Home » , » Kang Oni : Revisi

Kang Oni : Revisi

Written By Garut Express on Wednesday, January 16, 2013 | 8:08 PM

Revisi

REBUN-REBUN keneh Lamsijan hariweusweus. Mawa beja nu ngahudang pikiraneun ‘Kang Oni jeung Kabayan. Sidik teu kahontal ku akal maranehanana. Teu gugur teu angin, bet kabejakeun yen Desa Jeruk Purut baris meunang pangajen ti pamarentah. Malah mah dek dijadikeun desa percontohan sagala, alatan dianggap geus mampuh nembongkeun pretasi pamujian. Jero sataun, bisa nurunkeun jumlah warga miskin.  Tina 1850 KK (Kepala Keluarga), kiwari kacatet ngan ukur 302 KK.

“Geuning aya kamajuan desa urang teh, Kang! Tinangtu moal ngan ukur dibere piagam wungkul atuh. Baris meunang uang kadeudeuh nya..! Urang oge kudu kabagean atuh nya, euy!” ceuk Lamsijan ngemu harepan gede.

“Komo atuh! Tapi bagean uing mah, pek keur ilaing we,” walon Kabayan semu kuraweud.
“Geuning, sisinarieun yeuh! Ilaing teu butuh kitu?” Lamsijan mani haripeut.

“Daek soteh narima, mun enya uang kadeudeuh atawa tilam katineung keur kabeh warga,” omong Kabayan deui.

“Apan eta ge tilam katineung keur urang,” tempas Lamsijan haget.
“Laiiiin.., paling meunang ge tilam ompol! Matak ceuk uing ge, pek we keur ilaing,” sora Kabayan ngabedasan bari nyerengeh. Lamsijan ngahuleng. Ret ka Kang Oni. Nu direret ukur mesem.
“Naha ilaing mani yakin bakal nampa sesuatu?” Kang Oni seuri koneng.
“Uing mah maca kana kailaharan we, Kang! Meunang pangajen teh sok dikalemkeun ku bonus,” tembal Lamsijan.

“Tong salah, euy! Desa Jeruk Purut teh narima pangajen, atawa kaurugan bangbaluh? Asa teu pupuguh meunang pamujian sagala,” omong Kang Oni.

“Moal kitu salah adres mah, Kang?” tempas Kabayan. Saheulaanan Lamsijan ngahuleng. Palahak-polohok teu puguh.

“Puguh uing ge curiga, euy! Pokona mah pamohalan narima pamujian sagala.. Naha aya prestasi punjul tina widang naon?” omong Kang Oni.

“Apan dina widang nurunkeun jumlah warga miskin tea, Kang! Eta mah minangka prestasi dina program nasional atuh… Jero sataun, bisa nyesakeun ukur 302 KK. Hebat atuh. Hartina, mampuh mengentaskan kemiskinan,” ceuk Lamsijan.

“Taaah kaharti mun bener kitu onaman!” Kabayan nempas deui.
“Ari kitu.., kumaha?” Lamsijan nyorongot. Manehna ngareret ka Kang Oni.
“Nu bener mah, geus ampir sataun campleng, warga miskin di Desa Jeruk Purut teu narima jatah raskin,” omong Kang Oni.

“Heueuh.., eta teh bukti, Kang! Yen warga miskin di desa urang geus teu butuheun deui bantuan raskin,” Lamsijan ngomongna mani giak. Tapi saharita kagiakna dipareuman deui ku Kabayan.
“Dengekeun heula nepi ka jentre! Ulah dibiasakeun narima penjelasan teh ukur sapotong-sapotong, sabab kadituna bisa mengpar tina maksud nu samistina” ceuk Kabayan semu keuheuleun. Jadi teu narima jatah raskin teh, lain harti geus mampuh, euy! Sidik itu mah wujud protes warga ka pamarentah kabupaten. Tegesna, rayat teh guyub nolak kana bantuan raskin,” ceuk Kang Oni.

“Naha bet make nolak sagala? Naha alatan beasna goreng, jeung campur keusik?” Lamsijan gancang pisan megatan kalimah.

“Gara-gara revisi tea, euy!” walon Kang Oni tandes.
“Repisi? Kumaha maksudna, ‘Kang? Tarima beresih we uing mah. Teu ngarti urusan rupasa-repisi,” ceuk Lamsijan semu era.

“Heueuh…, ditalungtik deui jumlah warga nu boga hak raskin, alatan rea kabejakeun teu parok jeung jumlah nu samistina. Aya nu leuwih loba, aya deui nu tekor.. Pareng bagean Desa Juruk Purut mah minangka tekor kabina-bina. Tina jumlah 1.850 KK jadi 302 KK. Puguh jatah raskin nyirorot. Teu satengah-tengahna cacan,” Kang Oni milu keuheul.

“Gampang atuh…, kari menta deui sakurangna, Kang!” ceuk Lamsijan ngagampangkeun pisan.
“Puguh we gampang ngomong mah,” Kang Oni rada nyureng. Lamsijan era parada.

“Uing teh geus remen gadag-gidig ka kantor desa. Milu nguruskeun. Menta sangkan hasil repisi warga miskin teh direpisi deui, sabab kabuktian siga sakarepna wae. Teu umbang jeung kanyataan. Tapi weleh taya perobahan nepi ka kiwari.   Antukna, warga miskin mupakat ngantep eta jatah nu aya, minangka protes ka pamarentah…Lain teu butuheun!” omong Kabayan jentre.
Lamsijan ngahuleng. Terus gogodeg.

“Ah ku teungteuingeun eta nu ngarepisi teh! Moal boal, jatah saleuwihna dijual ka pasar, euy,” ceuk Lamsijan.

“Ih ulah gancang suudzon! Nambah-nambah dosa. Enya remen kasus kitu teh kapanggih, tapi urang serenkeun we ka nu boga kawenanganana. Mun enya aya nu wani balantik tina hak warga miskin, urang doakeun sing geura insaf. Sing karunya ka sasama. Ngaganggu hak batur mah, beurat resikona..” omong Kang Oni.

“Enya kacida! Eta mah korupsi nu nyamuni, Kang! Ari demo merangan korupsi saheng dimana-mana. Taya nu nalingakeun, palangsian sajeroeun program raskin ge mahabu nu balantik. Ngagadabah lapak hak batur,” omong Lamsijan baketut.

“Iraha atuh ‘Kang, dek nepungan Ceng Ali? Laporkeun we sagemblengna. Tuman kitu gawe kana raskin, sakitu geus rea pieunteungan. Rea inohong nu kajiret kasus raskin,” ceuk Kabayan.
“Heueuh.., sugan isukan atuh,” walon Kang Oni bari nyawang. ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger