Home »
Seputar Garut
» Kang Oni : Hari Bapa
Kang Oni : Hari Bapa
Written By Garut Express on Wednesday, March 30, 2011 | 6:04 AM
Hari Bapa
"TEU adil nya euy!" ceuk Lamsijan.
"Naon tea kasep? Soal ulis?" Kabayan malik nanya bari ngagerean liang ceulina ku tungtung bulu hayam.
"Lain euy. Soal urang ieu mah. Para lalaki sa jagat," ceuk Lamsijan deui.
"Kunaon kitu?" Kabayan panasaran.
"Enya, apan urang teh pingpinan di kulawarga. Naha ari anu diagung-agung bet awewe deui awewe deui!" tembal Lamsijan.
"Maksud loch?" Kabayan bari nyengir, nurutan bahasa barudak ngora.
"Heueuh, gening kamari nu dipieling teh bet Hari Ibu. Asa can aya Hari Bapa mah!" terang Lamsijan.
"Kahayang ilaing kumaha kitu?" tanya Kabayan deui.
"Enya, atuh sakali-kali mah aya mieling Hari Bapa. Pan urang salaku lalaki kudu diaku eksistensina," ceuk Lamsijan.
"Euleuh..., meni legeg. Jeung make eksistensi sagala! Naon hartina eta teh?" potong Kabayan.
"Teuing atuh. Tanyakeun we ka Kang Oni, da uing mah ukur nurutan nyebutkeun eta teh," tembal Lamsijan bari kekelemesan.
"Sugan teh...," ceuk Kabayan.
"Sugan teh naon?" Lamsijan nyureng.
"Enya, sugan teh geus jadi jelema," tembal Kabayan asal.
"Memangna ari uing teh naon?" Lamsijan beuki nyureng.
"Monyet meureun ari lain jelema mah," ceuk Kabayan deui.
"Borokokok siah!" Lamsijan nyeuneu bari meureupkeun leungeun katuhuna. Henteu ari wanieun bek mah neunggeul Kabayan. Bati kekerot we bari nyepengan peureup ku leungeun kencana.
"Angger ieu mah ari keur bobogohan teh sok terus silih tonggongan," ceuk Kang Oni bari nyampeurkeun nu keur ngawangkong.
"Geuleuh Kang, Si Borokokok mah sok nyieun pucuk ti girang wae," ceuk Lamsijan bari jamedud.
"Kunaon deui atuh ieu teh hayoh we getreng?" tanya Kang Oni.
"Ieu Kang, maksud uing mah hayang meunang pencerahan elmu. Eh, Si Borokokok mah ngajawabna teh kamana mendi we," Lamsijan sewot.
"Lamun ku uing hanyang dijawab bener, sok atuh hargaan. Lain ieu mah, ari jawaban ti uing hanyang bener, tapi uing dianggap tai kotok," Kabayan bela diri.
"Tai kotok kumaha?" Kang Oni panasaran.
"Enya, tadi gening ceuk Si Lamsijan majar geuleuh ka uing. Apan ari geuleuh mah biasana oge kana tai kotok atawa tai ucing!" ceuk Kabayan kalm.
"Ha...ha...hah! Geus ah, sual naon Jan anu hayang apal teh?" ceuk Kang Oni ka Lamsijan, bari seuri ngadenge jawaban Kabayan kitu teh.
Derekdek Lamsijan nyaritakeun deui kapanasaranna anu diomongkeun ka Kabayan.
"Oh..., kitu. Sugan teh naon we," ceuk Kang Oni bari nyerengeh. Sanggeus ngarenghap sakedapan, Kang Oni beruskeun omonganna.
"Enya, memang, bapa mah ti baheula ge teu disebut-sebut. Contona wae dina ngaran, indung mah teu weleh disebut-sebut. Misalna dina awak, kecap indung mah aya. Indung suku atawa indung leungeun. Euweuh bapa suku atawa bapa leungeun. Kitu oge di nulain, saperti ibu kota, ibu pertiwi. Euweuh pan bapa kota atawa bapa pertiwi mah," ceuk Kang Oni.
"Jeung asa teu ngeunah we Kang nyebutkeun na oge. Bapa suku, bapa leungeun, bapa kota, bapa pertiwi," emboh Kabayan bari seuri.
"Kieu yeuh sabenerna mah. Kecap indung teu weleh dipake teh ngandung harti anu jero. Maksudna, sangkan urang teu weleh inget tur mikanyaah ka nu jadi indung. Sabab, jasa indung ka anak kalintang gedena. Teu bisa diukur ku angka, teu bisa dibayar ku kakayaan sanajan lobana sadunya," ceuk Kang Oni panjang lebar.
"Tuh, kupingkeun Yi sing saregep," ceuk Kabayan ka Lamsijan. Lamsijan ukur kadelik.
"Ti awal mula, awewe (indung) memang geus ditempatkeun ku Alloh SWT dina posisi anu leuwih mulya. Dipentingkeun, atawa dibutuhkeun ku lalaki. Apan Siti Hawa didamel ku Gusti Alloh teh, alatan Nabi Adam As hayang aya numaturan di Surga. Jadi Nabi Adam anu ngabutuhkeun Siti Hawa. Numatak geus sakuduna lamun Adam (lalaki) ngahargaan atawa malah mupusti ka Hawa (awewe). Sabab, hakekatna Adam anu butuh ku Hawa," beber Kang Oni.
Kaselang kunyeungeut roko, Kang Oni neruskeun omonganna. Ceuk Kang Oni, ajaran Islam malah nempatkeun posisi indung dua harkat leuwih luhur batan bapa. Waktos ditaros ku salah saurang sohabat, saha anu kudu dipihormat sanggeus Gusti Alloh jeung Rosul-Na, Kangjeng Rosul ngawaler, "Umi, umi, umi (indung), sanggeus eta kakarak Abi (bapa)."
"Leres pisan Kang, kitu saur Ceng Zenal ge," Kabayan ngembohan.
"Tapi apan lalaki mah kapala kulawarga. Jadi kuduna leuwih utama meureun," ceuk Lamsijan.
"Tangtu. Numatak, engke di aherat, lalaki (bapa) pisan anu bakal ditungtut tanggung jawab leuwih ti heula ngenaan kulawargana. Sabab, awewe (indung) mah kumaha salakina. Rek dibawa kana liang cocopet ge kudu nurut ka salaki," tandes Kang Oni.
"Harrrr...., gening ari palebah tanggung jawab mah, urang anu pengheulana ditalek teh nya," Lamsijan kawas nu protes.
"Ari kahayang ilaing kumaha?" ceuk Kabayan.
"Numatak uing hayang aya Hari Bapa. Anggot ari di aherat bakal ditalek pangheulana bari jeung can karuhan lolos verivikasi. Atuh wajar lamun didunya aya nungahargaan," ceuk Lamsijan.
"Bisa..., ngan aya saratna!" tembal Kabayan.
"Naon?" tanya Lamsijan.
"Ilaing kudu daek bubureuyeungan salapan bulan. Nyusuan budak dua taun satengah. Sare hayoh kaganggu da kudu ngombehan atawa nungguan budak lamun keur gering. Nyeuseuh, nyangu, ngistrika...," Kabayan teu kebat.
"Heup....heup....heup! Meni loba-loba teuing sarat teh! Uing moal sanggup atuh mun kitu mah!" protes Lamsijan.
"Heueuh numatak oge deuleu!" ceuk Kabayan bari nyakakak. Kang Oni ukur nyerengeh. Lamsijan angger jamedud.
"Geus tong jamedud wae. Iyeuh, ari kekeuh-keukeuh teuing mah, heug isukan urang ngayakeun Hari Bapa. Asal ulah geruh ka batur. Ieu mah rusiah urang tiluan we," ceuk Kabayan beuki nyakakak.
"Dasar Si Borokokok!" Lamsijan beuki jamedud.***
Labels:
Seputar Garut
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment