Home » » Kang Oni : Pituduh

Kang Oni : Pituduh

Written By Garut Express on Friday, February 11, 2011 | 5:47 AM



Pituduh

"KEUR bingung ieu teh euy!" ceuk Lamsijan, bari gek diuk luhureun bale-bele gigireun Kabayan.
"Da ilaing mah memang teu weleh bingung atuh, Jan. Buktina unggal panggih jeung kuring anu diomongkeun teh ukur kabingung jeung kabingung we," tempas Kabayan.

"Eh... lain kitu Yan. Ayeuna mah kuring teh bener-bener keur bingung. Apan ceuk ilaing parobahan teh kudu dimimitian ti diri urang heula. Tah, ayeuna uing geus sadar. Kahirupan kuring hayang robah. Ngan wae...," Lamsijan teu kebat.

"Heueuh ngan wae naon?" Kabayan motong omongan.
"Enya, ngan wae kudu kumaha ngamimitianna? Sabab ari lamunan mah, kuring teh hanyang bisa kawas batur. Boga usaha sorangan. Imah ngajengleng, pamajikan geulis, duit kari ngarawuan. Alah, segerrrr meureun euy!"

"Sok we atuh teruskeun ngalamun sing tarik. Sugan we ilaing terus gelo!" ceuk Kabayan bari nyikikik.
"Tah, ente mah sok kitu wae ka uing teh euy. Ilaing mah, ari nitah, uing teh kudu robah. Tapi lamun uing jadi jalma sukses ilaing meni jiga nu ijid!" Lamsijan semu keuheul.

"Lain kitu Jan. Memang beber, kejarlah cita-citamu walau setinggi langit. Ngan wae ceuk urang Inggris mah, lamunan urang ge kudu realistis. Ari gawe ukur buburuh macul mah atuh, cukup we cita-cita teh asal bisa dahar sapoe dua kali. Tong ditambahan make hayang boga imah ngajengleng sagala!"
"Heueuh numatak, puguh gues bosen gawe ukur buburuh macul teh. Jadi uing kudu kumaha?" sedek Lamsijan.

"Nya kudu robah pagawean atuh!" tempas Kabayan.
"Enya kudu digawe naon?" ceuk Lamsijan.
"Eleh..., naha bet nanyakeun ka uing!"

"Ah, ngadon lieur ngomong jeung ilaing mah euy!" Lamsijan beuki keuheul.
"Ih, puguh uing nu lieur ku kalakuan ente. Naha bet jadi nganggap ka uing Gusti Alloh!"
"Maksud ilaing!"

"Pertanyaan ente teh salah sasaran euy! Eta mah pertarosan kanggo ka Gusti Alloh. Numatak uing tangtu moal bisa ngajawab pertanyaan ilaing nu tadi. Ilaing mah teu beda jeung anu rek marilih pangagung unggal usum pilkada. Gening sok naranyanakeun saha pangagung anu kudu dipilih teh ngadon ka tim suksesna, lain ka Gusti Alloh. Atuh puguh we anu diagul-agulkeun teh tangtu ukur calon jagoannana. Matak hasilna oge umumna mararencog tina harepan!" Kabayan noroweco.

"Jadi, kudu kumaha atuh unina pertanyaan uing teh?" Lamsijan panasaran.
"Kedah kieu yeuh ari ka uing mah naros teh: 'Pangeresa Mama Kabayan, kedah ka saha sim kuring tumaros upami hoyong kagungan padamelan anu mernah kalayan tumaninah?'"

"Enya, sok we atuh ganti ku nu bieu petanyaanna, ambeh tereh lah!" Lamsijan teu sabar.
"Tah, terus ku uing dijawab. Ka Gusti Alloh!"

"Memangna Gusti Alloh bakal keresaeun ngawaler pertanyaan uing?"
"Ari ilaing na sorangan teu yakin Alloh Maha Welas tur Maha Asih mah, nya moal atuh. Tapi lamun urang hakkul yakin. Insya Alloh euy! Ngan carana beda tumaros ka Alloh mah," ceuk Kabayan.
"Tah... tah... Calana? Eh.... carana?" ceuk Lamsijan bari nyerengeh sorangan.

"Numatak sing getol indit ka pangajian atuh. Hirup teh ulah ukur dibeakkeun keur lalajo sinetron wae. Saur Pa Ustad, lamun urang mundut pituduh ti Gusti Alloh, carana ku ngalakukeun solat hajat atawa solat istiharoh. Beres solat terus ente ngado'a bari neneda anu dipikahayang ku urang tea. Sing depe-depe we ngado'a ka Alloh mah. Teu kudu jojorowokan kawas anu keur demo. Da Alloh mah moal sieuneun diimpecment ku sasaha."

"Naon impecment teh?" tanya Lamsijan.
"Diterangkeun ge da moal ngarti ente mah. Sabab eta mah istilah bahasa tingkat tinggi. Bahasa keur nu palalinter wungkul," ceuk Kabayan.

"Naha, memangna ari uing,,,," Lamsijan protes.
"Bodo! Gening hayoh tatanya wae ka uing," tembal Kabayan.
"Ah, gening wartawan oge nu sok hayoh tatanya teu disebut jalma bodo," Lamsijan embung eleh.
"Eta mah tatanya teh da memang geus pagaweanna wartawan. Tapi pan ilaing mah lain wartawan!"
"Enya lah, uing mah rumasa jalma bodo! Terus engke teh waleran Alloh ka uing kawas kumaha?" Lamsijan gendok.

"Bisa ngaliwatan ngimpi, kereteg hate, atawa bisa oge ku cara nyogrogkeun urang kana jalan pimajueun anu teu disangka-sangka ku urang. Anu pasti, waleran Alloh mah moal lepat," ceuk Kabayan nurutan Pa Ustad.
"Terus, lamun geus meunang jawaban ihwal pagawean nu pasti. Calana, eh cara ngamimitianna kudu kumaha?" tanya Lamsijan.

"Calana deui calana deui. Ari enggeus mah modolna dicalana deui we atuh kusorangan. Maenya kudu dipangnyalanaankeun ku uing mah. Ih, teu sudi!" tembal Kabayan sangeunahna.
"Hampura, kacaletot wae euy! Jadi carana kumaha atuh? dongsok Lamsijan.

"Engke we urang teruskeun minggu hareup calana, eh carana mah! Tunduh. Teu kuat hanyang sare yeuh, peuting geus bagadang lalajo sinetron," ceuk Kabayan bari terus ngagoledag. Teu malire deui kana omongan Lamsijan.

"Ihhhhh.... dasar Si Borokokok!"***
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Garut Express - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger