Bingung Piobroleun
Jang Uhe apel. Bubuhan kakara boga kabogoh, Jang Uhe jadi geumpeur. Manehna bingung kudu ngobrol naon.
Keur pabetem-betem, kabeneran di luar kadenge hujan.
"Hujan..." omong Jang Uhe.
"Muhun..."tembal kabogohna.
Jempe deui.
Kadenge aya sorang angin tarik, Jang Uhe ngomong deui.
"Angin..."
"Muhun..." jawab kabogohna deui.
Jempe deui.
Angin ti luar nebak ka jero, karasa tiris.
"Tiris..."
"Muhun..."
Jempe deui.
Hujan beuki ngagebret.
"Hujan..." omong Jang Uhe
"Pan atos tadi hujan mah," jawab kabogohna. (Jangs)***
He....he...he...bari ngabarakatak ! Sae Bro ! Pilarian deui !
ReplyDelete