Home » , » Kang Oni : Samida

Kang Oni : Samida

Written By Garut Express on Sunday, March 31, 2013 | 5:53 AM


Samida

REUREUH cape tas ngomekeun kenteng imah nu nyarorosod, Kang Oni nyangsaya deukeut lawang panto. Lamsijan nu gadag-gidig mantuan, gancang nunda deui taraje ka pipir imah. Kabayan anteng ngalintingan daun kawung bari sila tutug. Gek Lamsijan diuk gigireun Kabayan.

“Mokaha Garut mah, euy! Di sakuliah nagri urang mah, ngan Kabupaten Garut nu kungsi nyieun sajarah anyar. Milu mieling Hari Film Nasional! Hanjakal we ngabuntu laku. Kakara sakali-kalina, basa taun 2010,” omong Kabayan muka carita.

“Ah eta mah, urusan para selebritis jeung inohong perfilman atuh. Naha urang bet kudu pipilueun sagala…?” walon Lamsijan lempeng.

“Tah pamanggih ilaing model kitu, nu nyaliara keneh di sawatara pejabat kabupaten oge, euy!  Teu malire kana sajarah. Apriori nu kitu teh, euy!” tempas Kabayan panceg.

“Heueuh naon urusanana urang daerah mieling Hari Film Nasional? Keun we eta mah urusan insan selebritis. Urusan bentang film, jeung artis sinetron!” walon Lamsijan ngabedasan.

“Sidik keur Garut mah sejen deui, euy! Apan Garut mah mibanda historis panjang dina widang film nasional,” ceuk Kabayan beuki tandes.

“Kutan…! Kanyaho uing mah, Hari Film Nasional teh mieling ngadegna perfilman ku yasana almarhum H Usmar Ismail saparakanca. Titimangsana tina ngamimitian suting film ‘Darah Dan Doa’. 30 Maret 1950,”  Lamsijan teger.

“Taaah.., keur hade sinyalna, Kang!” Kabayan gancang nyempalan, muji kana pamanggih Lamsijan.
“Mokaha boga kanyaho sakitu ge, euy!. Bener kitu pisan dumasar kana sajarahna mah, tapi sajeroning eta Garut geus ngembangan riwayatna,” Kang Oni mairan. Lamsijan saharita ngahuleng.

“Uing mah sok inget ka jenatna Pa Haji Arman Effendy, euy! Dina jaman hesena jadi bentang film, Garut kaceluk ku ayana Pa Arman makalangan dina film ‘Anak-Anak Revolusi’ taun 1964,” ceuk Kabayan nganteur panyawangna.

“Aeh heueuh, euy Urang teh kungsi mibanda aktor film legendaris, nya! Tina biduan orkes ‘Dendang Kelana’, ngajaul jadi bentang film kawentar,” ceuk Lamsijan reueus.

“Puguh dina widang kaartisan film mah, Garut teh euyeub nepi ka kiwari. Meh taya surudna. Merul makalangan dina televisi. Tapi balarea mah taya nu nyaho, yen urang Garut ge aya nu makalangan jadi juru kamera film.kawentar!” tempas Kang Oni.
“Saha kitu, Kang?” Lamsijan curinghak.

“Almarhum Raden Husein! Kameraman ti mangsa kajayaan NV ‘Perfini’ nu dikokolakeun ku Usmar Ismail tea. Eta teh pituin urang Cimasuk!” omong Kang Oni tandes.
“Kawasna moal kaitung kaartisan terah Garut, nu makalangan nepi ka kiwari, nya euy?” ceuk Lamsijan malik ka Kabayan.

“Heueuh, ngaberesetna mah, euy! Tapi nu panceg mah entragan jaman katukang we, sabab eta profesina geus permanen. Lain nu midang ti jaman sinetron ‘streaping’…Kakara nengtet ge dina sinetron, geus disebut aktor jeung aktris!” Kabayan seuri koneng.

“Mistina mah Saptu kamari teh urang ka Selaawi, euy!” omong Kang Oni.
“Aya naon ka Selaawi, Kang?” Lamsijan olohok.

“Apan Hari Film Nasional di Garut mah, dipuseurkeun di Selaawi! Komo mun dihadiran ku para inohong katut bentang film kawentar mah, tinangtu Garut baris nguatan kana sajarah anyarna,” omong Kang Oni.
Lamsijan nyeuleukeuteuk seuri.

“Naha ilaing bet seuri, euy?” Kabayan nyorongot.

“Teu salah eta teh? Apan nu kariaan teh insan perfilman ti puseur dayeuh, tapi naha diayakeunana bet di pakampungan!”  Lamsijan ngahuleng. Teu lila, pok deui nanya  “Kumaha sajarahna…?”
“Taun 1947 basa Selaawi masih jadi bawahan Kacamatan Limbangan, aya wanita nu milu bajoang marengan Kapten Edi Endang carogena. Eta kumendan pasukan gerilya nu kaceluk ganteng teh, nemahan pati. Perlaya ditawan ku gorombolan pangacow kaamanan,“ omong Kang Oni.

“Tangtu jasadna di Makam Pahlawan atuh, Kang!” Lamsijan nempasan.
“Nu matak nepi ka kiwari, jasad Kapen Edi teh teu kapaluruh. Teuing di mana! Bejana mah diasupkeun kana karanjang awi, dicehcer ku congo bedil, terus dialungkeun ka walungan Cimanuk nu keur meujeuhna ngagulidag” Kang Oni ngaguar pamanggihna deui. 

“Astagfirullohal adzim…! Emh aya ku telenges kitu nya, Kang?” Sora Lamsijan meh teu kadenge. “Ke.., ari bojona teh urang Selaawi?” pokna deui.

“Urang Bandung! Ilaing ge apal ka almarhumah Sofia WD tea!” tempas Kabayan.
“Eta mah bentang film kakoncara, euy!” Lamsijan curinghak.    

“Heueuh..! Heuleut sataun ti basa gerilya di Limbangan, Sofia makalangan maen film. Judulna, ‘Air Mata Mengalir di Tjitaroem’! Saur jenatna Pa Rustama nu kungsi jeneng Ketua DPRD Garut, eta lalakon filmna badis nu kaalaman ku Sofia di Limbangan,” Kabayan ngajentrekeun.
“Naha bet nyambung ka Pa Rustama sagala, Kang?” Lamsijan olohok.

“Apan Pa Rustama kungsi jadi anak buah Kapten Edi. Babarengan gerilya di Limbangan” walon Kang Oni. Lamsijan manggut-manggut. 

“Matak uing mah dek usul ka Kang Aham, nu pituin urang Limbangan. Cing atuh tarekahan ngawangun monument juang di Samida, euy! Minangka pangajen keur para pajoang, nu perlaya di Garut Kaler,” omong Kabayan.

“Lain aya Monuman Juang di Selaawi, tea!” ceuk Lamsijan.
“Eta teh tacan nyumponan kana kahayang Bu Sofia! Basa jumeneng keneh, Bu Sofi midangdam pisan kana ayana monumen juang di Kampung Cibungur, Desa Samida. Tempat nu jadi saksi perlayana Kapten Edi,” ceuk Kabayan.

“Enya geura usulkeun ka Kang Aham atuh! Uing siap jadi pemborongna. Lumayan we!” Lamsijan haripeut naker.

“Ih baku ilaing mah! Jadi hoream neruskeunana,” Kabayan ngabalieur. Kang Oni ukur keom. ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger