayang nyaho carana. Teknologi maha canggih keur ngagambarkeun nu kararitu mah, anging Alloh nu tiasaeun. Moal kapikireun ku mahluk mah. Aggot ku jalma samodel urang anu teu bodo-bodo acan mah," tembal Kang Oni.
"Kumaha atuh?" ceuk Kabayan.

"Tarimakeun we ku kaimanan. Nu penting, ayeuna mah urang kudu pada-pada ngusahakeun satekah polah sangkan lalampahan urang salila di dunya panceg dina aturan Alloh SWT. Tangtu engke gambaran lalakon urang di aherat ge bakal alus. Atuh dina aya anu gorengna oge da memang urang mah lain malaikat, cukup we sauted. Mun bisa mah ukur katembong sagede tai rametuk,"beber Kang Oni.
"Atuh engke mah, paniatan pangagung anu ayeuna teu bisa dijiret ku hukum dunya ge bakal kanyahoan nya?" ceuk Lamsijan.

"Nya heueuh atuh euy! Kitu oge ahli-ahli demo anu salila ieu sok ngatasnamakeun rahayat, engke mah bakal kanyahoan paniatan aslina," Kabayan ngengklokan.

"Leuh, tada teuing keur pagawe demo bayaran anu disaur ku Pa Kapolres tea nya. Mangkaning babasaan jeung kalakuanna oge meni saromeah. Gening lamun keur demo teh, bahasa kancing coplok ge milu bararijil. Terus ngadurukan ban ngahalangan jalan. Ngendeuk-ngeundeuk pager kantor pamarentah nepi ka ruksak. Pikumahaeun tah engke di aherat diganjarna ku malaikat. Sabab sarua gening sok ngajurualan ngaran rahayat," ceuk Lamsijan.

"Heueuh, numatak jug gera indit. Tuh Jang Didin geus nyampeur," potong Kabayan.
"Duh, hapunten Kang teu cios ka daeyuh teh. Itu Mang Ewokna tos dicandak uih," Jang Didin sasadu ka Lamsijan.

"Har, na kumaha kitu ieu teh dongengna?" ceuk Kabayan.
"Sumuhun Kang, tadina mah abdi teh ngajak Kang Lamsijan ka dayeuh. Maksad ngemitan pun paman dirawat di rumah sakit. Namung nembe Mang Ewokna gening tos di bumi deui, da saur dokter tos tiasa rawat jalan saurna. Janten, punten nya Kang, teu cios ka dayeuhna," terang Jang Didin bari terus ngabiur deui numpak motor sanggeus amitan ka Lamsijan. Lamsijan ukur unggeuk.
"Terus, ari sual big screen tea kumaha?" tanya Kabayan ka Lamsijan.
"Engke,... di aherat eta mah!" tembal Lamsijan bari keom.
Kabayan langsung nyakakak. Kang Oni mah ukur seuri koneng.***

Kang Oni : Demokrasi

Written By Garut Express on Wednesday, March 16, 2011 | 6:03 AM



Demokrasi

"KEUHEUL Yan uing mah!" Isuk keneh Lamsijan geus jamedud.
"Keuheul ku naon? Isuk keneh mukamu meni tidak bersahabat begituh euy!" tembal Kabayan.
"Ari kahayang teh cik atuh sora uing ge dengekeun," ceuk Lamsijan deui.
"Aeh, apan ieu ge uing teh keur ngajakartaan omongan ilaing!" potong Kabayan.
"Naon maksud ngajakartaan teh?" Lamsijan malik nanya.
"Enya, ari ukur ngabandungan mah deukeut teuing. Matak ngajakartaan ambeh leuwih jauh," tembal Kabayan asal.

"Ah,...ilaing mah sok bari heureuy wae," Lamsijan gegeleneng.
"Heueuh, naon atuh maksud ilaing teh nu sabenerna?" tanya Kabayan.
"Apan cenah nagara urang teh nagara demokrasi. Tangtu sakabeh rahayat boga hak anu sarua keur ngedalkeun kahayangna. Tapi gening naha ari palebah uing anu boga kahayang, Pa Kades teh meni teu daek ngadenge-dengekeun acan," Lamsijan angger gegeleneng.
"Memangna ilaing teh hayang naon nepi ka kudu protes ka Pa Kades sagala?" tanya Kabayan deui.
"Hayang we atuh kawas batur milu digawe di desa," ceuk Lamsijan.
"Emmmh, kitu-kitu wae meni make protes sagala. Cetek atuh ari ukur kitu mah. Teu kudu make geruh ka Pa Kades sagala. Uing ge sanggup ari ukur ngagawekeun ilaing di desa mah. Hayu milu jeung uing!" ajak Kabayan bari cengkat.

"Ka mana?" tanya Lamsijan.
"Heueuh ka bale desa," ceuk Kabayan.
"Nyaan ieu teh?" Lamsijan teu yakin.
"Naha ilaing teu percaya ka uing?" ceuk Kabayan rada tarik.
"Percaya...percaya. Apan ilaing mah urut tim sukses Pa Kades. Enya,...tangtu bakal didenge nya. Tapi, kaasup KKN kitu henteu ieu teh?" ceuk Lamsijan semu atoh.
"Diwenangkeun KKN ge keur urusan nu kieu mah. Geus tong kalahkah omong. Hayu urang indit. Sakalian bawa pacul euy! Asa kabeneran, kamari uing ninggali jukut di pipireun bele desa ngajejembrung keneh," ceuk Kabayan deui.
"Eh...eh. Naha..., rek nitah macul ka uing atuh ana kitu mah! Ih..., teu sararudi teuing!" ceuk Lamsijan bari ngabirigidig.

"Harrr,...ari ilaing. Henteu lieur mah?" ceuk Kabayan bari miringkeun curuk dina tarangna.
Lamsijan ukur ngadengus. Sasakali leungeunna nenggorkeun karikil ka tengah balong.
"Apan cenah tadi ceuk ilaing hayang milu digawe di desa. Ari diajak saenya-enya, ngadon bibirigidigan!" sindir Kabayan.

"Ari ukur meresihan jukut bari teu dibayar mah teu kudu menta tulung ka ilaing atuh. Maksud teh sugan we bisa-bisa jadi ulis, atawa sahenteuna jadi kaur atuh," potong Lamsijan.
"Wah, ilaing jadi kaur mah engke di desa moal kaur atuh!" ceuk Kabayan bari nyakakak.
"Maksud ilaing?" Lamsijan protes.

"Heueuh, ari ilaing jadi kaur mah desa teh atuh moal maju-maju. Sabab teu kaur desa meunang bantuan pasti ku kaurna disunatan. Jadi teu kaur-kaur," Kabayan beuki nyakakak.
"Borokokok siah!" Lamsijan ambek.

"Ari hayang jadi nu kararitu mah ulah ka uing, lain bageanna. Tah,...kabeneran aya Kang Oni, sugan bisa mantuan," ceuk Kabayan bari nyerengeh basa ninggali Kang Oni rentang-rentang nyampeurkeun.
"Keur naraon ieu teh, meni bangun nu barungah?" ceuk Kang Oni.
Lamsijan asa mobok manggih gorowong aya Kang Oni teh.
"Tah, kaleresan Kang. Nanya ka si ieu mah jawabanna teh kawas nu kieu!" ceuk Lamsijan nyengir bari miringkeun curukna dina tarangna.

"Harrr..., puguh ilaing nu otakna kawas kolecer mah!" Kabayan embung eleh.
"Geus...geus, maseakeun naon ieu teh?" tanya Kang Oni deui.
"Kieu Kang. Apan nagara urang teh nagara demokrasi. Cenah sakabeh warga nagara boga hak anu sarua dina sagala widang. Kitu oge kuring meureun. Tapi naha gening ari kuring hayang milu digawe di desa kawas nu lain, Pa Kades meni teu malire!" Lamsijan meni nyoroscos.
"Hayang jadi naon kitu?" tanya Kang Oni.
"Mun tiasa mah jadi ulis. Tapi dina henteuna oge, atuh jadi kaur kaur lah. Ieu mah sakalian hayang nembongkeun bakti kuring ke lemah cai," Lamsijan jiga nu heueuh.
"Boga ijazah?" tanya Kang Oni deui.

"Pernah! Baheula asana mah, basa rek ngamimitian muasaan elmu anticukur diijajahan ku Bah Embi teh," tembal Lamsijan bari semu nu nginget-nginget deui.
"Ihhh teu nyambung nya. Lain ijajah. Ijazah ieu mah," ceuk Kang Oni.
"Bentenna?" Lamsijan malik nanya.
"Panjang lamun diterangkeun mah. Kieu we atuh, ambeh singket. Ari ilaing pernah sakola teu?" tanya Kang Oni.
"Wah, rek iraha sakolana. Pan ti bubudak ge kuring mah hayoh di sawah mantuan Abah!" tembal Lamsijan.
"Ohhh, jadi pasti moal boga ijazah atuh nya," ceuk Kang Oni.
"Mun teu boga?" tanya Lamsijan deui.

"Enya hese atuh hayang jadi kaur teh. Komo jadi ulis mah," terang Kang Oni.
"Naha, apan cenah nagara demokrasi," Lamsijan protes.
"Euh...dasar belekuk. Hayoh we protes. Geus puguh teu boga sajadah, keukeuh we hayang ngageulis!" emboh Kabayan ka mana-mendi. Lamsijan nyureng.
"Justru kulantaran nagara demokrasi. Numatak lamun nangtukeun tiap perkara ge kudu make aturan. Maksudna ambeh adil keur sarerea!" tembal Kang Oni.

"Moal bisa menta tulung ka Kang Bajuri? Apan anjeunna mah kapala rahayat! Wawakil kuring di DPRD. Sumpah, keur mah deuih baheula waktu pemilu uing milu nyolok anjeunna," Lamsijan panasaran.
"Ulah ditambahan dibeungbeuratan ku kahayang urang nu teu maruk atuh Kang Bajuri teh. Karunya! Maenya anjeunna kudu mirucaan teu bener onaman mah," bela Kang Oni.
"Apan cenah kapala rahayat. Maenya teu bisa mantuan kitu-kitu acan. Keur naon atuh jadi wawakil kuring lamun kitu mah?" Lamsijan keukeuh.
"Justru, salah sahiji pancen anjeunna teh negetan pamarentah bisi ngalakukeun hiji perkara anu teu maruk jeung aturan," terang Kang Oni.

"Naon hubunganna jeung kahayang kuring?" ceuk Lamsijan deui.
"Apan ilaing mah teu boga ijazah. Ari ulis mah ukur jatah keur anu kungsi ngasaan bangku sakola, kasep!" ceuk Kang Oni deui.

"Naha, apan nagara demokrasi cenah?" Lamsijan garo-garo teu ateul.
"Enya, da lain nagara demo crazzy!" tembal Kang Oni.
"Maksudna?" potong Lamsijan.

"Enggeus Kang tong dihaminan wae. Kagering-gering nerangkeun ka si eta mah. Moal ngarti-ngarti. Ma'lum, teu acan kantos nuang korsi sakolaan!" sela Kabayan bari nyakakak.
"Memangna ilaing pernah sakola kitu?" tanya Lamsijan ka Kabayan.
"Teu pernah! Naha saha kitu anu wani mitnah kuring majar pernah sakola?" tembal Kabayan bari keom.
"Yes!!! Aya balad geing euy nu belekuk teh!" ceuk Lamsijan.
"Ha...ha...hah," Kang Oni.***
 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger