Home » , » Nyekar

Nyekar

Written By Garut Express on Wednesday, February 20, 2013 | 7:21 PM

Nyekar

BALIK nyekar ti Cipeujeuh. Poe moreret. Langit bengras. Lenglang taya aling-aling. Tapi Kang Oni leumpang bangun rusuh. Ngagedig. Kabayan jeung Lamsijan oge kapaksa gura-giru. Lengkahna marengan Kang Oni. Miheulaan aleutan jalma, nu papada milu ngahadiran acara tradisi taunan. Ngalaksanakeun budaya nyekar ka makam (alm) R Aria Adipati Adiwijaya. Dalem Cipeujeuh tea. Eta minangka pangajen ka Bupati Garut, dina mieling milangkala Garut ka dua abad.

“Naha bet kudu rurusuhan, Kang?” Lamsijan ngudag lengkah Kang Oni.

“Dug-cur ayeuna mah, euy! Mangkaning moe pare!” tembal Kang Oni.

“Ah.. poe sakieu hadena! Peupeuriheun keur ngecrek hujan, urang teu bisa ingkah ti imah,” omong Lamsijan murukusunu.

“Meh gancang bisa reureuh di Alun-Alun we atuh!” Kang Oni ngareret. Lamsijan jeung Kabayan bati nyerengeh. Teu puruneun deui nembal. Barang srog nepi ka tujuan, Kang Oni ngajak nyendol di juru Alun-alun. Gek tiluanana ngadon reureuh di handapeun sorodoy tukang cendol. Teu nunggu dikomando deui, leguk Lamsijan nguyup cendol, kuat ka ledisna.

“Kakara ayeuna uing mah milu nyekar teh, euy!” Lamsijan marahmay bari nyusutan biwirna, nu rambay ku kalapa meunang marud.

“Mokaha we ilaing mah,” Kabayan ngengklokan.

“Wah, naha make mokaha sagala?” tempas Lamsijan.

“Tacan karuhan kabeh warga nyaho, euy! Pagawe Desa Jeruk Purut wae, biheung teuing,” tandes Kabayan.

“Enya ilaing mah mokaha! Nu sejen mah karereanana lebeng teu nyaho. Tong boro kungsi milu nadran, teu apaleun ka lebah makamna acan..” Kang Oni nguatan deui.

“Teu kaharti uing mah! Naha nyekar teh ukur ka Cipeujeuh wungkul, apan rea dalem sejenna nu kungsi mingpin Garut”  Lamsijan ngahuleng.

“Lain maksud nadran ka makam bupati manten ieu mah, tapi pangajen dina mieling sajarah ngadegna Kabupaten Garut, nu dumasar kana momentum” omong Kabayan teger.

“Momentum? Lain kabeh dalem baheula teh geus papada ‘momentum’, euy?” Lamsijan ngahuleng deui.

“Tah.., bola geus mimiti kusut deui, Kang!” Kabayan nyerengeh. Lamsijan masih olohok keneh.

“Aya-aya wae ilaing mah! Tong disaruakeun atuh ‘momentum’ jeung ‘in-memoriam’,” ceuk Kang Oni semu keom.

“Tah enya ‘in-memoriam’! Puguh uing mah sok saru wae, euy!” Lamsijan seuri koneng.

“’Momentum’ mah titimangsa kasajarahan… Mun ‘in-memoriam’, ngaguar katineung ka nu geus taya dikieuna” Kang Oni gancang nempas.

“Dumasar kana sajarahna, basa ngabaladah lapak anyar nu kiwari jadi dayeuh Garut teh, dipingpin ku RAA Adiwijaya. Harita mah Bupati Limbangan keneh,” Kabayan ngaguar riwayat.

“Oooh.., panyana teh pedah makam Bupati Garut, nu aya di Cipeujeuh”

ceuk Lamsijan bari terus ngahuleng.

“Sidik euy.! Nu ngaran jasa mah manjang tur baris dipieling ku balarea. Saha wae pejabat nu neundeun jasa monumental, tinangtu baris meunang pangajen. Nadran teh pangajen. Mieling kana jasana,” omong Kang Oni, rengse babayar cendol.

“Heueuh nya..! Saban nalungtik kaaslian wangunan Babancong wae, teu weleh kasabit ngaran Bupati Garut nu ngaruksak kaaslian wangunanana,” ceuk Lamsijan, bari nuturkeun Kang Oni ngadeukeutan Babancong.

“Asa teu nyambung lebah dinya mah, euy!” Kabayan rada kerung.

“Maksud teh, hade goreng oge sarua papada manjangkeun carita,” sora Lamsijan ngadadak ngabedasan. Keuheul, dianggap teu nyambung.

“Tah air kitu onaman merenah, euy! Uing mah ngalaman motret, basa Babancong dipugar teh,” ceuk Kang Oni wangun reueus.

“Taun sabaraha, Kang?” Kabayan curinghak.

“Asa cik keneh, euy! Taun 1984. Bulan Nopember kapareumnakeun,” tembal Kang Oni.

“Akang kungsi nyarek?” Lamsijan nempas.

“Ih teu wasa atuh, da uing mah sakadar rahayat. Tapi harita oge kungsi saheng, ngaliarkeun pacengkadan dina koran-koran. Malah cenah, rek digugat ku bagian kapurbakalaan. Behna mah jempling nepi ka kiwari oge,” Kang Oni mulangkeun katineung. Neuteup wangunan Babancong wanda sejen.

“Eta teh niat hade, teu salawasna jadi kahadean,” Kabayan mairan.

“Naon maksudna?” Lamsijan gancang nembal.

“Cenah mah ngahaja wangunan Babancong nu jangkung teh dihandapan! Maksud juragan bupati mah, sangkan eta wangunan kuno ulah titinggal sajarah taya purieunana. Nya dipendekkan, malar bisa jadi mimbar pidato dina upacara kanagaraan atawa pamarentahan.. Enya oge mangpaat, tapi dina sual kaaslian sajarah mah, moal weleh goreng kasebutna,” Kabayan medar pamanggihna.

“Ari puguh mangpaatna mah, urang kudu mieling atuh ka eta bupati teh,” Lamsijan rada kokolot begog.

“Kumaha pamanggih ilaing, euy?” Kang Oni mesem, malik ka Kabayan.

“Puguh we dipieling mah,” walon Kabayan.

“Iraha mimitina?” Lamsijan haripeut.

“Jaga…! Mun aya acara mieling Babancong,” Kabayan ngabalieus. Kang Oni nyalakatak seuri. Lamsijan bati jamedud ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger