Home » , » Kang Oni : Sawelas

Kang Oni : Sawelas

Written By Garut Express on Thursday, March 14, 2013 | 6:24 PM


S a w e l a s

TALI bandera beureum bodas dicangreudkeun kana awi saleunjeur. Ised handap saeutik tina congona. Ceb awina ditanclebkeun di buruan imah. Rengse masang bandera, ‘Kang Oni naksir kuat ka dungdak-dengdek. Hiliwir angin siga nyapuan dapuran awi. Bandera ge nyawaan. Oyag gegeleberan, badis lambak sagara pakidulan. ‘Kang Oni mesem bari manggut. Kabayan jeung Lamsijan nu nyerangkeun ti kajauhan, ngadadak ringah-ringeuh.
“Moal Si Akang teh ngalindur mah? Kakara ge bulan Maret…! Lila keneh Agustusan mah” Kabayan ngareret ka Lamsijan, nu sarua olohok. Tapi sobatna teu malire. Ngabetem kebek ku pananya. Kabayan gancang muru ‘Kang Oni.
“Naha masang bandera, ‘Kang? Mieling naon?” Kabayan langsung nanya, ‘Kang Oni ukur mesem. Teu gancang ngawalon.
“Tanggal sabaraha ayeuna teh, euy?” ‘Kang Oni malik nanya.
“Sawelas Maret, ‘Kang!” tembal Kabayan.
“Ooooh… mieling ’Supersemar’! Peristiwa ‘Surat Perintah Sebelas Maret’ tea” Lamsijan nu nuturkeun sobatna curinghak. ‘Kang Oni kalahka seuri.
“Eta mah di jaman Orde Baru atuh, euy! Sabenerna bulan Maret euyeub ku peristiwa kasajarahan” omong ‘Kang Oni. Kabayan ngahuleng.
“Uing jadi inget ka ngaran Komarudin, ‘Kang!” ceuk Kabayan.
“Serdadu urang Korea tea? Disangka urang Jepang, nu ngagabung jeung pasukan pejoang di Garut, nya?” omong Lamsijan panceg.
“Lain Komarudin eta …!” Kabayan nempas.
“Ih.., naha uing bet numbuk di salah we!” Lamsijan semu kuraweud.
“Uing mah Komarudin pejoang, nu salah ngitung waktu! Miheulaan mere komando nyerang musuh basa ‘Serangan Umum’! Ger pertempuran rongkah di Jogyakarta…” Kabayan ngungkab sajarah revolusi.
“Heueuh lalakon dina film ‘Janur’!” ‘Kang Oni nempasan.
“Film ‘Janur’..? Euleuh, pelatih Persib maen film, ‘Kang?” Lamsijan olohok deui. ‘Kang Oni gogodeg bari seuri.
“Geus salah deui wae ilaing mah! Janur eta mah singgetan ngaran Jajang Nurjaman. Bentang sepakbola mangsa katukang. Maksud uing mah, film ‘Janur Kuning’..” tandes ‘Kang Oni semu keom.
“Salah Akang atuh! Mere informasi sapotong-sapotong, jadi uing nyasab kana Persib!” Lamsijan seuri koneng.
“Panyana uing mah ilaing geus surti! Teuing saha nu jadi ‘Komarudin’ teh! Lain bentang kawentar, tapi sieup pisan maenna..” ceuk ‘Kang Oni.
“Amak Baljun ngaranna teh, ‘Kang! Tina film eta, manehna pinilih ‘Aktor Harapan’ di Festival Film Indonesia taun 1980 di Semarang” walon Kabayan. “Tapi nu ngaguar peristiwa di Jogya teh, lain ‘Janur Kuning’ wungkul. Baheula oge, kungsi aya film ‘Serangan Oemoem’..” pokna deui.
“Tuh geuning.., ilaing apal nepi ka lebah dinya! Dumasar kana sajarah mah, pas 11 Maret pisan kajadian Serangan Umum teh. Nu matak uing masang bandera, keur mieling kana jasa para pahlawan..” omong ‘Kang Oni.
“Eta mah peristiwa nasional, ‘Kang! Ari di urang, aya peristiwa gede nu kajadianana sarua bulan Maret..?” Lamsijan panasaran.
“Puguh we…! Apan bareto mah saban 17 Maret, urang mieling milangkala Garut teh. Ti taun 1982 nepi ka taun 2011” tembal ‘Kang Oni.
“Aeh heueuh nya! Ayeuna mah saban 16 Pebruari. Naha bet gunta-ganti pananggalan milangkala teh, ‘Kang..?” Lamsijan ngahuleng.
“Cenah mah hasil panalungtikan nu leuwih akurat, ti para ahli sajarah. Teu nanaon, satungtung bener ngalempengkeun sajarah. Samemeh 17 Maret oge, apan kungsi dipieling saban 15 September!” ‘Kang Oni ngajentrekeun.
“Tah uing inget keneh, basa 15 September mah! Harita teh rea nu nuding, pajarkeun sarua hartina mieling ngadegna Jambatan Cimanuk di Leuwidaun” Lamsijan nyerengeh.
“Sidik teu gampang nangtukeun pananggalan dina kasajarahan teh. Matak teu kudu heran, mun gunta-ganti teh. Tinangtu kabeh oge, hasil panalungtikan para ahlina” omong Kang Oni.
“Aya deui peristiwa bulan Maret nu matak geunjleung, ‘Kang” Kabayan nyempalan. Saharita ‘Kang Oni kerung.
“Bupati Garut lengser..?” tempas Lamsijan.
“Heueuh numbuk di salah ilaing mah, euy!” Kabayan seuri.
“Peristiwa naon kitu..?” Lamsijan gancang nyureng.
“Moal kahontal ku ilaing mah, sabab patula-patalina jeung dunia selebritis” ceuk Kabayan rada legeg. ’Kang Oni katinggali saregep.
“Nyaho uing ge! Moal salah ieu mah. Hari Film Nasional, nya? 30 Maret.?” Lamsijan panceg naker. Kabayan gideug. Ngadadak Lamsijan ngahuleng deui.
“Geus we cicing ilaing mah. Sinyalna keur surem, euy!” ceuk Kabayan.
“Peristiwa geunjleung..? Naon tea, nya..?” ‘Kang Oni panasaran.
 “Geunjleung lain dikieuna! Jero taun 1995, sawelas artis Indonesia tilar dunya!” Kabayan tandes. ‘Kang Oni jeung Lamsijan curinghak.
“Aeh heueuh, euy…! Sawelas artis.! Poho deui uing mah” ceuk ‘Kang Oni.
“Mimitina ge bulan Maret, aktor film Dicky Zulkarnaen tilar dunya. Geletuk teh ‘Si Eneng’ Nike Ardilla, ditema ku Tarida Gloria, Hans Panbers, Louis Nicky Zullu; sutradara Arifien C Noer, Djadjat Paramor, Andy Liani, Abiem Ngesti, terus Poppy Mercury, dipungkas ku H Benyamin S” omong Kabayan marengan ngitung ramona. ‘Kang Oni ngabetem. Lalaunan manggut-manggut.
“Kunaon ngahuleng, ‘Kang.? Turunkeun we atuh banderana jadi satengah tihang. Tanda belasungkawa...!” Lamsijan ngareret ka ‘Kang Oni.
“Heueuh mun keur pahlawan nasional mah!” walon Kang Oni bari ngareret ka lebah bandera pusaka, nu anteng ngageleber katebak angin.
“Kumaha mun tiluparapat tihang..?” Lamsijan ngolongan.
“Ih..., mending turunkeun kabeh sakalian!” ‘Kang Oni teu kireum-kireum.
“Naha bet kabeh...?” Lamsijan olohok.
“Pras-pris, euy...! Hujan.. Lebar bandera weuteuh kahujanan...!” ‘Kang Oni gancang nyabut deui tihang banderana. Kabayan ngusek seuri. Wangun suka, ninggali sobatna kacemes. Hujan nambah kerep. Kang Oni jongjon nilepan deui kaen bandera beureum bodasna ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger