Untung
Written By Garut Express on Sunday, February 3, 2013 | 7:59 PM
Untung
Ieu pangalaman urang Cibatu. Jang Udan (samaran) kukurilingan make motor anyar kiriditan. Nyobaan mesin sakalian diajar, pokna. Jeung enyana, Jang Udin can tapis pisan kana motor, malum unggal poe gawenan ukur ka sawah atawa ka kebon. Di hiji tikungan anu jalanna garekgok, motor Jang Udin nolonjong nu saterusna nabrak si ibu nu keur leumpang. Si ibu ngajerit bari labuh, Jang Udin ge ngajorowok bari ngajurahroh. Jang Udin geuwat hudang moro si ibu. Ningali si ibu ukur barabak, Jang Udin bungah.
"Aduh Bu untung ukur barabak..." omongna.
Rupana wae si ibu ambek disebut untung ku Si Udin. Teu antap warah, pipi si Udin digaplok tarik pisan. Plak!
"Ibu meni nyabok sagala, da teu kahaja," omong si Udin bari nyagapan pipi.
"Untung sia ge ukur digaplok, lamun dilaporkan ka pulisi, sia pastina dikerem," ceuk si ibu. (Jang)***
Labels:
Cerita Lucu,
Terbaru
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment