Home » , » Siki Salak

Siki Salak

Written By Garut Express on Saturday, January 12, 2013 | 5:27 PM

Siki Salak

HIJI mangsa Kang Atim Keur anteng nguseup di wahangan. Ngan wae, ti wanci carangcang tihang nepi ka dur lohor, najan Kang Atim geus luut leet kesang, can aya keneh lauk nu daekeun nyanggut kana eupanna. Tara-tara ti sasari memang. Padahal biasana mah eupan meunang ngoplos Kang Atim mah clom giriwil. "Nyamos keneh, Kang?" ceuk Jang Ata. "Kadeuleuna!" tembal Kang Atim teugeug bari jamedud. "Salah eupan atuh Kang. Dina cai kiruh kieu mah atuh eupanna ulah ku cacing!" Jang Ata ngayakinkeun. "Kudu ku naon atuh?" Kang Atim panasaran. "Cobian ku siki salak ngora gera!" ceuk Jang Ata. "Na bakal nyanggut kitu?" Kang Atim asa teu percaya. "Nya... moal atuh! Cacak ku cacing ge teu dihakan. Komo ku salak ngora!" ceuk Jang Ata bari ngabecir. Kang Atim beuki medenghel. (Budhi JN)***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger