Nyi Oneng
TARA-tara tisasari. Heuleut saminggu katukang, breg jalma ngagimbung di buruan imah Kang Oni. Kabeh papada milu reueus, alatan Nyi Oneng nu jadi inohong dina kancah pulitik nasional, daek keneh ngadongdon nepungan Kang Oni di padumukanana. Teu wudu Kang Oni guligahna. Kebek ku kabungah tur pangharepan, nu ngaluhuran kareueus sakabeh warga Desa Juruk Purut.
Sidik apan Nyi Oneng nu mibanda komara gede dina kancah pulitik, sarta kiwari makalangan dina Pilcagub Jawa Barat teh, minangka warga Jeruk Purut nu kungsi diasuh ku Kang Oni ti bubudak. Cohagna mah, ti mangsa manehna mangka rumaja pisan.
“Duh mokaha Si Akang bakal sugih nya, euy! Omat ulah poho ka uing, ‘Kang! Bejakeun we uing oge tim sukses Nyi Oneng, sanajan teu kadaptar dina bukuna! Sugan we kabagean sapetak dua petak mah…” Lamsijan nyerengeh ka Kang Oni nu kakara rengse katatamuan. Puguh jalma-jalma nu ngagimbung teh, sareuri bar tinglaleos.
“Sapetak dua petak naon ari ilaing? Gupernuh mah da lain tukang babagi tanah, atawa sawah, euy…” walon Kang Oni rada nyureng.
“Ah sing ngarti we atuh, ‘Kang..! Uing mah lain butuh tanah atawa sawah, tapi butuh keur meulina…” ceuk Lamsijan seuri koneng.
“Moal salah deui ilaing mah! Geus kajudi... Buntutna pasti kana duit we..” tempas Kabayan bari miceun beungeut.
“Ari geus..! Naon deui atuh..?” Lamsijan wangun teu tumarima. “Uing mah apa-adanya saja-lah… Bruk-brak!” pokna deui.
“Keun ari sual duit mah, da moal aya watesna! Ti pangkat ilaing, nepi ka jalma nu lubak-libuk, teu weleh butuh ku duit! Ngan aya hiji pangajaran dina lampah kahirupan Nyi Oneng, nu kudu jadi conto keur kabeh jalma. Lampah Nyi Oneng estuning sieup jadi pieunteungeun balarea” omong Kang Oni tandes.
“Naha kumaha kitu, ‘Kang?” Lamsijan mani saregep.
“Ti baheula tug nepi ka kiwari, Nyi Oneng teu unggah pangadatan! Tetep ngamumule kana sajarah. Malahan mah, sakumaha kabejakeun pakusutna pamarentahah di Desa Jeruk Purut, Nyi Oneng teu weleh ngagulkeun ngaran lemburna. Tara era ngabasakaeun jinisna urang Jeruk Purut!” ceuk Kang Oni nyaritakeun deui, nu kungsi diomongkeun ku Nyi Oneng di imahna.
“Nu matak kacida teungteuingeunana, mun kabeh warga Jeruk Purut teu ngarojong kana tekad Nyi Oneng dina Pilcabug Jawa Barat. Sabab teuing iraha baris aya deui, urang Jeruk Purut papasangan kawas Nyi Oneng jeung Teten, dina Pilcagub/Pilcawagub Jabar. Urang kudu merjoangkeun sangkan pasangan Nyi Oneng unggul. Lain kitu intina mah ‘nya, ‘Kang?” omong Kabayan ngareret ka Kang Oni.
“Ceuk saha…?” Kang Oni nyelok.
“Apan tadi ceuk Nyi Oneng..” Kabayan gancang nembal.
“Heueuh bener…! Bisi we ceuk uing…” Kang Oni rada ngabelehem.
“Puguh uing mah kakara ngadenge teh ti palebah ngaguar katineung basa Nyi Oneng keur sakola, nepi ka naratas karir jadi bentang sinetron dina televisi.
Geuning Akang cenah, nu ngagubruskeun kana sinetron teh” Lamsijan olohok.
“Naha kunaon kitu, euy…?” ‘Kang Oni mesem.
“Heueuh.., naha atuh Akang bet tara cacarita ka uing. Jadi uing palahak-polohok. Teu nyaho kana sajarah karir manehna..” omong Lamsijan deui. Kang Oni ukur nyenghel. Ret Lamsijan ngareret ka Kabayan.
“Nu matak uing mah sok ngalandi Si Akang teh, pamaen ketepel nu jitu..!” ceuk Kabayan marengan ngacungkeun jempolna.
“Ah.., wadul eta mah! Geuning basa Akang dek ngetepel manuk, kalahka keuna kana sirah Babah Ahong nu norojol ti loteng…” tempas Lamsijan. ‘Kang Oni nyalakatak seuri. Ingeteun deui kana lalampahan baheula.
“Lain ngetepel manuk, euy..! Uing mah ukur siloka, Si Akang mah badis pamaen ketepel nu jitu. Sasaranna tepat, tapi teu rea jalma nu nyahoeun saha nu ngetepelna. Sabab nu ngatepel mah sok nyamuni. Ngarti?” omong Kabayan.
“Oooh… heueuh nya! Ngabekenkeun batur, bari jinisna mah tara kasebut-sebut. Naha bet nyumput wae, ‘Kang…? Moal beken-beken atuh...” Lamsijan mencrong ka Kang Oni.
“Teu hayang popiler uing mah! Popiler oge da moal matak ngahasilkeun..! Leuheung basa mun jinisna tumarima. Kumaha mun nampik? Uing nu wirang atuh.. Geus tangtu dianggap numpang beken tea..! Uing inggis deuih, sieun teu jadi amal hade. Keun we, sina kalapa bijil tina cungapna…” walon Kang Oni.
“Tuuuh uing jadi inget, euy! Lain Akang kungsi kabejakeun bakal meunang hadiah kandaraan ti hiji bentang popiler.. Saha tea, Kang?” Lamsijan ngadesek.
“Heueuh.. ti Astuti! Geus ulah diungkit-ungkit nu eta mah. Bae da jangjina lain ka uing wungkul, tapi ka jinisna jeung ka Gusti Alloh..” Kang Oni mareuman kapanasaran Lamsijan.
“Tadi uing ngahelas, ‘Kang! Nyi Oneng wakca, cenah manehna teh tacan karuhan bisa jadi kawas ayeuna, lamun lain karana Akang. Malah ngomongna nepi ka ragrag cimata sagala… Eta kumaha lalakonna, ‘Kang?” ceuk Lamsijan.
Kabayan gancang miheulaan nempas.“Tah lebah eta jembarna Nyi Oneng teh! Kabeh jalma nu kungsi ngabingbing manehna di lembur ditataan…Ti mimiti kolotna, guru-guruna di sakola, nepi ka nu muka karirna dina perfilman… Apan teu kabeh jalma daek inget kana purwadaksina. Kakara beunta seutik oge geus ngabalieur! Api-api teu wawuh, euy!”
“Enya, harita basa Nyi Oneng maen sinetron teh keur ujian SMA, euy! Barang rek diteruskeun kuliah, hate manehna nogencang. Hayang neruskeun karirna, dina sinetron sambungan lalakonna. Rumasa.., uing nu ngahalangan! Ngarojong Nyi Oneng neruskeun kuliah, sabab maen deui sinetron mah iraha oge moal burung bisa.. Segruk manehna ceurik dina dada uing!” Kang Oni ngaguar riwayat Nyi Oneng.
“Kutan teh kitu, ‘Kang? Paingan ngaran Si Akang teu weleh disabit-sabit. Nya heueuh atuh, mun harita teu dijurung kuliah mah, can karuhan Nyi Oneng bisa jadi ngabentang dina kancah pulitik” Lamsijan gogodeg.
“Alhamdulillah, euy..! Kahayang teh sing salawasna Nyi Oneng ulah nepi ka unggah adat. Tetep deudeuh ka lemburna. Tetep deudeuh ka warga Jawa Barat, euy..” ceuk Kang Oni kebek pangharepan.
“Ah palangsiang daek nepungan Akang teh, pulitik kampanye we, ‘Kang?” omong Lamsijan bari jebi.
“Ih.., lalawora! Sumpah uing mah, lain kompanye ieu mah. Ti baheula Nyi Oneng mah kayungyun euy…” sora Kang Oni tandes naker ***
Subscribe to:
Post Comments (Atom)

0 comments:
Post a Comment