"Kang, di Bumi Neng Ayeuna Teu Sasaha"
Written By Garut Express on Thursday, January 31, 2013 | 6:35 PM
"Kang, di Bumi Neng Ayeuna Teu Sasaha"
Di Garut Express aya wartawan bujangan keneh. Sebut we Beben. Kabogohna urang Wanaraja. Hiji poe manehna ditelepon ku doina.
"Kang Beben, di bumi Neng ayeuna sepi, teu aya sasaha," ceuk kabogohna.
Lakadalah, gerentes Beben.
"Naha nuju ka marana Neng?" tanya Beben api-api.
"Nuju ka Barandung"
"Aruihna iraha?" tanya Beben deui.
"Pageto," jawab Neng.
Ngarasa aya kasempetan, Beben geuwat nutup hpna. Geus kitu langsung ngadius ka imah Neng.
Enya we imah Neng sepi. Malah hordengna ge narutup.
Beben geuwat ngontak Neng. "Neng, Kang Beben kedah jalan mana?"
"Jalan mana ku maha?"
"Muhun ieu Kang Beben tos aya di payuneun bumi Neng," ceuk Beben.
"Bade ka saha Kang Beben ka bumi? Pan teu aya sasaha, abdi ge ngiring ka Bandung," ceuk Neng. (Budi)***
Labels:
Cerita Lucu,
Terbaru
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
Karunya si Beben,,,hanas ti buburanyat...hahaha
ReplyDelete