Home » , » Ngahiap

Ngahiap

Written By Garut Express on Saturday, March 16, 2013 | 8:04 PM


Ngahiap

Aya aspirasi ti nu ngarora, katempona mah. Dina ramatloka (jejaring sosial) geus cul-cel kahayang, réh sakeudeung deui di Garut bakal lumangsung alih kakawasaan. Éta aspirasi tandes mikahayang yén Garut kudu dipingpin ku jalma nu beresih tina campur tangan ‘rezim’ nu ti heula. Kudu enya-enya jalma anyar, lain bagian atawa rundayan tina ‘dinasti’ nu geus aya.

Alesanana kaharti, nu ngarora boga anggapan yén reéim nu ti heula téh kabuktian gagal. Boh nu jolna ti partéy boh ti non-partéy, boh nu jolna ti sipil boh nu ti militér, gagal mawa Garut kana karahayuan. Jauh tina karaharjaan nu diangen-angenkeun. Ku hal éta, ‘rezim’ nu kabuktian gagal kudu dipeunggaskeun, ulah sina ngawasa deui dina panggung pulitik.

Nu jadi pertanyaan, naha di luar ‘rezim’ nu ti heula aya nu bisa diandelkeun? Saenyana urang boga pangalaman alus waktu calon indepénden nyieun sajarah di Garut. Pasangan indepénden nu harita ngandidat jadi bupati, kapilih dina Pemilukada. Hartina, harita gé geus aya usaha rayat pikeun nyieun parobahan ku cara ngajungjung nu anyar, nu teu kabakutet ku partéy. Tapi kabuktian ngandelkeun calon indepénden singhoréng  teu cukup. Urang butuh jalma-jalma anu bedas jeung rucita (kréatif).

Hartina, mun enya ti nu alanyar aya nu boga pasipatan kitu, sakuduna dijungjung lungguh sina manggung. Tapi lamun teu aya, ulah wani-wani ngasongkeun nu can asak jeung teu boga wiwaha, lantaran rambat kamaléna bisa leuwih cilaka. Sabalikna, lamun ti ‘rezim’ anu ti heula aya nu boga pasipatan kitu, bedas jeung rucita, bari diwuwuh ku nembongkeun sipat kapamingpinan anu alus, nya naon salahna dirojong ku saréréa.
Loba kénéh saenyana kader partéy nu alus jeung boga wiwaha. Hanjakalna jalma-jalma anu kieu tampolana henteu meunang rojongan ti partéyna lantaran béntrokan kapentingan. Jalma nu ambisius, gélo ku kakawasaan, bari diwuwuh ku rajakaya nu bru di juru bro di panto, nya nu kitu biasana anu jadi ngaraja di partéyna. Sabalikna, jalma anu boga idéalisme, boga itegritas, tapi miskin jeung teu mampuh ngagolangkeun dana pulitik, ukur jadi wayang nu pangjuruna.

Ku hal éta, tugas urang – pon pilalagi nu ngarora – kudu bisa ngajurung parpol jadi séhat tur bisa ngamunculkeun calon nu enya-enya bisa jadi pamingpin hu hadé. Lebah dieu urang teu kudu jadi apolitik. Parpol kudu dijurung jadi mesin politik anu beresih tina polusi kakawasaan. Parpol dijurung kudu bisa milih jeung milah kaderna nu enya-enya boga karater nu kuat.

Atawa, urang ngajaring deui individu-individu anu bedas jeung boga integritas, nu boga sipat kapamingpinan nu unggul, pikeun dijagokeun keur mingpin Garut ka hareup nu leuwih raharja jeung walatra. Ieu usaha téh ulah dimimitian ku talajak-talajak anu teu uni, upamana ku cara ngajujurung jalma pikeun tujuan sangkan manéhna bisa males budi anu antukna jadi bibit-bibit korupsi. Urang iklas baé, urang tohtohan bari tanpa pamrih, ngan keur tujuan nyiptakeun Garut nu leuwih alus ti batan nu ayeuna.

Panyakit urang, dina milih jalma téh sok sakarepna. Dapon gapruk jeung gabrug, bari teu dibeuweung diutahkeun heula. Atawa kabongbroy ku cara-cara pilitik nu korup jeung acakadut. Kitu deui di tingkat masarakat, deukeut-deukeut kana apolitik téa. Teu panjang wangwangan, teu asak jeujeuhan. Antukna, pingpinan nu kapilih saaya-aya sarta teu boga sipat atawa karakter nu kuat. Nu puguh ukur némbongkeun kabokbrokan, atawa justru pikaseurieun.

Kuduna, dua Bupati nu ti heula jadi eunteung, nu némbongkeun kumaha urang geus gagabah dina milih pamingpin. Tur urang sorangan nu milihna, teu boga toléransi keur ngantep maranéhna tug nepi ka kaayaan urang jadi kawas ayeuna. Urang kiwari lila guyang dina situasi politik jeung kaayaan daérah nu matak pikawatireun. Saha nu teu matak geregeteun.

Tina Pilgub kamari, ku kabeneran aya sawatara urang Garut nu manggung, sanajan antukna kudu kasoran. Tina debat nu kungsi dilakonan, tina ‘trck record’ (jejak rekam) nu kungsi kanyahoan, jeung tina karakterna nu urang apal, asana pantes maranéhna dihiap-hiap sina mulang ka sarakan, sina ngabebenah lembur sorangan nu acak-acakan. Piraku euweuh raga katineungna, atawa piraku ngarasa géngsi ukur jadi Bupati.
Maranéhna ogé apan, lain bagian tina ‘rezim’ nu ayeuna nyampak di Garut.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger