Home » » Kang Oni : Ngarawu Ku Siku

Kang Oni : Ngarawu Ku Siku

Written By Garut Express on Monday, March 7, 2011 | 6:00 AM



Ngarawu ku Siku

"HESE atuh nya Kang ari hayang ngarawu ku siku mah?" ceuk Kabayan muka obrolan.
"Enya, tangtu da siku mah lain dampal leungeun. Rek ngarawuna kumaha da siku mah euweuh ramoan!" emboh Lamsijan.

"Eta mah paribasa keur jalmna anu hayang sagala dipigawe ku sorangan. Jadi lain harti anu saenyana!" ceuk Kang Oni.
"Contona?" ceuk Lamsijan.

"Loba. Komo zaman kiwari mah. Lolobana jalma malah sok hayang ngarawu ku siku. Boh rahayat, kitu oge pajabat. Dina urusan pagawean, anggot urusan duit mah!" tembal Kang Oni.
"Leuheung urusan duit, kaharti matak hayang ku sorangan oge. Tapi eta palebah urusan gawe sagala hayang ku sorangan. Naha moal matak weureu kitu?" ceuk Kabayan.

"Sabenerna mah lain sual weureu jeung henteuna. Utamana keur urusan-urusan anu aya patalina jeung kapentingan rahayat, leuwih hade ulah ngarawu ku siku. Sabab, kiwari mah palayanan ka rahayat teh kudu diutamakeun. Kudu cepat tepat, jeung efektif efisien," terang Kang Oni.
"Tah, eta mah perecis anu dicaritakeun kamari ku uing ka ilaing," ceuk Kabayan ka Lamsijan.
"Eta naon?" potong Lamsijan.

"Enya, eta. Anu bieu diomongkeun ku Kang Oni!" ceuk Kabayan.
"Heueuh naon?" tanya Lamsijan deui.
"Eta, si efeiktif efisien tea," tembal Kabayan.
"Naon hartina eta teh?" Lamsijan nyedek.
"Lah, maenya ilaing teu nyaho nu kitu-kitu acan! Pirage ukur efektif efisien," ceuk Kabayan bari semu nu bingung.

"Heueuh! Naon hartina eta teh? Da uing mah teu ngarti," tandes Lamsijan.
"Matak kudu nyakola hirup teh. Teu nyaho nu kitu-kitu acan ilaing mah! Sok, Kang. Terangkeun gera ku Akang ka si Lamsijan. Teu kudu ku sayah atuh nerangkeun nu kitu-kitu wae mah!" parentah Kabayan ka Kang Oni, teu kireum-kireum.

"Emhhh, dasar si borokokok. Manahoreng pengeresa ge sami we gening belegug!" sindir Lamsijan.
"Kieu maksudna mah. Efektif efisien teh dina harti mampuh ngawulaan kabutuhan rahayat kalayan maksimal ku ngandelkeun sumber daya manusa nu aya, ambeh karasa mangfaatna keur karaharjaan urang sarerea," ceuk Kang Oni.
"Ari patalina jeung ngarawu ku siku?" tanya Kabayan.
"Enya, apan lamun hayang efisien mah mere palayanan ka rahayat teh mereun teu bisa ku sorangan!" tembal Kang Oni.

"Jadi?" ceuk Lamsijan.
"Jadi, sakebeh aparat pamarentah kudu babarengan paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngawulaan kabutuh rahayat," terang Kang Oni.
"Euleuh, kumaha atuh nya?" ceuk Lamsijan.
"Kumaha naon?" tanya Kabayan.

"Enya, apan ayeuna mah Kang Dicky geus amit mundur. Meureun Kang Aceng kapaksa kudu digawe sosoranganan. Palangsiang, boa-boa kabutuh rahayat bakal beuki kaluli-luli," ceuk Lamsijan.
"Memangna Kang Aceng sok milu ngetik data keur nyieun KTP?" tanya Kabayan.
"Henteu. Maenya Bupati ngetik KPT! Sok nu lain-lain wae ilaing mah!" tempas Lamsijan.
"Naha atuh ilaing jadi riweuh?" ceuk Kabayan.

Kang Oni ukur nyerengeh ngadangukeun Lamsijan jeung Kabayan padungdeng.
"Kieu yeuh. Ari Bupati mah urusanna dina kawijakan, lain teknis pagawean. Nyieun kawijakan mah kudu ku sorangan, da Wakil Bupati mah tugasna ukur mantuan. Lebah dieu mah lain ngarawu ku siku. Sabab, justru lamun aya dua kawijakan, antukna bingung ka nu migawe. Nu itu hayang A, nu ieu hayang B. Mun kitu, biasana tung-tungna duanana teu diparigawe, da bingung ku itu bingung ku ieu. Sabab, duanana sarua dunungan anu kudu ditumut. Antukna nu rugi mah angger we anu butuh kawijakan, nya eta urang sarerea," ceuk Kang Oni.

"Tapi, lamun aya dua ondangan dina waktu nu sarua kumaha? Apan moal bisa kacumponan duanana mun kitu mah. Atuh moal bisa adil keh!" Lamsijan protes.
"Ondangan naon tea ieu teh?" ceuk Kabayan.

"Enya apan biasana lamun aya karyaan di desa atawa kacamatan, urang teh sok hanyang we gening kaluuhan ku Bupati atawa Wakil Bupati. Ari pangagung milu ngaluuhan mah asa sugema, asa diperhatikeun urang teh," ceuk Lamsijan.

"Embung dibere bantuan mah nya?" tanya Kabayan.
"Aeh, apan puguh eta pisan maksud hayang kaluuhan teh," tembal Lamsijan.
"Jadi anu penting mah bantuanna we atuh, lain kadatanganna!" ceuk Kabayan deui.

"Numatak, urang teh ulah sok hayoh ngagugulung teuing seremonial. Antukna Pa Bupati teu bisa digawe, alatan hayoh kudu ngaluuhan acara-acara seremonial di ditu di dieu. Anu kudu diutamakeun ayeuna mah, kumaha carana kabutuh pangwangunan keur rahayat sagancangna bisa kacumponan!" ceuk Kang Oni.
"Sumuhun tah Kang, kumaha carana?" ceuk Lamsijan.
"Kudu ngarawu ku leungeun. Ulah ku siku!" tembal Kang Oni.
"Maksudna?" ceuk Kabayan.

"Kacuali kabijakan, kabeh urusan kudu dipigawe babarengan luyu jeung tugas oge fungsina sewang-sewangan. Siga lamun urang ngeupeul. Sakabeh ramo milu digawe, sabilulungan. Nu dikeupeul ge pageuh jeung henteu mancawura," terang Kang Oni.

Jentrena, ceuk Kang Oni, lamun unggal pagawean dilaksanakeun ku cara kitu. Hasilna baris kacekel pageuh kalayan moal mancawura ka mana-mendi.

"Ke, can kahartos Kang!" ceuk Kabayan.
"Madi heula atuh ka dituh. Da moal puguh ari ngobrol bari nundutan mah. Bisi jadi salah nangkep maksudna!" tempas Kang Oni.

Kabayan ukur nyerengeuh bari merekpek heuay.
"Paingan ti tadi asa aya nu bau tujuh mulud!" emboh Lamsijan bari nyeuleukeuteuk.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger