Home » , » Adi Beuteung

Adi Beuteung

Written By Garut Express on Thursday, January 10, 2013 | 8:49 AM






Adi Beuteung

Hirup rumah tangga mah, salaki jeung pamajikan pasti aya pakterok. Model Nyi Emeh jeung Jang Kardun. Ti peuting keneh maranehna pasea. Jang Kardun kapaksa sare di tepas, Nyi Emeh ge kapaksa sare sorangan. Tapi lantaran ngarasa ngagarap kebon perlu dianggeuskeun, isukna isuk-isuk keneh duana arindit. Bareng inditna teh. Ngan da keur pasea, duana pada jarempe bari baraeud. Rek nepi pisan ka kebon, Jang Kardun jeung Nyi Emeh ninggali puluhan embe di tegalan. Bubuhan keur ambek, Jang Kardun jol ngomong. "Tah eta nu ditegalan adi-adi maneh, Emeh," omongna. "Enya, adi beuteung," jawab Nyi Emeh. (*)
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger