Home » , » Kang Oni : Agus Katilu

Kang Oni : Agus Katilu

Written By Garut Express on Saturday, March 16, 2013 | 8:29 PM


Agus Katilu

SABRAYNA tina lawang panto imah. Kang Oni diuk ngangunjar. Reureuh meupeuskeun kacape tas napak tilas, ti puseur Limbangan ka Garut. Lamsijan ngagelendut cumarita, bari mencetan suku Kang Oni. Kabayan anteng neuteup lalangit. Nangkarak bengkang. Ngabugigag.
“Uing mah asa lieur ngabandunganana, euy!” omong Lamsijan.
“Puguh hoream ku jaman kiwari mah. Lalampahan ka Bandung teh, teu weleh macet jeung banjir. Teu tumaninah di jalanna. Hayang geura nepi we!” Kabayan gancang nempas. Kang Oni nyerengeh.
“Saha nu rek nyaba ka Bandung? Salah kabel atuh ilaing mah. Lain sual lalampahan ka Bandung, tapi bab ngabandungan,” ceuk KangOni
“Ngahaja meh teu bosen, Kang! Ulah ngabandungan wae, matak naon mun ngabogoran, atawa ngabantenan? Naha ilaing lieur kunaon?” Kabayan ngareret ka Lamsijan.
“Ti mana atuh sabenerna ngitung runtuyan Bupati Kabupaten Garut teh? Nepi ka kiwari uing mah sok pasalia wae jeung batur! Uing hayang nu akurat!” walon Lamsijan saregep.
“Ari ilaing mun milang sok ti angka opat?” Kang Oni nyempalan.
“Nya galib we jeung batur! Ti angka hiji, Kang,” Lamsijan keom.
“Heueuh sarua we. Runtuyan Bupati Garut ge ti nu kahiji heula,” Kang Oni negeskeun. Gep leungeunna ngarawel pisin, nu dieusi balur beas kencur. Rap dibalurkeun kana kadua buah bitisna.
“Puguh eta nu matak jangar teh,” Lamsijan wangun humandeuar.
“Jangar kunaon, euy?” tempas Kabayan.
“Balarea urang Garut ge papada nyaho, yen Bupati Garut munggaran teh R Aria Adipati Adiwidjaya. Tapi naha ngaran RAA Soeria Kartalegawa oge, sok disebut Bupati Garut munggaran? Jadi nu munggaran bet aya dua?” Lamsijan ngahuleng. Ret ka Kang Oni, terus ka Kabayan.
“Heueuh RAA Soeria Kartalegawa eyangna aktor film kawentar almarhum Dicky Zulkarnaen teh, Bupati Garut munggaran saprak Kabupaten Limbangan dilebur jadi Kabupaten Garut. Ari RAA Adiwijaya mah diitung ti jaman Garut masih jadi Kabupaten Limbangan keneh,” Kabayan ngajentrekeun.
“Oooh.., ari kitu mah, teu salah mun uing nyebut Bupati Garut munggaran teh RAA Soeria Kartalegawa!” Lamsijan manggut-manggut.
“Enya napak kana sajarah mimiti dina pamarentahan Kabupaten Garut mah, sabenerna nu munggaran teh Soeria Kartalegawa. Tapi nu ilahar diitung mah, ti mimiti Kabupaten Garut nelah Kabupaten Limbangan keneh,” Kang Oni milu nguatan.
“Kaharti mun remen gejlog dina runtuyan sajarah Bupati Garut, sabab gumantung ti mana mimiti ngitungna. Teu kudu lieur!” ceuk Kang Oni deui.
“Ngan mun karasa lieur keneh, kudu gancang muntang…Gek heula diuk! Ulah maksakeun terus leumpang. Sabab bakal titotolonjong. Antukna tikusruk!” Kabayan nyempalan bari nyerengeh.
 “Uing mah muji ka ilaing,” ceuk Kang Oni.
“Naon pujieunana, Kang?” Lamsijan curinghak. Irungna rada kembung.
”Enya ge bodo, tapi alewoh! Ilaing mah daek tetelepek. Tatanya. Keun ari ‘ko-be’ kokolot begog mah, hampuraeun! Anggap tukang maen bal, nu hayoh we kasenteg opset,” walon Kang Oni seuri koneng. Lamsijan kalah ngahuleng. Bulak-balik ngitungan ramona. 
“Ngitung naon, euy..? Mani uleng kitu?” Kabayan heraneun.
“Jadi Agus Hamdani teh Bupati Garut ka-26, nya?” omong Lamsijan.
“Heueuh, diitung ti jaman Kabupaten Limbangan keneh,” ceuk Kabayan.
“Mun ti ngadegna Kabupaten Garut?” Lamsijan nyedek.
“Ah.. ukur kacek opat! Itung we sorangan,” Kabayan ngabalieus.
“Kawasna kuat ku sajarah. Behna mah kiwari nyorang deui kana sajarah Garut baheula. Garut dibupatian ku terah Limbangan,” omong Lamsijan.
“Baheula oge kungsi aya! Ir Hasan Wirahadikusumah, terah Limbangan,” tempas Kang Oni paceg.
“Enya, ngan nu ayeuna minangka urang Limbangan pituin, euy!” Kabayan gancang mairan. “Cukang lantaranana mah kumaha we! Saha nu nyangka atuh Dicky Chandra mundur tina Wakil Bupati Garut. Horeng, eta jalanna keur Agus Hamdani jadi gagantina. Ger deuih Aceng HM Fikry lengser! Bray we panto karir Agus Hamdani mesat! Makalangan jadi Bupati Garut, sanajan nyerepan sajero 10 bulan oge,” omongna deui.
“Sidik pisan Garut mah sejen ti nu lian. Kiwari ngalaman deui dipingpin ku ngaran Agus. Dua Agus samemehna, papada sarua teu cacap tugasna. Kaburu lengser tina jabatanana. Nu katilu ukur 10 bulan, tapi sejen deui caritana. Lain lengser,  tapi ngeusian sesa masa jabatan Aceng Fikri,” omong Kang Oni.
“Tah ilaing mah saksi sajarah! Tangtu nyaho, naon pangna Tumenggung Agus Padmanagara ngan sataun mancen Bupati Garut?” ceuk Lamsijan ka Kabayan.
“Kasus Agus Padmanagara mah patula-patalina jeung sual harkat menak. Bubuhan dina jaman feodal, gelar menak teh luhur harkatna. Teuing kumaha mimitina, cenah pamarentah Walanda cangcaya kana gelar menak eta bupati,” Kabayan saregep naker.
“Tah rada caang sakitu ge, euy!” Kang Oni mesem.
“Eta nu kapanggih ku almarhum RS Affandie Djayadiningrat, nu leuwih nelah Aom Emon tea! Seniman Sunda teureuh menak, nu kungsi jadi Kepala DPUK Garut. Uing nimu raratan Agus Padmanagara teh, ti Kang Iyus Suhata, wartawan ‘Antara’ manten di Garut! Sakitu-kituna we,” Kabayan wakca.
“Cindekna mah rek diitung ti mimiti Kabupaten Limbangan, atawa geus jadi Kabupaten Garut ge, Agus Hamdani mah tetep Agus katilu dina runtuyan Bupati Garut,” Kang Oni mungkas carita.
“Nya heueuh atuh, Kang…!” Lamsijan jeung Kabayan seuri koneng.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger