Home » » Kang Oni : Demokrasi

Kang Oni : Demokrasi

Written By Garut Express on Wednesday, March 16, 2011 | 6:03 AM



Demokrasi

"KEUHEUL Yan uing mah!" Isuk keneh Lamsijan geus jamedud.
"Keuheul ku naon? Isuk keneh mukamu meni tidak bersahabat begituh euy!" tembal Kabayan.
"Ari kahayang teh cik atuh sora uing ge dengekeun," ceuk Lamsijan deui.
"Aeh, apan ieu ge uing teh keur ngajakartaan omongan ilaing!" potong Kabayan.
"Naon maksud ngajakartaan teh?" Lamsijan malik nanya.
"Enya, ari ukur ngabandungan mah deukeut teuing. Matak ngajakartaan ambeh leuwih jauh," tembal Kabayan asal.

"Ah,...ilaing mah sok bari heureuy wae," Lamsijan gegeleneng.
"Heueuh, naon atuh maksud ilaing teh nu sabenerna?" tanya Kabayan.
"Apan cenah nagara urang teh nagara demokrasi. Tangtu sakabeh rahayat boga hak anu sarua keur ngedalkeun kahayangna. Tapi gening naha ari palebah uing anu boga kahayang, Pa Kades teh meni teu daek ngadenge-dengekeun acan," Lamsijan angger gegeleneng.
"Memangna ilaing teh hayang naon nepi ka kudu protes ka Pa Kades sagala?" tanya Kabayan deui.
"Hayang we atuh kawas batur milu digawe di desa," ceuk Lamsijan.
"Emmmh, kitu-kitu wae meni make protes sagala. Cetek atuh ari ukur kitu mah. Teu kudu make geruh ka Pa Kades sagala. Uing ge sanggup ari ukur ngagawekeun ilaing di desa mah. Hayu milu jeung uing!" ajak Kabayan bari cengkat.

"Ka mana?" tanya Lamsijan.
"Heueuh ka bale desa," ceuk Kabayan.
"Nyaan ieu teh?" Lamsijan teu yakin.
"Naha ilaing teu percaya ka uing?" ceuk Kabayan rada tarik.
"Percaya...percaya. Apan ilaing mah urut tim sukses Pa Kades. Enya,...tangtu bakal didenge nya. Tapi, kaasup KKN kitu henteu ieu teh?" ceuk Lamsijan semu atoh.
"Diwenangkeun KKN ge keur urusan nu kieu mah. Geus tong kalahkah omong. Hayu urang indit. Sakalian bawa pacul euy! Asa kabeneran, kamari uing ninggali jukut di pipireun bele desa ngajejembrung keneh," ceuk Kabayan deui.
"Eh...eh. Naha..., rek nitah macul ka uing atuh ana kitu mah! Ih..., teu sararudi teuing!" ceuk Lamsijan bari ngabirigidig.

"Harrr,...ari ilaing. Henteu lieur mah?" ceuk Kabayan bari miringkeun curuk dina tarangna.
Lamsijan ukur ngadengus. Sasakali leungeunna nenggorkeun karikil ka tengah balong.
"Apan cenah tadi ceuk ilaing hayang milu digawe di desa. Ari diajak saenya-enya, ngadon bibirigidigan!" sindir Kabayan.

"Ari ukur meresihan jukut bari teu dibayar mah teu kudu menta tulung ka ilaing atuh. Maksud teh sugan we bisa-bisa jadi ulis, atawa sahenteuna jadi kaur atuh," potong Lamsijan.
"Wah, ilaing jadi kaur mah engke di desa moal kaur atuh!" ceuk Kabayan bari nyakakak.
"Maksud ilaing?" Lamsijan protes.

"Heueuh, ari ilaing jadi kaur mah desa teh atuh moal maju-maju. Sabab teu kaur desa meunang bantuan pasti ku kaurna disunatan. Jadi teu kaur-kaur," Kabayan beuki nyakakak.
"Borokokok siah!" Lamsijan ambek.

"Ari hayang jadi nu kararitu mah ulah ka uing, lain bageanna. Tah,...kabeneran aya Kang Oni, sugan bisa mantuan," ceuk Kabayan bari nyerengeh basa ninggali Kang Oni rentang-rentang nyampeurkeun.
"Keur naraon ieu teh, meni bangun nu barungah?" ceuk Kang Oni.
Lamsijan asa mobok manggih gorowong aya Kang Oni teh.
"Tah, kaleresan Kang. Nanya ka si ieu mah jawabanna teh kawas nu kieu!" ceuk Lamsijan nyengir bari miringkeun curukna dina tarangna.

"Harrr..., puguh ilaing nu otakna kawas kolecer mah!" Kabayan embung eleh.
"Geus...geus, maseakeun naon ieu teh?" tanya Kang Oni deui.
"Kieu Kang. Apan nagara urang teh nagara demokrasi. Cenah sakabeh warga nagara boga hak anu sarua dina sagala widang. Kitu oge kuring meureun. Tapi naha gening ari kuring hayang milu digawe di desa kawas nu lain, Pa Kades meni teu malire!" Lamsijan meni nyoroscos.
"Hayang jadi naon kitu?" tanya Kang Oni.
"Mun tiasa mah jadi ulis. Tapi dina henteuna oge, atuh jadi kaur kaur lah. Ieu mah sakalian hayang nembongkeun bakti kuring ke lemah cai," Lamsijan jiga nu heueuh.
"Boga ijazah?" tanya Kang Oni deui.

"Pernah! Baheula asana mah, basa rek ngamimitian muasaan elmu anticukur diijajahan ku Bah Embi teh," tembal Lamsijan bari semu nu nginget-nginget deui.
"Ihhh teu nyambung nya. Lain ijajah. Ijazah ieu mah," ceuk Kang Oni.
"Bentenna?" Lamsijan malik nanya.
"Panjang lamun diterangkeun mah. Kieu we atuh, ambeh singket. Ari ilaing pernah sakola teu?" tanya Kang Oni.
"Wah, rek iraha sakolana. Pan ti bubudak ge kuring mah hayoh di sawah mantuan Abah!" tembal Lamsijan.
"Ohhh, jadi pasti moal boga ijazah atuh nya," ceuk Kang Oni.
"Mun teu boga?" tanya Lamsijan deui.

"Enya hese atuh hayang jadi kaur teh. Komo jadi ulis mah," terang Kang Oni.
"Naha, apan cenah nagara demokrasi," Lamsijan protes.
"Euh...dasar belekuk. Hayoh we protes. Geus puguh teu boga sajadah, keukeuh we hayang ngageulis!" emboh Kabayan ka mana-mendi. Lamsijan nyureng.
"Justru kulantaran nagara demokrasi. Numatak lamun nangtukeun tiap perkara ge kudu make aturan. Maksudna ambeh adil keur sarerea!" tembal Kang Oni.

"Moal bisa menta tulung ka Kang Bajuri? Apan anjeunna mah kapala rahayat! Wawakil kuring di DPRD. Sumpah, keur mah deuih baheula waktu pemilu uing milu nyolok anjeunna," Lamsijan panasaran.
"Ulah ditambahan dibeungbeuratan ku kahayang urang nu teu maruk atuh Kang Bajuri teh. Karunya! Maenya anjeunna kudu mirucaan teu bener onaman mah," bela Kang Oni.
"Apan cenah kapala rahayat. Maenya teu bisa mantuan kitu-kitu acan. Keur naon atuh jadi wawakil kuring lamun kitu mah?" Lamsijan keukeuh.
"Justru, salah sahiji pancen anjeunna teh negetan pamarentah bisi ngalakukeun hiji perkara anu teu maruk jeung aturan," terang Kang Oni.

"Naon hubunganna jeung kahayang kuring?" ceuk Lamsijan deui.
"Apan ilaing mah teu boga ijazah. Ari ulis mah ukur jatah keur anu kungsi ngasaan bangku sakola, kasep!" ceuk Kang Oni deui.

"Naha, apan nagara demokrasi cenah?" Lamsijan garo-garo teu ateul.
"Enya, da lain nagara demo crazzy!" tembal Kang Oni.
"Maksudna?" potong Lamsijan.

"Enggeus Kang tong dihaminan wae. Kagering-gering nerangkeun ka si eta mah. Moal ngarti-ngarti. Ma'lum, teu acan kantos nuang korsi sakolaan!" sela Kabayan bari nyakakak.
"Memangna ilaing pernah sakola kitu?" tanya Lamsijan ka Kabayan.
"Teu pernah! Naha saha kitu anu wani mitnah kuring majar pernah sakola?" tembal Kabayan bari keom.
"Yes!!! Aya balad geing euy nu belekuk teh!" ceuk Lamsijan.
"Ha...ha...hah," Kang Oni.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger