Home » , » Ngiring Ngalangkung

Ngiring Ngalangkung

Written By Garut Express on Tuesday, January 22, 2013 | 6:02 PM





Ngiring Ngalangkung

Mang Dadang warga Selaawi, boga gawe di daerah Holis, Kota Bandung. Lamun indit gawe, manehna biasa ngagunakeun elf jurusan Garut-Terminal Leuwipanjang nu biasa make jalan tol. Hiji waktu, Mang Dadang indit ka tempat gawena make motor anyar meunang ngiridit. Lantaran kabiasaan make elf jeung teu nyaho jalan lain deui, harita ge manehna langsung asup ka jalan tol. Di lawang tol, kasampak aya pulisi keur patroli. "Punten Pa ngiring lebet ka tol, abdi bade ka Holis," omong Mang Dadang bari ngagerung-gerung motorna. Pulisi kerung. "Ari emang kurang saeundan atawa nekad, pan motor mah teu bisa asup ka tol," ceuk pulisi. Harita keneh Mang Dadang diamankeun. (Farhan)***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger