Home » » Kang Oni : Big Screen

Kang Oni : Big Screen

Written By Garut Express on Thursday, April 7, 2011 | 6:06 AM



Big Screen

"MENI geus haget euy. Rek ka mana?" tanya Lamsijan.
"Persiapan we atuh. Apan engke peuting rek tafakur di masigit," tembal Kabayan.
"Aeh, maruk gening. Geus cageur ayeuna mah, make jeung tafakur sagala. Tara-tara ti sasari euy," Lamsijan ngeled.

"Apan jalma mah lain setan. Sanajan hirup uing can bener, tapi hayang we sakali-kalima nyobaan sumerah ka Nu Kagungan," ceuk Kabayan anteb.
"Deuh,... ngeunah ngadenge na ge ayeuna mah. Geus manjing tah keur jadi pasapon di masigit mah. Sabenerna mah uing ge hayang euy milu tafakur teh. Ngan hanjakal Jang Didin ngajak ka dayeuh," ceuk Lamsijan deui.

"Rek naon cenah?" Kabayan malik nanya.
"Malem taun baruan di dayeuh. Ari di kota mah sok rame malem taun baru teh. Loba lalajoaneun cenah," terang Lamsijan.

"Teu lebar kitu?" tanya Kabayan.
"Lebar ku naon?" Lamsijan heran.
"Eta, pedah we ilaing ngadon rek ngahambur-hambur waktu keur pagawean nu mubah. Wal asri tea euy ceuk ustad Jenal mah," ceuk Kabayan deui.
"Lah, ilaing mah sok nyingsieunan wae. Keun we atuh sakali-kali mah uing teh menikmati kaendahan dunya," tempas Lamsijan.

"Enya jig we, da uing ge moal ngahalang-halang. Amaluna amalukum we," potong Kabayan.
"Jam sabaraha rek indit?" tanya Kabayan deui.
"Ngajakna mah bada asar, da make motor mah ngancang. Bisa cungcat-cingcet mun panggih jeung macet," tembal Lamsijan.

"Mangkade we euy, ari kakara nyobaan malem taun baruan di dayeuh mah kudu bari ngagelom batu," ceuk Kabayan serius.

"Ah,... sok aya-aya wae ilaing mah. Naon hubunganna?" Lamsijan motong omongan.
"Eh,... ari teu percaya mah tuh tanyakeun ka Kang Oni meungpeung ka dieu," omong Kabayan bari nyerengeh waktu ninggali Kang Oni nyampeurkeun.
"Aeh, damang Kang?" tanya Lamsijan bari nyolongkrongkeung leungeuna ngajak sasalaman.
"Alhamdulillah Jan, sawangsulna," ceuk Kang Oni.
"Sami-sami Kang, Alhamdulillah," tembal Lamsijan.

"Naha gening can persiapan ilaing mah. Moal milu jeung Kabayan kitu?" tanya Kang Oni.
"Nyeta Kang, kabitana mah kacida. Ngan hanjakal Jang Didin ngajak ka dayeuh," Lamsijan nyieun alesan.
"Duh, lebar temen nya Yan," ceuk Kang Oni ka Kabayan.
"Keun we ah Kang. Amaluna amalukum we. Da enggeus ari dielingan mah," ceuk Kabayan bari ngareret ka Lamsijan.

"Panasaran atuh da Kang. Uing teh hayang lalajo big krim," ceuk Lamsijan.
"Big krim. Maksudna naon big krim teh? Asa kakara ngadenge euy," ceuk Kang Oni panasaran.
"Eta gening ayeuna mah lamun lalajo mengbal di luareun stadion sok dipasang big krim keur panongton nu teu bisa asup," terang Lamsijan stil yakin.

"Oooh,... big screen meureun nu kitu mah. Layar lebar mun ceuk istilah urang mah," tempas Kang Oni bari nahan piseurieun.

"Tah, eta maksud uing mah Kang," Lamsijan buru-buru ngaenyakeun.
"Emhh, sugan teh panasaran hayang ninggali widadari euy ilaing teh," tempas Kabayan.
"Keukeuh, uing mah panasaran euy. Sabab ceuk Jang Didin mah dina layar teh sakapeung sok aya gambar urang disorot, cenah," ceuk Lamsijan deui.
"Nujadi kapanasaran?" tandes Kang Oni.

"Enya, hayang ninggali jiga kumaha dedeg pangadeg uing dina layar, mantes teu. Pan lamun keur disorot pas katenjoeun ku produser mah, susuganan we langsung diajak maen sinetron," terang Lamsijan.
"Emhh, kitu nya. Heueuh atuh, sakalian itung-itung latihan," ceuk Kang Oni deui.
"Latihan naon, Kang?" Kabayan ngembohan.
"Latihan nengetan kalakuan urang sewang-sewangan anu pasti bakal karandapan di aherat," tembal Kang Oni.

"Naha di aherat oge bakal aya big screen kitu?" ceuk Lamsijan.
"Kira-kira samodel kitu. Keur ngagambarkeun lalampahan urang ti miniti lahir nepi ka dirurub di liang kubur," terang Kang Oni.

"Euleuh, kutan! Kumaha atuh nya?" ceuk Kabayan deui.
"Kumaha naon? Naha ilaing pernah nyumputkeun bako nu Abah? Meni nepi ka sepa kitu," tanya Kang Oni bari nyerengeh.

"Is,...lain. Uing mah minantu pang solehna. Ieu mah mangkarunyakeun ka dulur urang nu ieu yeuh!" ceuk Kabayan bari nunjuk Lamsijan ku sikuna.
"Naha make mangkarunyakeun ka uing sagala. Memangna uing teh tukang ceceremed!" Lamsijan rada nyureng.

"Ih, lain kitu lur. Kieu yeuh maksud teh. Apan engke mah di aherat, meureun ditembongkeun oge lalampahan urang dina malem taun baru 2012. Tah, pas teng jam duawelas peuting teh, uing mah jeung Kang Oni katara keur tafakur di masigit. Ari ilaing mah meureun disorot digedekeun teh keur aweuh-aweuhan di kota bari niupan torompet," Kabayan meni adigung.
Lamsijan kawas bueuk meunang mabuk. Teu lemek, teu nyarek. Ngan beungeutna katara kawas nu bingung ku itu, bingung ku ieu.

"Mangkaning, engke di aherat mah moal aya anu kaliwat sadetik oge ngeunaan lalampahan urang salila di dunya teh. Rek nu hade atawa nu goreng, digambarkeun kabeh. Bujeng-bujeng lampah anu kasaksian ku jalma nu lian. Dalah ukur niat alus atawa goreng anu nyangkaruk dina hate urang oge, anu salila ieu mah teu bisa kanyahoan ku batur, bakal ditembrakkeun," beber Kang Oni.
"Kumaha cara nembrakkeunna Kang? Apan ari gerentes hate mah hanteu bisa kakobok ku batur," Kabayan rada bingung. 

"Memang, ari ayeuna mah di dunya, gerentes hate jalma anu sabenerna ukur bisa kanyahoan ku dirina, malaikat anu nyatetkeun amal hade atawa goreng, sareng Alloh Nu Maha Agung. Batur mah moal aya nu apaleun. Tapi ari engke mah di aherat, tangtu bakal ditembrakkeun ka sakabeh jalma anu aya patalina jeung paniatan urang," ceuk Kang Oni.

"Tapi, enya kumaha carana, Kang?" giliran Lamsijan nu panasaran.
"Urang mah teu kudu hayang nyaho carana. Teknologi maha canggih keur ngagambarkeun nu kararitu mah, anging Alloh nu tiasaeun. Moal kapikireun ku mahluk mah. Aggot ku jalma samodel urang anu teu bodo-bodo acan mah," tembal Kang Oni.
"Kumaha atuh?" ceuk Kabayan.

"Tarimakeun we ku kaimanan. Nu penting, ayeuna mah urang kudu pada-pada ngusahakeun satekah polah sangkan lalampahan urang salila di dunya panceg dina aturan Alloh SWT. Tangtu engke gambaran lalakon urang di aherat ge bakal alus. Atuh dina aya anu gorengna oge da memang urang mah lain malaikat, cukup we sauted. Mun bisa mah ukur katembong sagede tai rametuk,"beber Kang Oni.
"Atuh engke mah, paniatan pangagung anu ayeuna teu bisa dijiret ku hukum dunya ge bakal kanyahoan nya?" ceuk Lamsijan.

"Nya heueuh atuh euy! Kitu oge ahli-ahli demo anu salila ieu sok ngatasnamakeun rahayat, engke mah bakal kanyahoan paniatan aslina," Kabayan ngengklokan.

"Leuh, tada teuing keur pagawe demo bayaran anu disaur ku Pa Kapolres tea nya. Mangkaning babasaan jeung kalakuanna oge meni saromeah. Gening lamun keur demo teh, bahasa kancing coplok ge milu bararijil. Terus ngadurukan ban ngahalangan jalan. Ngendeuk-ngeundeuk pager kantor pamarentah nepi ka ruksak. Pikumahaeun tah engke di aherat diganjarna ku malaikat. Sabab sarua gening sok ngajurualan ngaran rahayat," ceuk Lamsijan.

"Heueuh, numatak jug gera indit. Tuh Jang Didin geus nyampeur," potong Kabayan.
"Duh, hapunten Kang teu cios ka daeyuh teh. Itu Mang Ewokna tos dicandak uih," Jang Didin sasadu ka Lamsijan.

"Har, na kumaha kitu ieu teh dongengna?" ceuk Kabayan.
"Sumuhun Kang, tadina mah abdi teh ngajak Kang Lamsijan ka dayeuh. Maksad ngemitan pun paman dirawat di rumah sakit. Namung nembe Mang Ewokna gening tos di bumi deui, da saur dokter tos tiasa rawat jalan saurna. Janten, punten nya Kang, teu cios ka dayeuhna," terang Jang Didin bari terus ngabiur deui numpak motor sanggeus amitan ka Lamsijan. Lamsijan ukur unggeuk.
"Terus, ari sual big screen tea kumaha?" tanya Kabayan ka Lamsijan.
"Engke,... di aherat eta mah!" tembal Lamsijan bari keom.
Kabayan langsung nyakakak. Kang Oni mah ukur seuri koneng.***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger