Home » , » Kang Oni : Ambon Sorangan

Kang Oni : Ambon Sorangan

Written By Garut Express on Wednesday, May 1, 2013 | 2:20 AM


Ambon Sorangan

"TAH gening. Ari Akang ti mana wae atuh? Minggu kamari teh hanas ditutungguan ku uing. Ehhh... Akangna teu embol-embol!" ceuk Kabayan daria.
"Enya Kang. Euweuh Akang teh asa gimana gituh! Nu puguh mah euweuh nu mere pencerahan. Da ari ngawangkong jeung jalma ieu mah, ukur hambur catur euweuh bukur!" Lamsijan ngembohan, bari ngareret ka Kabayan.

Nu direret langsung molotot.
"Nyeta..., minggu kamari teh loba gawe euy! Palebah geus rada nyalse, ngadadak aya telepun ti Kuwu Asham nitah nepungan. Atuh bius we indit, da bisi aya urusan penting. Numatak uing teu bisa ka dieu!" ceuk Kang Oni bari gek diuk dina bangbarung, gigireun Kabayan.
"Tah..., sok opset Akang mah. Naha teu ngajak uing?" Lamsijan protes.
"Bongan ilaing atuh! Naha waktu ku uing ditelepun, hp ilaing paeh wae!" tembal Kang Oni.
"Leuh aing mah. Gara-gara angeun kacang eta teh!" Lamsijan ngahelas.
"Ke... ke... ke..., naon hubunganna hp jeung angeun kacang, euy?" tanya Kabayan bari kerung.
"Heueuh, apan gara-gara si Itok ngadat rongkah hayang dahar jeung angeun kacang, antukna kapaksa hp teh dijual ka jang Pudin!" Lamsijan ngeceskeun.
"Kacian de lo!" ceuk Kabayan bari nyeukeukeuk.
Kang Oni ukur nyerengeh.

"Aya piobroleun naon cenah Kang, Kuwu Asham teh?" Kabayan panasaran.
"Sagala rupa we. Utamana mah anu aya patalina jeung widang pangajaran," walon Kang Oni.
"Nanyakeun uing teu, Kang?" Lamsijan motongan.
"Asana mah henteu! Ngadon ilaing anu ditanyakeun teh euy, Yan!" ceuk Kang Oni bari ngareret ka Kabayan.
"Naha nya?" Lamsijan semu gondok.
"Ka uing tea atuh..., Kuwu Asham mah tangtu moal mopohokeun. Nanyakeun naon Kang?" ceuk Kabayan bangun nu bungah.
"Heueuh kitu tea we. Ari Kabayan geus cageur ayeuna mah? Kitu cenah!" tembal Kang Oni bari nyerengeh.
"Ha... ha... hah. Parah euy! Mending tong ditanyakeun we ari kitu mah!" Lamsijan mupuas.
Kabayan jamotrot.
"Eta euy, nanyakeun ngaran dulur ilaing anu hayang pindah ngajar tea. Kuwu Asham pohoeun deui ngaranna. Na ari ilaing mihapekeun saha kitu? tanya Kang Oni ka Kabayan.
"Ohhh..., heueuh. Uing teh mihapekeun jang Kardi, salakina nyi Uti. Hayang pindah cenah ngajarna ka dayeuh! Kumaha Kang, Kuwu Asham bisa mangngusahakeun cenah?" Kabayan malik nanya bari nyerengeh deui.

"Rek dititipkeun cenah ka Kang Amud, sugan aya formasina," Kang Oni ngajentrekeun.
Sajongjongan obrolan kapegat ku raungna sora knalpot motor nu ngaliwat ka hareupeun imah Kabayan.
"Info naon Kang nu rada aheng ti Kuwu Asham teh?" tanya Kabayan deui.
"Biasa..., soal rotasi pajabat widang pangajaran," tembal Kang Oni.
"Na kumaha kitu? Bakal diburak?" Lamsijan panasaran.
"Aya cenah nu kudu diganti mah. Ngan wae teu perlu nepi ka ngaburak sagala!" ceuk Kang Oni deui.
"Saha wae cenah, Kang?" Kabayan nyedek.
"Ah..., eta mah urusan Kuwu Asham jeung baperjakat atuh euy! Uing ge teu kungsi maluruh leuwih jauh," ceuk Kang Oni bari ngarenghap sakedapan.

"Ngan edas we, di urang mah teu weleh kitu ngening nya euy...," Kang Oni teu kebat.
"Kitu kumaha, Kang?" Lamsijan motong omongan.
"Heueuh..., teu kaur ngadenge rek aya rotasi, dumadakan loba lauk buruk milu mijah. Arambon sorangan deuih. Malah warani miheulaan baperjakat. Hayoh nyarusun kabinet sewang-sewangan. Meni parede. Asa pang heueuhna we. Jiga nu rek digugu ku Kuwu Asham! tandes Kang Oni.
"Ari sikep Kuwu Asham kumaha?" tanya Kabayan.

"Kuwu Asham mah teu ngahaminan!" ceuk Kang Oni.
"Alus atuh ari kitu mah nya Kang!" Lamsijan ngembohan.
"Enya ku kituna mah. Ngan edas we, jadi uing nu bingung," ceuk Kang Oni bari kerung.
"Naha?" tanya Kabayan deui.

"Nyeta euy. Waktu dina lawang panto uing rek mulang, Kuwu Asham kungsi nyarita. Kieu cenah, 'Cik ari ceuk Akang, kira-kira saha anu payus nempatan jabatan ieu... ieu... jeung ieu?'. Tah kitu pananyana teh euy!" Kang Oni ngebrehkeun.
"Diwalon kumaha ku Akang?" Lamsijan panasaran.

"Urusan eta mah kawenangan Bapa. Uing mah teu perlu dibabawa. Bisi salah, sabab lain ahlina. Pan aya baperjakat, pasrahkeun we ka dinya. Kitu ceuk uing teh," ceuk Kang Oni lempeng.
"Lah... Akang mah. Dibukakeun panto teh lain terus asup. Omongkeun we jang Kardi kitu anu payus teh!" Kabayan manghanjakalkeun.

"Hus! Porno atuh euy eta mah. Kudu sailen atuh ari urusan nu kieu mah!" ceuk Kang Oni.
"Naon sailen teh Kang?" tanya Lamsijan.

"Diterangkeun ge moal ngarti ilaing mah. Geus beurang ah, rek mulang heula," tembal Kang Oni bari cengkat.
"Teuh..., angger. Sok gantung areuyeun ah!" Lamsijan protes.
Kang Oni terus ngabiur. Kabayan anteng sorangan. Kawas keur uleng mikir. Jigana rek milu nyusun kabinet.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger