Home » , » Kang Oni : Warirang

Kang Oni : Warirang

Written By Garut Express on Monday, December 10, 2012 | 10:55 AM





Kang Oni : Warirang

LAIN ukur semet beja. Kuwu Uceng codeka. Kiwari mah sakabeh jalma di sakuliah dunya oge papada nyaho. Kuwu Uceng goreng lampah. Puguh warga Desa Jeruk Purut, bawirasa beureum beungeut. Kabawa wirang ku polah nu jadi pamingpinna. Kawantu saban waktu, berita dina televisi nembrakkeun beja ngeunaan Kuwu Uceng, nu matak getek kana ceuli. Ateul kana biwir. Horeng, Kuwu Uceng rerencepan ngawin wanoja ti hiji pasantren. Teu kungsi saminggu, geus pepegatan deui.

“Lain ngan sakali deuih, euy..! Samemehna, di luareun desa urang oge, kungsi kawin deui ka nu sejen. Sarua, diserahkeunana ge ukur ngaliwatan eS-eM-eS …” omong Kang Oni, ditungtungan ku kekecrek.
 “Astaghfirullohal adzim! Rek kumaha atuh Kuwu Uceng teh..? Apan kasus ngalonjakna kawin-cerai pagawe nagri di desa urang ge tacan rengse, ‘Kang…” Lamsijan olohok. Panonna rut-ret ka Kang Oni, jeung ka Kabayan.

“Ih naha ari ilaing…! Teu bisa kompromi heula urusan eta mah. Piraku rek pepegatan kudu nungguan rengse heula kasus mah…” tempas Kabayan. ‘Kang Oni seuri koneng. Sakedapan Lamsijan ngahuleng.
“Lain pamingpin mah kudu mentingkeun heula urusan balarea? Mun geus rengse, kakara meresan pasualan pribadina..” tempas Lamsijan.


“Puguh lieur ngabandunganana, euy! Pokona mah sulaya tina panyangka. Sugan tea mah Kuwu Uceng teh bakal sieup mingpin desa urang…” Kabayan garo-garo teu ateul.

“Nu lieur mah uing atuh, euy! Sabab pakuat-pakaitna jeung pakasaban…” tembal Lamsijan bari ngahuleng.
“Digawe naon ari ilaing..?” Kabayan nempas.

“Ih.., kieu-kieu oge uing teh aktivis, euy! Demonstrans…!” Lamsijan semu agul. Nepak dada, bari ngalejeg. Calakatak ‘Kang Oni jeung Kabayan sareuri.

“Euleuh…! Kutan teh aktivis..? Naha ilaing lieur kunaon?” ceuk ‘Kang Oni.
“Lieur ku bingung nangtukeun pamadegan! Kamari milu demo nurunkeun Kuwu Uceng.. Isukan kudu milu demo ngabela Kuwu Uceng! Lumayan ti ditu ti dieu oge ngahasilkeun. Tapi mun dua kubu bentrok, uing kudu milih nu mana?” walon Lamsijan saregep naker. ‘Kang Oni jeung Kabayan sareuri deui.
“Make bingung sagala, euy! Kari nanya we ka diri ilaing. Ari ilaing deudeuh ka lemah cai? Boga kahayang Desa Jeruk Purut maju…?”  tembal Kang Oni.

“Puguh we atuh, ‘Kang! Matak jadi aktivis oge, cirining uing deudeuh ka Desa Jeruk Purut! Uing teu tega warga jadi warirang ku lampah Kuwu Uceng…” omong Lamsijan asa pangbenerna.

“Salah, euy…! Sidik lampah ilaing nu teu puguh pamadegan teh, sarua jeung lauk buruk milu mijah. Antukna, ngahalangan kana tarekah pamingpin daerah, nu dek nanjeurkeun katengtreman jeung kamajuan desa urang. Mun kaayaan desa terus diririwaan ku demo mah, ancur atuh Desa Jeruk Purut teh.”  Kang Oni meper kabingung Lamsijan.

“Jan.., leuwih hade cicing! Ulah kairid ku gejolak massa. Perkara Kuwu Uceng serenkeun ka nu boga wewenangna. Euweuh Kuwu Uceng, apan aya Ceng Agus jeung Ceng Ali, nu baris ngokolakeun pamarentahan. Teu kudu gumantung ka Kuwu Uceng…” ceuk Kabayan.

“Heueuh nya.! Manjangkeun perkara kagorengan mah, leuwih ngaruksak ngaran desa sorangan,  euy! Uing jadi pipilueun ngabagi warirang ka sa-alam dunya…” walon Lamsijan bari unggut-unggutan.
“Alhamdulillahi Rabbil Alamin…! Nuhun Gusti.. Syukur geus lilir mah, euy” Kabayan nyerengeh. Lamsijan seuri koneng.

“Ana kitu mah, uing kudu pindah padumukan atuh…” Sora Lamsijan semu leuleuy. ‘Kang Oni jeung Kabayan olohok.

“Naha kudu pindah sagala? Naon hubunganana…?” ‘Kang Oni mencrong ka Lamsijan. Kabayan ngadadak kerung.

“Uing mah rumasa jalma bodo, ‘Kang! Tuna harta, tuna harti. Sakola oge ukur nepi ka PTB perguruan tingkat bawah…Palangsiang moal bisa kabadanan ku uing, mun tetep dumuk di Jeruk Purut mah” Lamsijan neuteup ka Kang Oni jeung Kabayan. Dua sobatna rungah-ringeuh.

“Teu kudu dicaritakeun deui ge,jalma sadunya geus nyaho kana kabodoan ilaing mah. Tapi naon maksudna kudu kabadanan sagala? Lebah ieu mah teu kaharti, euy..” ceuk Kabayan.

“Aeh-aeh…, naha ilaing jadi belet, euy? Ari hidup ilaing mau nurut sama siapa?” Lamsijan nanya mani bedas. Kang Oni keom.

“Nu samistina mah, nurut ka ulama jeung umaro!” walon Kabayan tandes.
“Taaaah... geuning! Ilaing mampuh nurut kana lampah Kuwu Uceng?” ceuk Lamsijan manggih lololongkrang. 

“Nurutan kawin siri tea..? Keheulaanan kudu cruk-crek kawin mah! Lain teu hayang, ngan……, teu boga APBD euy! Anggaran Pendapatan dan Belanja Dapur ge teu nyumponan keur Si Iteung…” Kabayan nyeuleuteuk seuri.

“Lain kudu nurut ka Umaro? Apan Kuwu Uceng teh Umaro? Terus terang, uing mah teu sanggup. Moal kabadanan, euy!” Pamadegan Lamsijan keukeuh.
‘Kang Oni nyalakatak seuri.

“Jan, nurut ka Umaro soteh, kudu nu sieup keur lampah urang! Lebah nu gorengna mah ulah diturutan….” Omong ‘Kang Oni.

“Moal matak dosa, ‘Kang..?”
“Dosa keneh nu ngaliarkeun kagorengan, euy! Apan nyimbutan aib mah leuwih hade, jeung meunang ganjaran…” tempas Kabayan.

“Ke atuh, uing kudu meuli pulsa heula, euy!” Lamsijan ngorejat.
“Rek nelepon ka saha…?”” Kang Oni curinghak.

“Dek ngirim eS-eM-eS ka manehna…..! Tadina mah dek maksakeun nurut ka Umaro….” Lamsijan ngomongna teu kebat.

“Emh…, kasempetan ilaing mah!” Kabayan miceun beungeut. ***
    
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger