Home » , » Kang Oni : Wartawan

Kang Oni : Wartawan

Written By Garut Express on Sunday, February 3, 2013 | 7:49 PM



Wartawan

     Teu kalis ku sakali. Gep deui leungeun ‘Kang Oni kana pulpen. Karepna nyoretan konsep sambutan, nu dianggapna kurang merenah keneh. Sakedapan ‘Kang Oni ngahuleng. Kabayan jeung Lamsijan ukur silireret. Ngantep ‘Kang Oni nu uleng mikir. Ngope sambutan minangka wawakil ti balarea, dina raraga mieling milangkala Hari Pers Nasional. Kitu ge bane we diperedih ku panitiana.
     “Paingan ceuk Si Samid. Sakeudeung deui bakal riweuh ku pagawean. Kudu ngasruk ka saban desa, nu baris narima bantuan dana ti propinsi” omong Lamsijan daria naker. ‘Kang Oni kabengbat. Cul ninggalkeun kopeanana.
     “Naha cekel gawe naon Samid teh, euy?” ceuk ‘Kang Oni helokeun. 
     “Apan ayeuna mah gaya, ‘Kang! Manehna jadi wartawan.” walon Lamsijan bari metakeun rigig sobatna. Pepedengklengan. Kabayan ngadadak curinghak. tapi ‘Kang Oni mah bati mesem.
     “Naon urusanana wartawan kudu ngasruk ka saban desa sagala? Naha bet pipilueun riweuh kana pembagian bantuan proprinsi?” tempas Kabayan rada nyureng. Teu panuju kana lampah model kitu.
     “Samistina ari dek nalungtik mah. Bisi aya desa nu ngalarapkeun bantuan, nu teu loyog jeung aturan ti pamarentah. Tapi mun maksudna pasalia tina tugas mah, hartina ngarumpak kana aturan propesi. Nu kitu, nu dilarang teh..” ‘Kang Oni ngalempengkeun pasualan.
     “Ah teuing dek nalungtik, teuing dek naon, ngan ceuk Si Samid mah bakal panen we.. Nu matak sabenerna ti baheula uing mah hayang jadi wartawan teh” tembal Lamsijan. Teu kiceup, teu peureudeuy. Saharita Kabayan nyerengeh.
     “Ilaing geus boga modal naon..?” ceuk Kabayan.
     “Naha kawas nu rek dagang, make kudu boga modal sagala…?” Lamsijan gancang nempas.
     “Nya heueuh atuh..! Naon rupa gawe ge kudu ngabogaan modal, nu bisa nyumponan kana widangna” walon Kabayan. ‘Kang Oni manggut-manggut.
     “Ah.., imposibel, euy! Geuning Si Samid bisa ujug-ujug jeneng wartawan. Manehna ge ngajakan uing, urang jadi wartawan, cenah. Gawe enteng. Gajihna ngalir saban poe. Cur-cor ti ditu, ti dieu…!” Lamsijan gede hate.
     “Ngimpi nu kitu mah, euy! Eta oge nu kasebut informasi sesat teh… “ sora Kabayan rada ngabedasan.
     “Teuing uing mah…! Behna ge Si Samid bisa hirup sugih. Padahal tadina luntang-lantung teu puguh pakasaban… Ayeuna mah gaya! Pakaian gandang, dikacamata, mawa kamera, make motor.. Lah geus we, teu kasilih ku pangkat pagawe kantoran” Lamsjian ngagulkeun sobatna.
     “Cekel gawena ti media naon, euy…?” ceuk ‘Kang Oni.
     “Nya ti media massa we, ‘Kang….!” tembal Lamsijan.
     “Kudu puguh atuh. Ti media cetak atawa media elektronik? Mun ti media cetak, ti koran atawa majalah naon? Ti media elektronik, ti radio mana atawa televisi mana…?” ‘Kang Oni nandeskeun.
     “Ke atuh urang tanyakeun heula nya.. Wayah kieu mah manehna tacan aya di imahna. Cenah, biasana keur sibuk keneh di lapangan” ceuk Lamsijan.
     “Jadi ilaing teu nyaho mediana?” Kabayan nyempalan.
     “Uing mah nyaho soteh wartawan we..” Lamsijan semu keuheul.
     “Naon buktina…?” Kabayan teu eleh nyureng.
     “Apan nyakuan kartu wartawan, euy!” Lamsijan semu nyegag.
     “Heueuh.., ti media mana…?” ‘Kang Oni nyedek deui.
     “Ah teuing atuh lebah media mah!” Lamsijan ngahuleng.
     “Apan ditulis dina kartu wartawanna…” ‘Kang Oni nyerengeh.
     “Puguh teu kungsi ditengetan, ‘Kang! Nenjo teh ukur sajorelat we. Sidik aya potret manehna. Make dasi… Pokona mah gaya!” tembal Lamsijan.
     “Tanyakeun deuih ku ilaing, ti organisasi naon? Ayeuna mah wartawan teh rea organisasina. Aya beungkeutanana nu resmi. Lain PWI wungkul!” Kabayan milu nandeskeun.
     “Naon gunana uing kudu nyaho sagala?” Lamsijan nyorongot.
     “Ih ulah lalawora…! Mun akon-akon wungkul ngaku wartawan, bari teu kacatet dina organisasina, bisa kajiret ku hukum. Komo mun codeka kana profesina mah. Ulah pedah ngarasa wartawan, terus bisa milampah sakarepna” omong ‘Kang Oni leuwih tandes.
     “Ceuk uing ge, ulah haripeut ku teuteureuyeun…Kudu puguh heula sagala rupana. Matak uing nanya, ilaing geus boga modal naon?” ceuk Kabayan.
     “Lebah modal mah, rumasa uing teh jalmi nyondong. Nyampak we saban poe di imah. Teu boga harta pakaya…Naha kudu sabaraha waragadna, euy?” Lamsijan wangun leuleuy.
     “Uing teu nanya gedena, tapi naon modalna, euy? Cohagna, boga kabisa naon? Ilaing ukur bisa maca jeung nulis, lain?” omong Kabayan sajeplakna.
     “Nyaaa.., taram-taram mah bisa. Ngan sakapeung kapaksa kudu ngejah heula…” Lamsijan balaham-belehem.
     “Hampuran, euy..! Pangkat ilaing masih keneh di bawah garis kebodohan keneh atuh..! Kudu ngelmuan heula propesina. Tah eta modal utama mah” ceuk Kabayan panceg. Sakedapan Lamsijan ngahuleng.
     “Uing teu boga hak jadi wartawan atuh?” Lamsijan ngaheruk.
      “Ih eta mah hak semua orang! Tapi kudu jeung elmuna” omong Kabayan meperan karep sobatna. “Mun teu dibarengan ku elmuna, tinangtu balukarna talag-tolog. Teu wawuh jeung aturan samistina…” pokna deui.
     “Heup heula, euy! Tah eta hade keur bahan konsep uing. Merenah.” ‘Kang Oni gancang ngajengkat. Ngadeluk deui neruskeun kopean sambutan. Puguh, Kabayan jeung Lamsjian olohok. ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger