Home » , » Nu Nyandiwara

Nu Nyandiwara

Written By Garut Express on Wednesday, February 20, 2013 | 7:30 PM



Rambat Kamalé
Nu Nyandiwara

Bung-beng. Enya, calon gubernur. Tingsiruruk, tingkurusuk. Ka pasar-pasar, ka pilemburan. Nu sesendalan baé aya, nu bébécaan baé aya. Nu urang matak anéh, aya di antarana nu ngajangjian kahirupan sarwa gratis. Ku teu bosen-bosen ngajangjian. Padahal nu ti heula gé apan can puguh juntrungna.
Heueuh meureun kudu kitu ngolo rayat mah. Kudu sarwa amis. Soal engké naha bisa diwujudkeun, nya kumaha engké. Nu penting rayat kaolo heula, ngarah sora di Pemilukada teu matak kuciwa. Dina raraga ngolo téa, maranéhna rido bebelesekan di tempat nu boa saméméhna teu kapikir kudu disorang. Susugan bisa ngondang simpati.
Hanjakalna, cara kitu téh siga jadi trénd, nepi ka urang nu ngabandunganana ngarasa murel. Asa teu kréatif. Usum masang baligo, tingjaredig baligo sagedé-gedé alaihim dipasang di mamana. Usum kukurusukan, kabéh kukurusukan. Usum kartu, kabéh nawarkeun kartu. Usum baju kotak-kotak, réa nu nurutan kotak-kotak. Asa arang langka calon nu wani béda.
Tangtu urang teu kudu tigebrus kana pesimisme. Tapi urang ogé kudu kritis, ulah sapilih-pilihna.
Cara nu panggampangna pikeun milih nu panghadéna mah nyaéta ningali “track record” atawa jejak rekam. Ceuk Sunda mah meureun tapak lacak. Tina lima pasang calon nu kiwari  maju ngandidat dina pilgub Jawa Barat, sarta bakal dipilih ku urang engké dina tanggal 24 Fébruari 2013, piraku euweuh nu nyéngcélak pisan mah.
Nya di dieu urang perlu kritis téh, ku cara daék ngoréhan deui, nginget-nginget deui, atawa ngabalitungkeun deui naon nu dipigawé ku maranéhna dina waktu-waktu nu geus kalarung. Tur urang kudu bisa ngira-ngira, saha nu kira-kirana bedas jeung mampuh pikeun ngurus daérah. Cara kieu téh bisa ditalungtik maké téknologi nu kiwari aya. Upamana ngaliwatan internét.
Sakaterang, kiwari balatak pisan data dina internét anu bisa ngajelaskeun saha maranéhna téh. Boh alusna boh goréngna. Boh ucapna boh tindakanana. Kumaha lalakonna baheula, jalan mana nu ditempuhna. Atawa, maké cara kumaha manéhna  bisa jadi calon. Kari ngoréhan jeung macaan. Nya di dinya urang bisa nyaliksik jeung ngabanding-banding.
Anu kudu urang telik téh deuih, ieu téh urusan pulitik. Ari pulitik henteu salilana ngahadirkeun anu alus, tapi ngahadirkeun anu leuwih gedé kawasana. Loba saenyana jalma-jalma anu alus gawéna, henteu kawadahan ku partéy pulitik lantaran kaganjel ku nu leuwih gedé kawasa. Upamana, urang Apal Walikota Banjar alus gawéna, sarta anjeunna ogé kader partéy. Tapi partéyna henteu ngahadirkeun anjeunna dina panggung pilgub, lantaran bisa jadi sacara pulitik Walikota Banjar henteu jadi prioritas para élit partéy.
Ku hal éta urang nu jadi konstituén alusna mah sadar pulitik. Henteu kabéh anu ditawarkeun ku partéy téh nu aralus. Partéy ukur nyodorkeun kader nu gedé kawasana atawa gedé ambisi pulitikna, tur aya kalana ukur nu gedé modalna.  Di nagara urang kiwari geus loba buktina lamun partéy jadi sayang para oportunis jeung koruptor.
Undang-undang saenyana geus aspiratif ku cara ngawadahan calon indepénden. Calon nu taya pakuat-pakaitna jeung urusan partéy. Tapi hanjakalna nepi ka kiwari calon-calon indepénden lir calon-calon hiburan. Teu kungsi dilirik minangka kakuatan altérnatif, da calon-salonna ogé siga wawayagon, lain ti jalma anu geus katémbong tapak lacakna. Turug-turug aya conto, calon independén nu kungsi kapilih ogé sakitu buktina.
Ku hal éta, cara milih urang jadi penting. Nyaéta milih ku cara kritis jeung asak jeujeuhan. Ari sabab, bisa jadi ayeuna téh keur loba nu nyandiwara. Loba aktor jeung aktris nu maranggung, nu hurung-hérang dibaju jeung disorot lampu, anu can tangtu saluyu jeung karakter aslina. Nu nyandiwara téa, sora laun dibedas-bedas, réngkak paripolah dialus-alus, dapon nu lalajo resep jeung sugema ku lalakon nu dipanggungkeun.
Di satukangeun éta, urang kudu apal, saha saenyana maranéhna!

Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger