Home » , » Mihape Manuk

Mihape Manuk

Written By Garut Express on Sunday, March 24, 2013 | 8:48 PM


Mihape Manuk

Kang Uned rek nyaba ka kota, saminggu lilana. Ka anakna nu kakara Kelas VI SD, manehna wanti-wanti mihapekeun manuk kacamata kameumeutna.
"Jang, mihape manuknya," omong Kang Uned ka anakna.
"Alim ah, sieun macok," jawab anakna.
"Moal da manuk bageur," omong Kang Uned.
"Alim, sieun hiber," jawab anakna.
"Moal, da dikurungan, jaba lindeuk."
"Sieun aya nu maok atuh," jawab anakna.
"Sia nu maokna meureun,"omong Kang Uned keuheul, bari ngajiwir ceuli anakna.
"Budak teh meni kedul-kedul teuing," Kang Uned gegelendeng bari terus ngusapan manukna.
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger