Home » » Kang Oni : Tibalik

Kang Oni : Tibalik

Written By Garut Express on Tuesday, January 22, 2013 | 5:26 PM






Tibalik

Wanci Ashar, hujan kakara raat. Kabayan lunga-lengo di hareupeun imah ‘Kang Oni. Kurunyung Lamsijan ti handapeun dapuran awi. Buukna kulimis, balas kahujanan. Maranehna boga karep dek nanyakeun kaayaan kota Jakarta, nu kabejakeun kairig caah nepi ka sabudeureun pakotaan.

“Palangsiang Kang Oni kahujanan, euy!” ceuk Lamsijan ngemu kamelang.
“Si Akang mah moal kahujanan atuh…!” tempas Kabayan tandes.
“Moal kumaha ari ilaing? Apan ti tatadi hujan sakitu gedena” Lamsijan ngawalonna rada nyorongot. Kabayan kalahka nyenghel.
“Heueuh hujan soteh mun di luar! Nu leumpang atawa make motor, tangtu rancucut. Apan ‘Kang Oni mah make mobil… Teu bocor-bocor acan dina mobil mah..” Kabayan nyerengeh. Sakedapan Lamsijan jamotrot.
“Siga bener, tapi salah ilaing teh…” ceuk Lamsijan.
“Lebah mana salahna…?” Kabayan gancang nyegag.

“Nu leumpang atawa kana motor oge, sarua we moal kahujanan..” tembal Lamsijan teu euleum-euleum.
“Ngaco ilaing mah…! Naha bet sarua sagala? Asa ku mararodel teuing…” Kabayan ngadadak kerung.
“Apan maranehna ngariuhan heula dina emper” Lamsijan males omongan sobatna bari seuri. Tapi Kabayan teu beakeun akal. Manehna masih bisa keneh nempas.

“Leuheung mun aya keneh emper nu kosong..! Di Pengkolan wae sakitu gegekna ku padagang.. Teu bisa deui hayang leumpang tumaninah teh. Heurin usik-usik acan. Teu weleh duk-dek we.. Kalan-kalan gudir jeung wanoja!” walon Kabayan.

“Ah naha make teu bisa.. ? Ari ukur kahayang mah, ayeuna oge bisa. Pek we ngalamun...” Lamsijan tanagaan. Kabayan seuri koneng.

“Heueuh bener, euy! Keur hade sinyalna otak ilaing yeuh..” Kabayan muji kana pamanggih sobatna.
“Lamsijan gitu loh…!” ceuk Lamsijan rada legeg.

“Emh.., pilakadar sakitu wae mani sombong! Enya ngalarapkeun basa teh kudu tarapti, uey. Mun asal ngangah, balukarna bakal kawas pasualan hukum di urang. Nu bener bisa salah. Nu salah bisa jadi meunang…” omong Kabayan. Karepna mareuman panempas Lamsijan. Teu wudu we Kabayan curinghakna, horeng Lamsijan nimu keneh bahan omonganana.

“Nu salah bisa meunang soteh, mun kuat waragadna! Narajang nu ripuh mah, kapaksa we ngaringkuk di pangberokan..” omong Lamsijan. Calakatak teh Kabayan seuri ngagakgak.
“Lah asa lalajo Persib ngalawan Persipura kieu mah, euy! Papada sarua wawanenna. Gedeg. Sama kuat..” ceuk Kabayan. Awahing uplek ngawangkong mah, teu kanyahoan nu boga imah geus campego di lawang panto.

“Uing mah resep keneh basa Persib ngalawan Persiwa…! Ampir-ampiran bobor karahayuan tah ‘maung Bandung’ teh..” omong ‘Kang Oni.

“Aeh geuning…! Iraha ti Jakarta, ‘Kang?” Kabayan wangun ngarenjag.
“Shubuh…! Samemeh Lohor ge geus aya di imah. Bieu tas ti kebon heula, nempo pepelakan bisi kacaahan…” walon ‘Kang Oni.

“Ti isuk-isuk hujan ngecrek, ‘Kang! Kumaha di Jakarta?” Lamsijan milu ngabageakeun ku pananya.
“Puguh parat sajajalan oge. Ih beuki hoream we ka Jakarta teh. Euweuh mendingna. Mangsa halodo, keur macet teh bayeungbang. Usum ngijih, macet nambah mengpetan jalan. Banjir ngagulidag nepi ka sabudeureun pakotaan …” tembal ‘Kang Oni saregep.

“Tapi upama warga Jakarta daek ngamumule, tur nanjeurkeun kaimanan mah, Insya Alloh moal nepi ka kajadian banjir model kitu, ‘Kang!” ceuk Kabayan

“Naha di Jakarta kurang ariman kitu..?” ‘Kang Oni helokeun.
“Tuuuh.., gorong-gorong jeung walungan buktina!” walon Kabayan tandes.
Lamsijan pipilueun olohok.

“Kabersihan teh sabagean tina iman. Tah nu sabagean eta kawasana rea dimomorekeun. Teu dipalire. Rea nu kajongjonan teuing ngudag-ngudag dunya. Gorong-gorong jeung walungan mendet diarantep. Waktuna hujan gede, kitu balukarna. Nepi ka aya caah dengdeng ngubeng padayeuhan sagala” Kabayan ngomongna bari gogodeg.

“Dipikir-pikir mah ukur eleh gengsi wungkul, euy! Dumuk di lembur di Desa Juruk Puruk teh sok disapirakeun ku urang kotaan. Tapi di urang mah aman. Tara kabejakeun caah ka Pendopo, atau ka parumahan elit” tempas Kang Oni.

“Rajeun kungsi caah oge, ukur caah ku nu demo…!” Lamsijan seuri.
“Enya alam geus ngelingan deui, euy! Ngamumule sarakan leuwih hade batan kabongroy hirup di kota gede, nu tacan karuhan pisugemaeun..” omong ‘Kang Oni semu ngarahuh.
“Puguh geus tibalik dunya teh, ‘Kang” ceuk Kabayan tandes deui.

“Ti balik kumaha? Geuning urang masih bisa keneh nangtung. Bisa keneh leumpang sabatae. Mun tibalik mah, kabeh jalungkir atuh..” tempas Lamsijan.

“Beu…, ilaing geus mimiti miis deui yeuh!” Kabayan rada baketut. ‘Kang Oni mesem.
“Tibalik teh babasan siloka. Lain harti saenyana. Mun ilaing meunang kawirang ge, sok disebut beureum beungeut. Padahal beungeut ilaing mah teu rubah rupana. Nu beureum mah, ukur beungeut Si Cepot..” ceuk Kabayan bari nyerengeh.

“Heueuh nya..! Leuwih sieup deui mun nu meunang kawirang teh, disebut kabeungeutan Si Cepot we atuh..” walon Lamsijan sangeunahna. 

“Tah.., sinyalna hade deui, ‘Kang! Si Lamsijan aya kreasi…” tempas Kabayan.
“Geus tos dimekarkeun, euy! Teruskeun deui dunya nu tibalik teh” omong Lamsijan semu nyedek.
“Enya geus tibalik! Buktina mah tah Si Akang.. Baheula mah mun usum hujan, urang kota salempang ka dulurna nu aya di pilemburan…Rempan bisi kabanjiran. Kiwari mah, urang desa melangeun ka urang dayeuh..“ tandes Kabayan bari ngareret ka ‘Kang Oni. Nu direret bati seuri koneng. Lamsijan nyerengeh seuri. ***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger