Kang Oni : Widadari
Written By Garut Express on Saturday, April 16, 2011 | 6:08 AM
Widadari
"UING mah asa araringgis ieu teh euy! Sabab, ayeuna mah beuki bruh-breh kajadian kawas kieu teh gening!" ceuk Kang Oni.
"Kajadian naon, Kang?" tanya Kabayan.
"Enya, urusah hukum di nagara urang!" tembal Kang Oni.
"Aya naon deui kitu Kang?" Lamsijan mauran.
"Naha ilaing teu nyaksian dina tv atawa maca koran?" ceuk Kang Oni.
"Apan loba acara tv teh atuh Kang! Ari Barca mah uing ge lalajo. Pan Jang Messi anu ngagolkeunna oge, meni sadua-dua," potong Kabayan.
"Lain. Soal sendal capit ieu mah," ceuk Kang Oni.
"Naha Akang meni sieun ku sendal capit?" Lamsijan panasaran.
"Ihhhh, lain sieun ku sendal capit uing mah. Nu dipkika inggis teh, kaadilan hukum di nagara urang leungit!" tandes Kang Oni.
"Na kumaha kitu?" Lamsijan beuki panasaran.
"Heueuh, apan Jang AAL teh najan enya ahirna diponis ku hakim dibalikkeun ka kolotna sangkan dibina, tapi tungtutan hukum anu dilakonan meni kacida teu adilna," beber Kang Oni.
"Ohhhh, marukan teh kitu!" ceuk Kabayan.
Derekdek Kang Oni nyaritakeun kasus hukum anu tumiba ka budak sakola, AAL. Manehna didakwa maling sendal capit bogana Briptu Ahmad Rusdi Harahap, anggota Brimob Polda Sulteng. Lian ti tungtutan jaksa asa kamalinaan, sabab disaruakeun jeung ka pajabat anu korupsi miliaran perak. Bukti sendal anu diasongkon di pangadilan beda jeung anu diakukeun ku Briptu Ahmad Rusdi Harahap.
Balukarna, rahayat protes. Keur nembongkeun rasa empati ka AAL, rahayat ti sababaraha kota gede ngumpulkeun sendal capit anu lobana nepika 1.200 pasang. Malah, sendal nu sakitu lobana teh geus dibikeun ka Kapolri. Keur ngagentian sendal Briptu Ahmad, cenah.
"Asa kasus Prita Mulyasari jeung RS Omni deui ieu mah. Harita oge pan sarua, rahayat marilu aub ngumpulkeun duit receh samiliar. Atawa kasus Ceu Minah urang Dusun Sidoharjo, Desa Darmakradenan, Kacamatan Ajibarang, Kabupaten Banyumas, anu dituduh maling buah coklat (kakao) tea," ceuk Kang Oni.
Aya deui kasus sarupa lianna anu tumiba ka Kuanto jeung Topan, urang Desa Kalisabuk, Kacamatan Kesugihan, Cilacap, Jawa Tengah. Cenah mah, duanana kacerek keur maling cau di kebon milik salah saurang warga Kalisabuk. Kuanto anu ceuk dulur-dulurna rada teu ajeg pipikiranna alias ideot, diancam kurungan panjara salila salapan taun. Antukna, lanceuk Kuanto, Teguh Sumarno, ngirim surat ka Presiden SBY menta kaadilan hukum sabab adina teh kurang pikir.
"Leuh, asa kamalinaan gening ari kitu mah. Cik atuh nya, ari geus kanyahoan jalma teu walagri pipikiranna mah teu kudu disogrogkeun ka meja hejo sagala," ceuk Lamsijan.
"Heueuh. Ari ka jalma leutik mah asa gampil ngahukuman teh. Beda jeung ka nu jegud. Sanajan geus bruh-breh buktina ge, kawas nu hese we nyerekna teh," emboh Kabayan.
"Numatak uing ngarasa inggis," tandes Kang Oni.
"Maksud Akang?" tanya Lamsijan.
"Nu dipikahariwang teh, lamun rahayat geus ambek alatan ngarasa hukum teu ajeg, bisa-bisa malah nyarieun aturan hukum sewang-sewangan! Bisa kacow atuh dunya teh," ceuk Kang Oni.
"Kudu kumaha atuh Kang?" Kabayan motong.
"Euweuh deui carana, hukum kudu ditanjeurkeun saajeg-ajegna. Hukum kudu dijadikeun panglima dina kahirupan urang sarerea. Dina prak-prakanna hukum kudu bisa mere mangfaat jeung kagunaan keur masarakat, sangkan ngawujud kahirupan anu tata tengtrem kerta raharja," tembal Kang Oni.
"Ku saha diajegkeunna Kang? Apan urang mah lain pulisi, lain jaksa, kitu oge hakim," ceuk Lamsijan.
"Ku urang sarerea, bangsa Indonesia. Rahayat, pajabat, komo anu jadi pangajeg hukum mah," ceuk Kang Oni.
"Ari urang salaku rahayat kudu kumaha?" Kabayan panasaran.
"Kudu taat kana aturan hukum. Sabab, hukum teh lain ukur hukum pidana jeung perdata. Apan aya oge hukum sosial atawa hukum adat, oge hukum agama," beber Kang Oni.
"Ohhh, enya nya!" ceuk Kabayan.
"Sabenerna lamun urang papada taat kana hukum agama we, hirup teh bakal betah, genah tumaninah," ceuk Kang Oni deui.
"Jentrena Kang?" Kabayan ngembohan.
"Nu sederhana we," ceuk Kang Oni
Derekdek Kang Oni ngadongeng. Kieu cenah : Urang apan sarua pernah ngadangu hikayat ti pa ustad, iwal hiji jalma soleh anu mulung buah apel ti walungan terus didahar ku manehna. Kulantaran sieun ku bebendu Alloh, eta jalma soleh teh ahirna nyukcruk-nyukcruk susukan neneangan saha nu ngabogaan tangkal apel. Da manehna yakin yen apel anu palid ka walungan teh aya nu bogana.
Singket carita, jalma soleh amprok jeung nu boga tangkal apel. Terus manehna sasadu da geus ngadahar apel tanpa idin ti nu boga. Nu boga tangkal apel rek ngahampura ka jalma soleh asal sanggup nyumponan saratna. Kahiji kudu daek digawekeun macul di sawah salila tilu taun tanpa diburuhan. Kadua, kudu daek dikawinkeun ka budakna anu torek, lolong, jeung pego.
Alatan leuwih sieun ku hukum jeung bebendu Alloh engke di aherat, jalma soleh narima kadua sarat anu diomongkeun ku nu boga tangkal apel. Ceuk fikirna, ari ukur macul tilu taun teu diburuhan mah cetek. Unggal poe ge lamun aya tatangga nu nitah gawe, manehna mah tara pernah ngarep buruh ti manusa. Sagala anu dipigawena diniatan ku ihlas lillahita'ala. Kawin jeung nu torek, pego, jeung lolong moal jadi siksaan. Sabab manehna leuwih sieun panto sawargana teu bisa dibuka alatan teu dihampura ku nu boga tangkal apel.
"Lamun ditengetan tina kasalahan, memang teu sapira. Ukur ngadahar buah apel pamulung. Pihargaeunna oge moal sabaraha. Tapi jalma soleh ihlas narima 'hukuman' nu sakitu beuratna. Sabab manehna taat kana hukum Alloh. Ngan, justru ku alatan kitu, hirupna jadi untung. Manahoreng gening anu disebut budak torek, lolong, jeung pego teh buktina mah geulis campernik lir ibarat widadari ti sawarga. Disebut torek, maksudna ceulina salilana tara dipake ngadengekeun kagorengan batur. Panonna tara pernah dipake melong anu lain pelongeunnana, jeung biwirna tara pernah dipake ngecapkeun kalimah-kalimah nu teu mangfaat ," ceuk Kang Oni.
"Memangna Akang pernah amprok jeung widadari ti sawarga kitu?" Kabayan panasaran.
"Lain kitu. Ieu mah keur ngibaratkeun kageulisan anu taya bandinganna. Tah, pan ari ku taat kana hukum Alloh mah, jalma soleh teh hirupna jadi bagja. Sabab, sawah anu dipacul dibikeun ka manehna, kitu oge budak nu boga tangkal apel jadi pamajikan anu salehah," Kang Oni ngajentrekeun.
"Alah asa ku kabeneran. Sip lah. Sugan we!..." ceuk Lamsijan bari teu talangke, berebet menehna lumpat teu nolih kanu duaan.
"Harrr..., rek kamana ilaing teh euy?" ceuk Kabayan.
"Ka Kang Tata! Kamari uing ngala buah hareupeun imahna can bebeja. Sugan we!" ceuk Lamsijan ngajorowok.
"Euleuh, si kasebelan. Hanyang meunang widadari meureun nya. Nepi ka teu malire ka babaturan," sindir Kabayan.
Kang Oni ukur nyerengeh.
"Sakedap nya Kang. Abdi ge bade ka Abah heula. Kamari bakona dicewol ku abdi. Bisi jadi matak," ceuk Kabayan deui bari semu nu era.
Kang Oni ukur unggeuk.***
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment