Kang Oni : Niat
Written By Garut Express on Friday, February 11, 2011 | 5:51 AM
Niat
"ALHAMDULILLAH, Yan. Enya gening, beber pisan omongan ente teh!" rebun-rebun Lamsijan geus muka obrolan. Kabayan mah karek hudang, lulungu keneh.
"Naon nu bener teh?" ceuk Kabayan bari nguliat.
"Eta, pituduh tea!" tempas Lamsijan meni daria.
"Oh,..., terus?"
"Enya bener, memang kudu robah pagawean lamun kahirupan kuring ka hareup hayang leuwih maju mah. Ngan anu ka impikeun teh, naha bet hayoh we kuring ngagorolong-gorolong ban motor. Moal kitu Alloh miwarang kuring jadi tukang tambal ban?" gerendeng Lamsijan.
"Insya Alloh pituduhna mah geus bener. Ngan wae eta ilaing boga pikiran yen Alloh miwarang ilaing jadi tukang tambal ban, ti mana urusanna?" ceuk Kabayan bari terus noroweco dibarung ku kerep heuay.
Ceuk Kabayan, ban teh nyilibkeun yen kahirupan urang teu beda jeung roda anu teu weleh muter. Ayeuna di handap, isuk geto aya di tengah, minggu hareup aya di luhur. Hiji waktu balik deui ka handap, ka tengah, ka luhur deui. Parobahan posisi kahirupan teh ditangtukeun ku urang sorangan. Apan saur Pa Ustadz oge : "Alloh moal ngarobah nasib hiji kaum, sahingga kaum eta sorangan anu ngarobahna." isuk keneh Kabayan geus da'wah.
"Ngan wae, ceuk rarasaan mah, harti impian teh lain Alloh nitah ilaing kudu jadi tukang tambal ban!"
"Naon atuh?" Lamsijan kerung.
"Kudu robah pagawean," tempas Kabayan, kalm.
"Apan tadi ceuk uing ge kitu! Kumaha ilaing teh...," Lamsijan gondok.
"Aeh, enya nya! Ari ilaing ngarasa yakin yen Alloh masihan pituduh kudu jadi tukang tambal ban?" Kabayan malik nanya.
"Lamun negetan parobahan kahirupan di lembur urang mah, asa pas pisan pituduh teh. Sabab, beuki dieu anu baroga motor teh gening beuki rabeng. Ampir unggal imah. Sedengkeun di lembur urang mah apan can aya tukang tambal ban," Lamsijan yakin.
"Enya ari kitu na mah. Malah kamari, waktu ban motor Mang Agah bitu, kapaksa kudu nungtun heula ka jalan gede," Kabayan ngengklokkan.
"Enya kitu tah," Lamsijan beuki sumanget.
"Tapi ketang euy. Sakanyaho uing, salila bulan ieu mah motor anu banna bitu teh ngan ukur nu Mang Agah," ceuk Kabayan bari ngahuleng bangun aya nu keur diinget-inget.
"Ari mio anu Neng Guru Tina, gening kamari ditutungtun!" potong Lamsijan.
"Lain eta mah. Bengsinna beak. Sarua jeung motor Nyi Rina pamajikan Jang Ayat," tandes Kabayan. "Asa maenya Alloh miwarang nambal ban ukur sabulan sakali mah," omong Kabayan deui.
"Enya deuih nya," Lamsijan semu bingun.
"Ke...ke...ke. Kawasna aya nu salah ieu mah euy," ceuk Kabayan bari kerung.
"Salah naon?" ceuk Lamsijan.
"Ari harita, waktu rek mundut pituduh ka Alloh, niat ilaing naon? Kabayan kadon balik nanya.
"Angger we nu harita we niatna mah. Hayang boga gawe nu mernah, pamajikan geulis campernik, imah gedong sigrong, duit kari ngarawuan ...!"
"Oh..., paingan atuh ari kitu mah," potong Kabayan.
"Paingan kumaha? Na salah kitu? Apan ceuk ilaing, uing kudu neneda naon anu dipikahayang ku urang!" Lamsijan beuki bingung.
"Enya, paingan we atuh da niatna nu lain-lain. Jadi we teu eces pituduhna. Coba lamun harita diniatan ku ilaing anging seja ibadah ka Alloh. Da Anjeunna ge tos uningaeun sagala rupaning anu dipikahayang ku ilaing," ceuk Kabayan.
Numatak, ceuk Kabayan deui, mangkade lamun urang rek migawe naon wae niatna ulah salah. Niatan we anging keur ibadah ka Alloh. Sabab, niat teh kacida pentingna. Eta teh, cenah, luyu jeung pidawuh Iman An Nawai. Kieu unina teh: "Niat adalah ukuran dalam menilai benarnya suatu perbuatan. Oleh karenanya, ketika niatnya benar, maka perbuatan itu benar, dan jika niatnya buruk, maka perbuatan itu buruk."
"Malah, numutkeun filusuf Islam, Jalaludin Rummi, niat teh leuwih alus batan pagaweanna," ceuk Kabayan.
Harita, emboh Kabayan, waktu Pa Ustadz Endang Suryana mere pembinaan ka para guru di salola, anjeunna kungsi negeskeun. Yen niat pisan anu bakal numbuhkeun pikiran urang teh. Tah, urang kudu ati-ati jeung pikiran urang, sabab pikiran anu baris nangtukeun ucapan urang. Ati-ati jeung ucapan urang, sabab ucapan anu baris nangtukeun kalakuan urang. Ati-ati jeung kalakuan urang, sabab kalakuan anu nangtukeun kapribadian urang. Ati-ati jeung kapribadian urang, sabab kapribadian anu bakal nangtukeun nasib urang sorangan.
"Jadi???" ceuk Lamsijan.
"Wayahna we, balikan deui mundut pituduhna. Niatan sing bener. Jug ka dituh. Uing mah tunduh keneh. Rek ngarengkol deui." Goledak Kabayan sare.
"????!!!!" Lamsijan.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment